Itung-itungan nu Teu Tangtu


Di sakola mah, anu ngaranna itung-itungan téh pasti miboga hasil anu geus pasti. Dina palajaran Matématika, diajarkeun itung-itungan, ti mimiti itung-itungan anu basajan nepikeun ka itung-itungan anu hésé béléké. Hasil itung-itungan téh, komo anu basajan mah geus pasti sakitu hasilna. Barudak anu dialajar teu bisa kukumaha deui, kutu turut kana hasil tina itung-itungan Matématika. Lamun hiji dikali hiji pasti hasilna téh hiji, lamun diji ditambah hiji hasilna téh pasti dua, jeung saterusna. Sanajan éta téh bisa ditarima ku akal barudak, tacan tangtu dina kahirupan nyatana mah bener-bener kitu. Da aya sababaraha perkara anu kanyataanana mah papalingpang reujeung itung-itungan di sakola hususna palajaran Matématika.

Dina kahirupan di masarakat, anu ngaranna itung-itungan téh aya kalana robah kusabab kaayaan. Teu bisa keukeuh nyekel kana tetekon itung-itungan matematika di sakola.

Samisalna waé dina jual beuli. Lamun harga hiji barang téh sarebu rupiah, mangka harga sapuluh sikina téh tangtuna ogé jadi sapuluh rébu. Kanyataanana, teu bisa dipastikeun pasti kitu. Aya kalana, sanajan harga hijianana téh sarébu, lamun meulina sapuluh téh osok jadi salapan rébu atawa dalapan rébu, atawa bisa kurang ti éta.

Pas poto

Terus ogé lamun keur nyieun poto pikeun KTP atawa nyieun kartu séjénna anu merlukeun poto. Dina nyieun poto, apanan itung-itungan matématika téh kacida pisan teu lakuna. Dina waktu tukang poto nanya dua kali tilu sabaraha, apanan dijawabna téh lolobana mah lain genep, tapi kumaha anu arék nyieunana waé arék sababaraha ogé. Pon kitu deui waktu ditanya tilu kali opat jeung opat kali genep tacan tangtu jawabanana sarua dua belas reujeung dua pulu opat. Da lamun ngajawabna sakumaha itung-itungan matématika mah loba teuing potona.

Terus ogé lamun meuyeum cau, tacan tangtu itung-itungan matématika téh dipaké. Lamun meuyeum cau sasiki dikali sasiki, jawabna téh apanan tacan tangtu hiji, tapi béak.

Ucing Sumput (Ucing 25) jeung Diajar Milang/Ngitung


Hiji,
Dua,
Tilu,
Opat,
Lima,
Genep,
Tujuh,
Dalapan,
Salapan,
Sapuluh,
Sawelas (Sabelas),
Dua Welas (Dua Belas),
Tilu Welas (Tilu Belas),
Opat Welas (Opat Belas),
Lima Welas (Lima Belas),
Genep Welas (Genep Belas)
,Tujuh Welas (Tujuh Belas),
Dalapan Welas (Dalapan Belas),
Salapan Welas (Salapan Belas),
Dua Puluh,Salikur (Duapuluh Hiji/Dua Hiji),
Dua Likur (Duapuluh Dua/Dua Dua),
Tilu Likur (Duapuluh Tilu/Dua Tilu),
Opat Likur (Duapuluh Opat/Dua Opat),
Lima Likur (Duapuluh Lima/Dua Lima).

Itungan di luhur mangrupakeun itungan anu osok dipaké dina ulin Ucing sumput atawa ucing Dua Lima.

Ucing sumput (ucing 25) jeung diajar milang (poto kenging ti kaskus.us)

Dina kaulinan barudak Ucing sumput atawa ucing dua lima, barudak anu ngalaksanakeunana kudu bisa milang atawa ngitung ti hiji nepikeun ka dua lima atawa lima likur. Ieu mangrupakeun pangabisa anu kudu dipimilik ku barudak. Sanajan dina prak-prakan ngitungna mah teuing bener teuing henteu. Teuing ngitungna teh mapay ti hiji nepikeun ka 25, teuing diliwatan. Ngan anu penting mah apal kana itungan nepi ka 25.

Anu jadi ucing dina ucing 25 ieu, dina ngitungna osok pagancang-gancang reujeung budak anu arék nyumput. Supaya bisa gancang néangan barudak anu nyumput. Atawa bisa ogé miheulaan dina manggihan budak anu kakara arék neangan panyumputan. Bisa wae aya kajadian hiji budak anu tacan ogé meunang tempat panyumputan, geus kaburu beunang mantén ku anu ucing kusabab telat meunang panyumputan atawa budak anu ucingna kacida gancangna dina ngitungna. Jadi salian ti bisa ngitung ogé, bisa diajar pikeun papaheula dina ngitung ti hiji nepikeun ka 25.

Kaulinan Barudak jeung Élmu Pangaweruh


Kaulinan barudak anu osok diparaké ku barudak téh, sabenerna mah lain ngan ukur jadi kaulinan wungkul, tapi bisa ogé dijadikeun bahan pikeun diajar jeung nambahan pangaweruh ngeunaan élmu hususna élmu ngeunaan kahirupan. Sakumaha anu disebutkeun dina tulisan anu tiheula (mangpaat kaulinan barudak), kaulinan barudak téh pinuh ku mangpaat anu gedé pangaruhna pikeun kahirupan barudak sanggeus manjing dewasa.

Ngeunaan élmu pangaweruh, dina kaulinan barudak bisa dikoréhan atawa dikotéktak ngeunaan niléy atawa élmu pangaweruh. Hususna anu aya pakaitna jeung élmu pangaweruh anu diajarkeun di sakola. Aya sababaraha jinis élmu pangweruh anu diajarkeun di sakola, aya prak-prakanana atawa kapanggih cara nerapkeuanana dina kaulinan barudak. Jadi ku jalan migawé kaulinan barudak éta, barudak bisa ngarti kana palajaran anu aya di sakola. Da di sakola mah barudak diajar élmu pangaweruh ééh lolobana mah teori, sedengkeun praktékna mah duka téh teuing kumaha.

Diajar (gambar diundeur ti: http://www.twinhills.k12.ok.us/Images/ClipArt/Before%20School%20Study2.gif)

Tulisan ieu (katut tulisan saterusna anu aya pakaitna jeung tulisan ieu) bakal ngabolékérkeun atawa muka naon hubunganana kaulinan barudak reujeung élmu pangaweruh dina hususna élmu pangaweruh anu diajarkeun di sakola. Hubungan antara élmu pangaweruh jeung kaulinan ieu kudu ditembrakeun supaya jelas, yén anu ngaranna kaulinan barudak téh lain ngan ukur kadar kaulinan wungkul, ngan ukur kaulinan anu taya mangpaatna jeung ngan ukur dipigawé pikeun ngeusian waktu kosong wungkul. Salian ti éta ogé, kumaha supaya barudak anu diajar di sakola bisa gampang ngarti kana élmu pangweruh anu diajarkeun di sakola (téorina) reujeung prak-prakanana sapanjang éta élmu pangaweruh jeung kaulinan barudakna aya pakuat-pakaitna. Anu tungtungna, barudak bisa apal deui jeung resep deui kana kaulinan barudak.

Lamun ditataan mah, kaulinan barudak téh loba anu aya pakaitna jeung élmu pangaweruh anu diajarkeun di sakola. Kaulinan barudak téh di jerona mah loba anu ngandung élmu pangaweruh. Ti mimiti élmu ngitung nepikeun ka élmu sosial ogé aya: matématika, fisika, biologi, sosial, jeung nu séjénna.