Merdika, Naha Bener Indonésia téh geus Merdika?


17 Agustus mangrupakeun poéan anu kacida pentingna pikeun urang Indonésia mah. Dina poéan éta, taun 1945 nagara Indonésia téh cenah mah ngajanggélék jadi nagara anu nyata, anu merdika. Merdika dina harti leupas tina pangjajah deungeun, pangjajah nagara Jepang jeung Walanda. Ti harita, sanggeus proklamasi kamerdikaan, urang Indonésia nganggap nagara Indonésia téh geus merdika.
Tapi masih aya kénéh anu ngaganjel, naha bener bangsa Indonésia téh geus merdika? Geus leupas tina pangjajah, hususna pangjajah bangsa deungeun?

Dina danget ayeuna, teu saeutik anu ngabogaan pananya samodél kitu. Masih kénéh bingung atawa bingbang, naha bener Indonésia téh geus merdika?

Lamun ditilik mah, bener ogé Indonésia téh geus leupas tina pangjajah dina harti pangjajah anu katempo jirim jeung ngajanggélék ngajajahna. Bangsa deungeun henteu datang langsung ka nagara Indonesia pikeun ngajajah, ngagunasika jeung ngakaya bangsa Indonésia. Bangsa deungeun henteu ngabogaan kakawasaan sacara langsung di Indonésia.

Proklamasi kamerdikaan Indonésia

Tapi naon atuh anu disebut kamerdikaan anu bener-bener merdika téh?

Aya anu nyebutkeun yén anu ngaranna merdika téh nyaéta lamun bangsa Indonésia geus bisa nangtukeun kahayang reujeung bisa ngahontal éta kahayangna kalawan euweuh anu maksa atawa ngahalangan ku bangsa séjén. Naon anu dipikahayangna euweuh anu bisa ngahalangan pikeun dibuktikeun. Sagala anu dipilampahna henteu dipaksa ku bangsa séjén atawa diparéntah ku bangsa séjén.

Naha ayeuna bangsa Indonésia saperti kitu?

17 Agustus, Poéan Anu Ahéng?


Baheula mah anu ngaranna tanggal 17 Agustus téh katelah poéan anu ahéng atawa karamat. Kabéh jalma dina poéan éta téh kudu miluan atawa husu nujukeun pikiran jeung léngkah pikeun mapag éta poé, poéan merdékana nagara Indonésia. Dina éta poé téh kabéh jalma kudu ngareuah-reuah, minangka miéling kamerdékaan nagara. Lamun bisa mah apanan ngiluan miéling kamerdékaan ku jalan ngiluan upacara bandéra di désa atawa kacamatan. Lamun henteu bisa ngiluan upacara, nya datang ka tempat upacara téa pikeun ngiluan ngareuah-reuah, miluan ngaramékeun pawéy pembangunan. Lamun henteu bisa kénéh, nya cicing di imah ulah ka mamana.

Dina sakalieun ngalakukeun perkara anu taya pakuat-pakaitna jeung mieling kamerdékaan téh, osok aya istilah kakeunaan ku apes atawa matak cilaka. Pernah dina hiji waktu mah, aya urang lembur anu dina poéan mieling kamerdékaan téa henteu miluan ngareuah-reuah. Dina waktu batur daratang ka kacamatan, ari éta jalma kalahka indit ka leuweung pikeun ngala jéngkol. Dina waktu ngala jéngkol, éta jalma téh kalahka meunang cilaka, ragrag tina tangkal jéngkol. Ari parna mah henteu, ngan angger waé anu ngaranna cilaka mah. Tambah deui jadi mangaruhan jalma séjén, jeung mangaruhan kayakinan urang lembur. Sanggeus aya kajadian kitu mah, urang lembur téh ati-ati dina poéan miéling kamerdékaan téh. Lamun henteu datang ka kacamatan atawa désa téh, nya mending milih cicing waé di imah.

Bendera Negara Indonesia (sumber foto: internet)

Ku nyérélékna waktu jeung robahna jaman, kaayeunakeun mah, éta perkara téh henteu dipaké atawa kapaké deui. Poéan 17 Agustus téh teu pati dipiroséa. Komo lamun aya pakaitna jeung néangan pakaya dunya mah. Sanajan dina poéan 17 Agustus téh sawaréh jalma téh ngahajakeun daratang ka kacamatan pikeun upacara atawa pawéy, sésana (lolobana) mah nya ngalakukeun pakasabanana séwang-séwangan. Anu tatanén, nya datang ka kebon atawa sawahna séwang-séwangan. Anu perlu jukut atawa suluh, nya néangan kaperluanana séwang-séwangan.

Naha geus teu metu deui kitu ahéngna poéan 17 Agustus téh? Atawa gara-gara geus ganti pamingpin?