Landeuh jeung Tonggoh


Lamun keur aya di tempat anu lamping, pasti aya dua tempat anu béda reujeung anu keur dicicingan. Tempat anu leuwih luhur tibatan anu keur dicicingan jeung aya tempat anu leuwih handap. Pikeun nepi ka tempat anu leuwih luhur, jalanna téh nanjak. Sedengkeun ka tempat anu leuwih handap, jalanna téh mudun. Aya sesebutan pikeun tempat anu leuwih luhur jeung leuwih handap tibatan anu keur dicicingan. Tempat anu leuwih luhur, biasa disebut tonggoh. Sedengkeun anu leuwih handap disebutna landeuh.

Patempatan anu teu rata

Istilah tonggoh nuduhkeun tempat anu leuwih luhur tibatan anu keur dicicingan. Leuwih luhur mah biasana pikeun nepi ka tempat éta téh jalanna nanjak. Ngan dina kanyataanana mah henteu salalawasna nanjak terus. Najan aya jalan anu mudunan ogé (jalanna nanjak mudun), asal tempatna leuwih luhur mah disebut tonggoh.

Kitu deui reujeung tempat anu disebut landeuh, sesebutan pikeun tempat anu ayana leuwih handap tibatan anu keur dicicingan. Najan dina kanyataanana bisa waé jalanna téh nanjak heula terus mudun, asal tempatna leuwih handap tibatan tempat anu keur dicicingan disebutna landeuh.

Beungbeurat anu Tumiba Pasti Bisa Katanggeuy


Gusti Alloh moal méré beungbeurat ka hiji jalma kajaba jalma éta bisa naggungna.

Kitu kurang leuwih unina Pidawuh Gusti Alloh dina Quran surah Al-Baqoroh ayat 286. Hal ieu nuduhkeun ngeunaan kahirupan jalma di dunya ieu. Dina ngalakonan kahirupanana, unggal jalma dibéré jalan jeung lalampahan séwang-séwangan. Jalan kahirupan anu hampang anu beurat, anu datar, anu mudun katut anu nanjak. Hampang jeung beurat pasti bakal kaalaman ku unggal jalma, sakumaha jalan anu hampang. Najan beurat, sakumaha beuratna, pasti bisa dilakonan, sakumaha hampangna jalan kahirupan.

Jalan anu nanjak

Dina kahirupan, anu ngaranna beurat kadang matak seunggah ngalakonana. Jalan anu nanjak netek, matak mugagkeun lampah, naha bisa ditaékan atawa moal, naha bisa disorang atawa moal. Kasieun jeung kahariwang mangrupakeun perkara biasa dina nyanghareupan sagala rupa dina kahirupan. Ngan kasieun jeung kahariwang, ulah nepikeun mugagkeun lampah pikeun nyorang anu anu keur disanghareupan. Lamun keur nyanghareupan jalan anu nanjak, nya kudu disanghareupan sakumaha nyanghareupan jalan anu datar jeung mudun.

Jalan kahirupan anu beurat atawa nanjak, arék sakumaha beurat atawa nanjakna, éta mangrupakeun bagéan tina jalan kahirupan anu panjang. Dina nyorang beungbeurat kahirupan diperlukeun kayakinan ngeunaan pangabisa atawa kamampuh pikeun nyorang atawa ngungkulan beungbeurat kahirupan. Kayakinan ngeunaan bakal bisana ngungkulan éta beungbeurat katut kayakinan satutasna anu beurat pasti bakal aya anu hampang (satutasna jalan anu nanjak pasti aya jalan anu datar atawa mudun).

Hiji cekelan anu utama, Alloh moal méré beungbeurat di luar kamampuhan éta jalma.

(Gambar meunang nginjeum ti http://youre.files.wordpress.com/2011/06/500x333_grandfather-girl-future.jpg)

Gugulusuran


Gugulusuran. Asal kecapna tina gusur (bener kitu?), terus diasupan rarangken tengah ul, jadi wae gulusur(?)

Naha leres kitu aya rarangken tengah -ul-? Da anu kapendak di sakola mah rarangken tengah teh mung ukur aya -ar-, -al-, sareng -um-. Janten, ieu kecap gulusur teh naha leres mangrupakeun kecap anu ditambihan ku rarangkeun tengah -ul-? Atanapi gulusur teh asal kecapna mah ditambihan ku rarangken tengan -al-, janten kecap galusur. Kusabab aya parobihan kecap jadi gulusur?

Tapi tiasa oge kecap gulusur teh mangrupakeun kecap mandiri anu teuaya atawa teu ngagaduhan asal kecap. Jadi kecap gulusur teh sanes kecap gusur anu ditambihan ku rarangken tengah -ul-. Da pami ditengetan mah, aya bentenna antawis gusur sareng gulusur. gusur mah biasana nandakeun dihaja, sedengkeun gulusur mah biasana nandakeun anu teu dihaja.

Eta mah nyanggakeun wae….

Gulusur teh biasana mah dipigawe di tempat anu mudun atawa lamping. Gugulusuran teh nyaeta barudak anu hareureuy di tempat anu lamping atawa mudun. Salian ti mudun teh, tempatna oge biasana mah rada leueur atawa sahenteuna nya rata henteu garinjul atawa darekok. Da lamun henteu rata mah biasana matak nyeri kana bujur, atwa matak soek kana calana/anderok.

Ari maen gugulusuran teh biasana mah bari diuk di tempat anu pangluhurna dina lamping atawa mudun tea. Sanggeus kitu, ngagulusur ka handap. Ngagulusurna bisa make tilam atawa henteu (ngan ukur ditilaman ku calana atawa anderok anu dipake wungkul).

Gugulusuran Make Upih

Salian di tempat anu mudun atawa lamping, gugulusuran teh bisa dipigawe oge di tempat anu datar atawa nanjak. Ngan ieu mah rada beda. Gugulusuran ieu mah biasana make tilam, ditambah oge osok aya budak anu narik eta tilam. Jadi dina gugulusuran ieu mah aya budak anu tumpak dina tilam aya oge anu jadi tukang narikna.

Tilam anu osok dipake mah biasana teh upih atawa lakop tina dahan tangkal jambe. Dahan jambe anu geus kolot osok murag. Dahan jambe anu murah ieu diarah lakop katut dahanna. Ari daunna mah dipiceunan, diraradan tina dahan jambe tea. Upih atawa lakop dahan jambe ieu dijeun amparan atawa tilam budak anu jadi panumpangna, sedengkeun dahanna dijieun paranti narik atawa ngagusur upih tea. Tah gugulusuran nu ieu mah bisa di tempat anu kumaha wae, teu kudu wae di tempat anu mudun atawa lamping.

Dina hiji upih teh bisa didiukan ku sababaraha budak, gumantung kana gedena upih reujeung kuatna budak anu ngagusur. Dina tampolana maen gugulusuran ieu, osok aya babalapan. Osok pagancang-gancang. Saha anu panggancangna eta anu meunangna.

Jadi dina maen gugulusuran ieu mah bisa dipake alat pikeun lomba. Salian ti eta oge, mangpaat anu katimu tina ieu kaulinan teh nyaeta kumaha ngamangpaatkeun barang-barang anu aya di sabudeureun atawa di sakurilingeun pikeun arulin.

Salian ti upih anu bisa dipake amparan pikeun gugulusuran, bisa oge make kai atawa karung goni. Tapi ieu mah biasana dipake eukeur ngalelemah nyieun tempat atawa ngaratakeun tempat anu bakal diwangun wangunan atawa imah. Gugulusuran ieu mah sakalian digawe mindah-mindahkeun taneuh ti tempat anu jangkung ka tempat anu handap. Da di lembur mah anu ngiluan digawe teh lain ngan ukur kolot wungkul, tapi budak oge osok ilubiung.

Rorodaan: Rorodaan Gilindingna Tilu


Rorodaan teh mangrupakeun kaulinan barudak anu make gilinding. Roda teh mun dina basa Sunda mah gilinding. Tapi sanajan kitu leuwih dipikawanoh ku ngaran rorodaan tibatan gigilindingan. Rorodaan ampir sarua jeung momobilan, ngan anu ngabedakeunana teh ditempo tina jumlah gilindingna. Gilinding rorodaan mah biasana kurang ti opat, bisa tilu, bisa dua bisa oge hiji. Sedengkeun momobilan mah biasana gilindingna opat atawa leuwih. Dina wangunanana oge biasana mah aya anu ngabedakeunana. Wangunana momobilan mah biasana nyarupaan kana wangunan mobil nyaan. Sedengkeun rorodaan mah biasana henteu aya wangunana anu ngawengkuna. Rorodaan bisa dijieun kalawan wangunan anu bebas.

Sumber foto: http://www.facebook.com/note.php?note_id=170986280858#!/photo.php?pid=2860371&op=1&view=all&subj=170986280858&aid=-1&auser=0&oid=170986280858&id=39459917948

Rorodaan aya sababaraha rupa. Rorodaan aya anu osok ditumpakan ku barudak, aya oge rorodaan anu ngan saukur didodorong make tali atawa panyorong. Salian ti eta aya oge rorodaan anu osok dipake narikan wadah cai (jaliken atawa ember) ti tampian.

Rorodaan anu oso ditumpakan mah biasana gilindingna teh aya tilu, jiga bemo atawa sapedah gilindingna tilu. Dipajukeunana biasana di jalan anu mudun jeung rada rata henteu garinjul. Ari rorodaan ieu dijieunna tina kai papan atawa bahbir (kai panyesaan nyieun papan atawa tihang). Awakna diwangun ku wangunan kotak rada manjang ka hareup. Panjangna bebas, kumaha kahayang. Mun hayang bisa mawa leuwih ti saurang budak anu tumpakna, biasana mah rada dipanjangan. Wangunana sina kuat, dipakuan. Terus pikeun nyambungkeun kana setirna (dijieunna misah), biasana make leunjeuran tangkal kopi anu ukuranana kira-kira tilu ramo leungeun. Tapi teu aya patokan oge, da nu penting mah kuat pikeun nahan panumpang rorodaan. Di handapna diterapan gilinding dua siki, di kenca jeung katuhu. Gilindingna biasana dijieun tina papan atawa bahbir keneh anu dijieun supaya mangrupakeun gilinding (buleud). Dua gilinding ieu dihijikeun make as jiga as dina momobilan.

Sedengkeun setirna diwangun ku hiji gilinding jeung setir anu dijieun tina leunjeuran awi tali atawa awi nu sejenna. Minangka setangna dijieun tina dahan kai atawa tina awi keneh meunang ngaraut. Gilinding ieu diterapkeun kana awi minangka jangkana. Tengah-tengah awi tea dibolongan pikeun diasupkeun kana tangkal kopi anu aya dina wangunan awak rorodaan tea.

Saterusna mah setir jeung awak rorodaan teh dihijikeun. Palang tangkal kopi tea diasupkeun kana setir tina leunjeuran awi anu dibolongan tea.

Tinggal make di jalan anu mudun….

Aya sababaraha hal anu bisa dijadikeun elmu atawa pelajaran dina kaulinan ieu. Utamana wae ngeunaan:

  1. Kumaha cara nyieun rorodaan anu kuat. Nyieun rorodaan anu kuat kudu neangan bahan anu kuat. Papan anu kuat, palangna oge reujeung setirna oge dijieun tina bahan anu kuat.
  2. Mun ditengetan mah bisa dijieun bahan pelajaran elmu pasti anu diajarkeun ti sakola. Utamana wae elmu Fisika. Misalna wae elmu anu aya pakait jeung Gaya. Supaya rorodaa hayang lancar majuna, aya hal-hal anu bisa diterapkeun kana rorodaan. Nyieun gilindingna kudu buleud, entong penjol. Terus oge asna biasana teh osok diulasan ku minyak keletik supaya leueur. Terus oge biasana mah osok bisa dikira-kira nepi ka mana rorodaan teh majuna mun dina hiji jalan anu muduna sakitu. Supaya ulah ngeleuwihan bates, da teu salilana jalan anu dipake rorodaan teh panjang.
  3. Diajar motekar kumaha nyieun rorodaan anu alus. Da diantara barudak anu maen rorodaan teh osok tanding, pajauh-jauh majuna rorodaan atawa pakuat-kuat.