Pikeun Nu Motekar, Hahalang jadi Jalan Kapinunjulan


Perkara anu ngahalangan atawa jadi panghalang dina ngahontal kahayang, pikeun jalma anu motekar mah dijadikeun jalan pikeun ngaronjatkeun ajen-inajen dirina. Hahalang teh ditarekahan supaya bisa diungkulan, henteu diculjeunkeun.

Hal ieu kaalaman ku barudak sakola anu ngiluan kana KIR ASIC (Kelompok Ilmiah Remaja Al-Ma’soem Science Club) SMP Al-Ma’soem Cipacing Jatinangor. Dua urang barudak sakola eta SMP anu ngiluan KIR ASIC nyaeta Lubba Ailiati jeung Syauqiyyah Syahlaa nyieun alat pikeun praktek pangajaran Fisika. Alat ieu dijieun didadasaran ku kasusah dina diajar Fisika anu jejerna bias cahaya. Teori ngeunaan bias cahaya susah pikeun dicangkemna kusabab euweuh alat anu nembrakeun ngeunaan bias cahaya.

Alat pikeun ngukur bias cahaya anu dijieun teh kawilang basajan. Bahanna tina wadah kaca kalawan ukurana jangkungna 30 senti, panjangna 60 senti jeung panjang kagigirna (lebar) 20 senti. Wadah ieu diwangun sarimbagan reujeung akuarium. Di bagean sisi gigir belah luhurna diterapan busur 180 derajat kalawan dilapisan ku plat seng dijaruman pikeu tutunjuk. Dina dadasarn wadahna aya jidar tina beusi anu panjangna 50 senti dikeueumkeun.

Lubba Ailiati ti KIR ASIC meunangkeun medali perak
Lubba Ailiati ti KIR ASIC meunangkeun medali perak

Cai anu ngeusi wadah mangrupakeun campuran tina cai reujeung gula anu babandinganana hiji jeung satengah. Pikeun nyobana bisa ngagunakeun laser anu biasa dijual saharga lima rebuan. Cahaya laserna ditojokeun kana wadah terus diukur sabaraha gede mengkolna cahaya laser sanggeus ngaliwatan cai dina eta wadah. Saterusna, cahaya anu mengkol teh diitung ngagunakeun itungan rumus Fisika. Hasilna, teu jauh beda reujeung meunang ngukur anu ngagunakeun alat digital anu mahal.

Alat beubeunanganana dua urang barudak sakola SMP Al-Ma’soem ieu diilukeun kana kajawaraan ilmiah rumaja Asia-Pacific Conference of Young Scientists (APCYS) 2016 anu kalima dina ping 17 Juli mangkukna di University Gurgaon, New Delhi, India. Hasilna, alat anu dijejeran ku “Designing Liquid Refractive Index Measuring” ieu dileler salaku jawara kadua atawa medali perak.

(Warta meunang nyutat ti Tempo.co)

Kaulinan Barudak jeung Diajar Motékar


Motékar téh mangrupakeun pasipatan jalma anu ngabogaan akal pikiran. Akal pikiranana digunakeun pikeun ngajalankeun kahirupanana. Anu ngarana kahirupan teu leupas tina sagala masalah jeung dodoja katut gogoda anu bakal ngahalangan atawa kaalaman dina kahirupan. Motékar kacida loba gunana dina ngungkulan sagala masalah anu pastina éta masalah téh bakal rupa-rupa wujudna. Dina ngungkulan masalah, tangtuna ogé merlukeun pamikiran kumaha cara ngungkulanana. Dina lumakuna waktu, ti waktu ka waktu, osok aya parobahan dina nyanghareupan masalah kahirupan. Masalah anu sarua, lamun béda waktuna bisa waé merlukan cara ngungkulan anu béda ogé. Ku bédana cara ngungkulan éta, merlukeun pikiran anu alus, anu disebut motékar téa. Lamun maké cara anu hiji teu bisa waé ngungkulan hiji masalah, tangtuna ogé diperlukeun cara anu séjén. Tah, pikeun néangan cara anu séjén éta, diperlukeun pasipatan motékar.

Maen kelom batok (asal poto: internet)

Dina kahirupan barudak, hususna dina kaulinan barudak pasipatan motékar ieu téh diperlukeun pisan. Atawa bisa ogé pasipatan motékar ieu téh tumuwuh subur dina waktu milampah kaulinan barudak. Dina ngalaksanakeun kaulinan barudak, osok aya hal-hal anu teu sarua reujeung anu dirarancang sakumaha biasana. Dina prak-prakanana, osok aya waé panghalang, contona waé bahan anu kudu dicumponan dina ngalaksanakeun éta kaulinan téh euweuh atawa kurang. Anu séjénna misalna tempatna téh teu meunang waé atawa teu sarua reujeung kabiasaan. Dina nyanghareupan ieu kaayaan diperlukan pamikiran kumaha cara ngungkulanana. Ieu hal teh diperlukeun supaya kaulinan anu geus dirarancang téh bisa kalaksanakeun kalawan sakumaha biasana sanajan bahan atawa tempatna teu sarua.

Conto dina prak-prakanana:

  1. Gugulusuran maké upih (solékat dahan jambé), lamun upihna euweuh kudu ditarékahan supaya meunang gaganti upih. Bisa waé make urut karung.
  2. Maén sasaungan, lamun euweuh bahan anu diperlukeun, bisa néangan gaganti tina bahan anu séjénna.
  3. Jeung loba kénéh conto séjénna.

Momobilan, Kaulinan Barudak dina Nyieun Mobil


Momobilan, sakumaha ngaranna minangka kaheureuyan atawa kaulinan barudak anu wangunanana nurutan mobil beneran. Sanajan kitu, teu kabéh momobilan anu wangunanana nurutan mobil. Da aya ogé momobilan anu wangunanna henteu nurutan mobil. Kusabab éta, dina kanyataanna kadang bisa waé pahili antara momobilan jeung rorodaan. Da antara rorodaan jeung momobilan mah sarua maké gilinding. Anu bisa dijadikeun pangbébéda antara rorodaan jeung momobilan téh nyaéta jumlah gilindingna. Lamun momobilan mah gilindingna téh biasana opat siki, sedengkeun rorodaan mah jumlah gilindingna téh kurang ti opat.

Momobilan

Kaulinan momobilan ieu, lain ngan ukur ngaulinkeun momobilanana wungkul. Tapi, anu ngaranna kaulinan barudak mangrupakeun momobilan téh nyaéta ti mimiti nyieun wangunana momobilanana. Jadi, anu ngaranna kaulinan barudak momobilan di dieu mah nyaéta momobilan anu dijieun lain momobilan meunang meuli. Wangunan momobilan biasana dijieun tina kai panyésaan atawa tina dahan kawung. Kadang aya ogé momobilan anu dijieunna tina cangkang jeruk bali. Momobilan anu gampang dijieunna téh nyaéta mobil treuk. Da anu osok dipaké kaulinan mah nyaéta momobilan treuk.

Momobilan anu basajan pisan mah bisa dijieun tina cangkang jeruk bali. Atawa lamun hayang rada nyeni jeung wangunanana bisa sarua jeung mobil nyaan, bisa maké dahan kawung. Sedengkeun lamun hayang tohaga jeung alus, nyieun momobilanana bisa tina kai atawa bahbir.

Aya sababaraha mangpaat anu bisa diala atawa kapanggih dina ieu kaulinan, diantarana waé:

  1. Ngajarkeun budak supaya motékar. Dina kaulinan momobilan ieu, sakumaha disebutkeun di luhur, lain ngan ukur ngulinkeunana wungkul, tapi ogé kumaha carana nyieun éta momobilan. Budak sina diajar nyieun momobilan, ti mimiti anu basajan pisan (nyieun momobilan tina dahan kawung atawa cangkang jeruk bali), nepikeun ka momobilan anu alus (dijieun tina kai/bahbir).
  2. Silih ajarkeun pangabisa. Dina nyieun momobilan, teu kabéh barudak bisa nyieun éta momobilan. Dina nyieun éta momobilan, anu acan bisa, biasana mah nempokeun heula budak anu geus bisa. Jadi, budak anu acan bisa nurutan budak anu geus bisa.
  3. Ngamangpaatkeun rupa-rupa anu aya di sakurilingeunna. Dina nyieun momobilan, teu kudu waé maké hiji bahan. Bisa waé maké bahan anu séjénna anu bisa jadi gaganti tina bahan anu euweuh.

Baca oge:

  1. Momobilan tina Dahan Kawung