Naék Kapal Ngapung téh Siga Tumpak Mobil ka Lembur


Najan rada sieun naék kapal ngapung, ahirna mah ngalaman ogé naék kapal ngapung. Rada deg-degan waktu kapal ngapung mimiti maju. Mimitina alon, terus ngagancangan. Kapal anu tadina napak kana aspal téh mimiti nanjak siga nyorang tanjakan. Beuki lila beuki luhur, terus rada déngdék jeung méngkol. Pajaratan ngajauhan terus papaliwat reujeung reueuk bodas.

Sapanjang ngapung, teu karasa kawas ngapung. Rarasaan kawas tumpak mobil atawa beus. Malahan leuwih jauhna mah kawas tumpak mobil anu ka lemburkeun. Lamun tumpak mobil ka lembur, jalanna téh rupa-rupa, aya anu alus aya anu goréng. Nalika nyorang jalan anu alus, mobil téh apanan ngageleser. Dina nalika nyorang jalan anu goréng, mobil téh anjlug-ajlugan balas nyorang jalan anu garinjul ku batu.

Kapal ngapung eukeur ngapung

Tumpak kapal ogé geningan teu béda ti kitu. Henteu sapanjang jalan nyorang jalan anu alus. Di sababaraha tempat mah kapal téh nyorang ‘jalan’ anu goréng. Lamun jalanna (anginna…?) alus mah, kapal téh ngageuleuyeung, sedengkeun nalika jalan anu disorangna goréng mah kapal téh gugurudugan siga nyorang jalan anu garinjul.

Jadi tumpak kapal ngapung anu kaalaman téh siga tumpak mobil keur ka lemburkeun. Taya bédana….

Kudu Naék Kapal Ngapung…?


Kabeneran ayeuna mah pagawéan téh ayana di luar Pulo Jawa. Nya meureunan kudu nyaba heula pikeun saheulaanan mah. Najan kudu jauh ti lembur sorangan, tapi teu meunang jadi halangan pikeun mugagkeun lampah. Najan arék di mana waé anu ngaranna gawé mah kudu siap sadia. Nu penting mah jelas tugasna jeung nepi ka iraha. Cenah mah lilana téh kurang leuwihna genep bulaneun.

Ari tempatna? Tempatna téh cenah mah kudu meuntas ka Pulo Sumatera, perenahna di wewengkon Riau. Jauh ogé geningan…!

Naék naon atuh ka dituna? Ka dituna téh naék kapal ngapung!

Geningan…? Kumaha atuh…?

Kapal ngapung eukeur ngapung

Nya teu kukumaha. Da lamun badarat mah sigana iraha mah nepina. Teuing sabaraha poéeun lamun jalan darat mah. Sedengkeun ari naék kapal ngapung mah paling ogé sababaraha jameun. Ngan sakeudeung, moal nepikeun ka leuwih ti dua jam. Kitu cenah.

Apanan tacan pernah ngalaman naék kapal ngapung? Moal kukumaha kitu?

Moal kukumaha. Batur ogé anu osok naék kapal ngapung, henteu nanaon. Reujeung deui anu ngaranna cilaka mah teu kudu naék kapal ngapung wungkul. Dalah anu badarat ogé bisa waé cilaka. Pon kitu deui anu di laut, geus nepi kana cilakana mah bakal cilaka. Jadi najan remen kabéjakeun loba anu cilaka, ulah ngendagkeun patékadan. Asal niatna alus, ulah pugag di tengah jalan. Lakonan lamun éta dianggap alus.

Heueuh ogé nya. Najan remen kabéjakeun loba anu cilaka, éta mah geus kuduna waé cilaka. Lamun kuduna henteu cilaka mah moal cilaka. Najan loba anu nyebutkeun ngeunaan cilaka: cenah anu naék kapal ngapung, apanan murag; anu naék kapal laut tilelep; anu naék karéta tabrakan, anu naék mobil ogé sarua; anu naék motor ditabrak; ulah mugagkeun lampah. Da cilaka mah teu kudu tumiba ka jalma anu keur lumampah, najan jalma anu keur cicing ogé bisa waé kakeunaan ku cilaka. Jalma anu cicing diimah terus karagragan kapal ngapung, apanan bisa katumibaan cilaka.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Naheunan Treuk


Baralik sakola téh ngabring ka lembur mapay jalan gedé anu tacan diaspal. Jalanna loba anu linduh iuh ku tatangkalan anu jaradi di sisi jalan. Indit jeung baralik sakola téh laleumpang waé da euweuh angkutan anu biasa narik jalma anu indit-inditan. Da anu ngaranna motor mah jarang kénéh, bisa kénéh diitung anu mibogana. Paling anu bisa dipaké  narik jalma téh mobil treuk anu kabeneran ngulampreng arék narik suluh.

Lamun kaparengan eukeur baralik sakola papanggih reujeung mobil treuk anu satujuan, mobil téh osok pada megat ku barudak. Nya lamun supirna haat ngajak tumpak mah mobil téh osok eureun supaya barudak bisa naraék ka luhur mobil. Sanajan henteu dipegat ogé lamun supirna bageur mah osok ngajak tumpak. Ku kituna ogé barudak téh bisa galumbira ogé bisa tumpak mobil.

Mobil treuk narik jalma

Ngan aya kalana supir téh najan dipegat ogé, henteu daékeun ditumpakan ku barudak. Nya alesanana mah bisa rupa-rupa. Naha bisa kusabab mobil treukna beurat kusabab narik suluh atawa henteu satujuan reujeung tujuan barudak atawa ogé mobil treukna narik keusik. Lamun narik keusik mah supir téh biasana mah embungeun mawa barudak. kusasab osok matak sesek kana keusikna.

Ari pikeun barudak, lamun mobil treuk anu dipegat tapi henteu eureun téh osok matak jadi pikakeuheuleun. Osok pada ngararungakeun supaya éta mobil téh meunang cilaka atawa tiguling. Tapi biasana mah ngan saharitaeun, tara kateterusan.

Ngan aya hiji perkara anu bisa matak kapapanjangan. Lamun keuheulna kaleuleuwihi, barudak téh lain ngan ukur ngadarungakeun goréng tapi osok dibarung reujeung pagawéan anu matak nyilakakeun, pangpangna pikeun mobil treuk. Aya kajadian barudak téh osok nyieun paranti naheunan ban treuk maké paku supaya ban treukna bitu. Paku anu paranjang kira-kira sacuruk téh téh dipakukeun kana papan anu ipis. Pakuna aya sababaraha hiji manu ranggéténg. Lamun nojos téh matak raheut.

(Gambar meunang nginjeum ti http://media.vivanews.com/images/2009/09/25/76997_pemudik_naik_truk_di_jalan_kelok_44_maninjau__sumatera_barat.jpg)

Momobilan tina Dahan Kawung


Nyieun momobilan tina dahan kawung mah lumayan gampang. Modalna mah biasana ngan ukur péso anu seukeut atawa bedog leutik. Di lembur mah da anu ngaranna tangkal kawung téh loba, teu kudu jauh neangan. Di jarian atawa di sisi lembur ogé loba. Dahan kawung téh diteukteuk, teu kudu panjang teuing. Panjangna kira-kira sasiku ogé cukup pikeun nyieun hiji momobilan. Ari gedéna dahan kawung, gumantung kana kahayang nyieun momobilan anu sagedé kumaha. Atawa bisa ogé gumantung kana dahan kawung anu aya. Arék gedé atawa leutik teu jadi masalah. Ngan anu alus mah nya dahan kawungna anu gedé.

Dahan kawung meunang neukteuk téh, dipesék tina kulit anu teuasna. Sanggeus kitu, teukteuk bagi dua. Sapotong pikeun nyieun awak momobilanana, nyaéta mobil treuk. Sedengkeun anu sapotong deui mah pikeun nyieun gilindingna. Ukuran potonganana teu kudu sarua, da gilindingna mah teu kudu kandel-kandel teuing. Popotongan pikeun nyieun awak momobilan dijieun kotak saperti tihang atawa balok. Sanggeus kitu terus diropéa supaya ngawujud sarua jeung mobil treuk. Huluna, dirautan maké péso atawa bedog supaya mangrupa hulu mobil treuk. Saterusna bagéan tukangna, dijieun bak mobil treuk ku jalan disempog atawa diturih. Pikeun nutupan bagéan tukangna, sakumaha mobil treuk nyaan, osok maké tabeng. Sanggeus mangrupa awak mobil treuk, satuluyna mah kari nyieun gilindingna.

Gambar momobilan tina dahan kawung

Dahan kawung anu sapotong deui, dirautan deui supaya jad buleud. Ukuranana mah leuwih alusna téh dileutikan, supaya ukuran buleudna teu sagedé awak mobilna. Jadi dahan kawung pikeun nyieun gilindingna, kurang leuwih satengahna tina ukuran awak momobilan. Sanggeus ngawujud jadi buleud, terus diteukteukan kandelna kira-kira satengah sénti mah. Neukteukna jadi opat, sakumaha gilinding mobil. Saterusna, tinggal nyieun as-na. As gilinding bisa dijieun tina régang tatangkalan atawa tina awi meunang ngarautan.
Pikeun neundeun as dina awak momobilan, bagéan handapeun awak momobilan téh dicowak, anu gedéna cowak saukuran jeung as anu tadi. Pikeun pamageuh as dina cowak, bisa ditutupan ku panyésaan dahan kawung anu dipaseuk atawa dipaku maké paseuk meunang nyieun tina awi. Geus kitu mah ngajanggélék waé jadi momobilan tina dahan kawung. Anu panungtungan mah, tinggal ditalian dina hulu momobilan pikeun narik éta momobilan. Kitu ogé lamun dina ngulinkeunana ku cara ditarik atawa dikenyang maké tali. Lamun ngaulinkeunana ku jalan didodorong mah teu kudu ditalian.

Nempo Mobil Puso


“Cim, kamari manéh ka mana…?” si Omon nanya ka si Acim.

“Kamari?” Témbal si Acim bari ngahuleng. “Kamari mah kuring ngilu jeung kolot kuring ka kebon.”

“Pantesan atuh ari kitu mah.”

“Pantesan naon kitu?”

“Eta waé, manéh teu katempo nénjo mobil puso.”

“Mobil puso?”

“Heueuh.”

“Iraha kitu aya mobil puso…?” Si Acim mencrong ka si Omon.

“Apanan kamari….”

“Di mana…?” Si Acim beuki panasaran.

“Itu di embur kalér. Basa Bah Minta narik tangkal kawung.”

“Nu bener éta téh….” Si Acim masih kénéh teu percayaeun.

“Bener ieu mah. Piraku kudu ngabohong sagala. Arék naon kitu kuring ngabohong.” Ceuk si Omon ngajéntrékeun.

Si Acim teu némbalan. Manéhna ngahuleng. Paromananana siga anu hanjelu. Enya, sanajan dikukumaha ogé manéhna téh hanjelu, kaduhung. Naha atuh manéhna téh basa poé kamarina bet ngilu ka kebon reujeung indung bapana. Lamun seug manéhna teu ngilu ka kebon mah tangtuna manéhna moal tinggaleun ku babaturanana anu geus apal kana wangunan mobil puso. Babaturan manéhna mah tangtuna ogé jadi apal kana rupa mobil puso. Sedengkeun manéhna…?

Mobil Fuso (Sumber foto: http://www.ptbss.com/news/wp-content/uploads/2010/04/fuso-dalam.jpg)

Hanjeluna mah nataku, malahan mah aya rasa-rasa bet keuheul ka kolotna. Naha atuh bet ngajak ka kebon sagala? Naha…?

Bati handeueulna….

Pindah Cai Pindah Tampian


“Cim, pernah ka dayeuh teu?” si Omon nanya ka si Acim dina hiji wanci nincak kalangkang satangtung.

“Tacan kuring mah.” Témbal si Acim, “tapi dayeuh mana heula…?”

“Nya dayeuh mah atuh dayeuh Bandung….” si Omon siga anu agul.

“Acan ka dayeuh éta mah.” Témbal si Acim. “Naha kumaha kitu?”

“Mani ramé téh…,” si Omon siga anu ngabibita ka si Acim. “Loba pisan mobil, gedong sigrong jeung jalma téh mani pasedek-sedek.”

“Kitu nya…?”

Dayeuh Bandung (sumber foto: http://www.freewebs.com/bandung1/bandung-above.jpg)

“Nya heu-euh atuh. Da manéh mah acan ka ditu jadi waé moal apal.”

“Nya engké ogé kuring arék ka dayeuh Bandung lah. Gampang éta mah.” Si Acim siga anu rada heneg, keuheul.

Nempo sikep si Acim kitu téh, si Omon ukur nyenghél.

“Ulah kitu ah,” pokna. “Da kuring mah ngan ukur heureuy. Tong diasupkeun kana jero haté.”

Si Acim teu némbalan.

“Ngan aya hiji hal anu goréng. Kacida bédana reujeung kaayaan di urang,” ceuk si Omon deui rada humandeuar.

“Naon tah?” Si Acim nanya bangun anu panasaran.

“Enya di kota mah mani kacida béda pisan.” Ceuk si Omon, “kacida héséna lamun hayang loma atawa wawuh pisan jeung tatangga téh.”

“Maksudna teu akur jeung tatangga? Kitu?” Si Acim melong.

“Lain kitu. Lain ieu mah.” Ceuk si Omon. “Ieu mah lamun hayang deukeut jeung tatangga téh mani asa hésé. Jadi jeung tatangga téh kadang tara kenal.”

“Kitu nya?”

“Heueuh. Éta ogé euceuk lanceuk kuring.”

“Nya meureun atuh ari euceuk lanceuk manéh mah.”

“Ih lain kitu. Apanan lanceuk kuring téh geus dua taun leuwih ngontrakna téh. Tapi teu apal jeung tatanggana.”

“Éta mah, lanceuk manéhna waé anu embung ngawawuhan meureunan?” Si Acim rada nyegir.

“His! Lain atuh.” Si Omon ngagebés. “Da lanceuk kuring mah lain embung ngawawuhan. Ngan tatanggana waé susah diwawuhanana.”

“Naha? Apanan anu ngaranna tatangga mah, imahna téh deukeut lain? Tinggal nganjang waé atuh.”

“Ari manéh, osok ngababarikeun kitu. Da puguh kawas di urang. Imah di dayeuh mah, dikurilingan ku pager tina beusi jeung témbok. Jadi susah lamun arék nganjang téh. Komo deui lamun tatanggana eukeur areuweuh mah. Pagerna ogé dikoncian. Acan deui balik digawéna téh burit pisan.”

“Kitu nya…?”