Mumunggang Pangbalikan


Mumunggang Pangbalikan
Mumunggang Pangbalikan

Haté bungah bungangang
Anjog ka pajaran
Nu diimpleng ti tangéhna
Nu diwawaas ti anggangna

Disimbeuh ku kadeudeuh
Ti anggalna dikeureuyeuh
Najan harungan meuweuh
Teu kaéléd kunu maceuh

Diwuwuh ku pangaweruh
Anu linungguh timpuh
Taya basa jadi bangbaluh
Beungbeurat tetep pengkuh

Campuh jeung ngangluh
Mangsa nu anggang aduh
Naha anjog atawa tutuh
Ka pajaran iuh linduh

Pagelaran Pekan Festival Masjid Agung Sumedang ka-2 Taun 2015


Dina raraga miéling milangkala Masjid Agung Sumedang ka-161 taun 2015, Dewan Keluarga Masjid (DKM) Masjid Agung Sumedang ngayakeun acara Pekan Festival Masjid Agung anu kadua dina taun 2015 ieu. Ieu pagelaran téh geus dimimitian dina poé kamari, poé Ahad ping 7 Juni 2015 kalawan dibuka ku Wakil Gupernur Jawa Barat, H Deddy Mizwar. Pagelaranana bakal dilumangsungkeun salila saminggu campleng nepikeun ka ping 14 Juni 2015.

Mangpirang-pirang acara bakala diayakeun dina ieu pagelaran anu mibanda tujuan pikeun ngaronjatkeun mangpaat masigit di masarakat hususna kamaslahatan masarakat. Aya acara pagelaran marawis, pasanggiri hijaber, pasanggiri popotoan (fotgrafi), pasanggiri qiro’atul kutub, pasanggiri adan, pasanggiri kaligrafi, pameran jeung bazar, bakti sosial, kasidahan, lomba galah, nonton bareng Sang Kyai, katut gerak jalan. Dina bazar produk anu pinunjul bakal mintonkeun Istana Balon, Robot ITB, IPDP, SIM Keliling, Pengobatan Nabawi, Bank Syari’ah, latihan jeung diajar Kaligrafi, poroyek Bandara Kertajati, jalan tol Cisumdawu, Jatigede, produk Islami, kadarahan (kuliner), Yonif 301 PKS, BPJS jeung ti pajek.

Pagelaran Pekan Festival Masjid Agung Sumedang ka-2 Taun 2015
Pagelaran Pekan Festival Masjid Agung Sumedang ka-2 Taun 2015

Dina poé panungtungan acara ieu bakal dipungkas ku tablig akbar katut silaturahmi.

(Potret meunang nginjeum ti Tribun News)

Kaayaan Dayeuh Sumedang Baheula jeung Ayeuna


Nurutkeun sajarah mah, dayeuh Sumedang baheula téh bisa dijadikeun salasahiji conto dayeuh baheula nu aya di wewengkon Jawa Barat. Puseur dayeuh Sumedang baheula diwengku ku alun-alun kalawan dikurilingan ku masigit, kantor puseur pamaréntahan katut panjara. Ieu kaayaan téh anggeur, henteu robah nepikeun ka ayeuna. Alun-alun di tengah-tengah dayeuh di kurilingan ku masigit ageung, kantor pamaréntahan (kantor Bupati katut gedong DPRD), jeung panjara. Samemeh pindah ka wewengkon Karapyak Kelurahan Situ Kacamatan Sumedang Utara, kantor pamaréntahan (Bupati Sumedang) ayana di belah kiduleun alun-alun, satempat reujeung musium Prabu Geusan Ulun. Bupati téh ngantorna di Gedong Nagara anu mangrupakeun titinggal pamaréntahan Pangéran Sugih anu diwangun dina taun 1850. Sanggeus kantor Bupati pindah ka Induk Pusat Pemerintahan (IPP) Kabupatén Sumedang di Kelurahan Situ, gedung titinggalna (Gedong Nagara) baris dikokolakeun ku Yayasan Pangéran Sumedang anu salila ieu ngokolakeun (miara) musium Prabu Geusan Ulun katut sakabéh wakaf Pangéran Aria Soeria.

Kaayaan kantor Bupati dina taun 1880
Kaayaan kantor Bupati dina taun 1880
Kaayaan kantor Bupati  dina taun 2011-an
Kaayaan kantor Bupati dina taun 2013

Dina taun 1902 di tengah alun-alun diwangun monumén anu disebut Monumén Lingga. Ieu monumén téh diwangun ku pamaréntahan Walanda anu tujuanana pikeun pangéling-ngéling kana yasana Pangéran Suriatmaja dina ngahangkeutkeun pangwangunan Sumedang. Nepikeun ka ayeuna ieu monumén Lingga téh tetep ngadeg tur dipaké jadi lambang Kabupatén Sumedang. Di belah kulon alun-alun, angger ngadeg masigit ageung. Ari panjara angger aya di belah wétaneunana.

 
 

(Potrét meunang nginjeum ti internét)

Mikawanoh Nadoman atawa Pupujian


Nadoman atawa pupujian mangrupakeun hiji wangun kakawihan anu eusina ngeunaan bagbagan agama atawa ngeunaan kahirupan anu diwengku ku agama. Eusina lolobana mah ngeunaan pépéling pikeun kahirupan jalma. Salian ti ngeunaan pépéling, aya ogé anu nyaritakeun ngeunaan agungna Gusti Alloh, ngeunaan kahirupan Kanjeng Nabi Muhammad jeung anu séjénna.

Barudak ngarumpul di masigit

Nadoman osok dikawihkeun hususna ku barudak nalika nungguan datangna waktu solat (saméméh ngong adan) atawa nungguan diadegkeunana solat (sanggeus ngong adan nungguan komat). Dina nungguan waktu solat saperti solat Maghrib atawa Isya, di masigit barudak osok ramé nadoman atawa pupujian. Lamun di masigitna aya TOA atawa sapeker, nadomanana osok disambungkeun kana TOA. Kusabab kitu, dina waktu Maghrib mah di masigit téh osok ramé ku barudak anu ngadon nadoman atawa pupujian, malahan mah aya anu osok patarik-tarik sora. Sanajan remenna osok ku barudak dinadomkeunana, tapi kolot ogé osok miluan ngawihkeun pupujian atawa nadoman.

Ngeunaan jinis jeung rupa nadoman atawa pupujian, kacida lobana. Ngan sakumaha jinis kakawihan baheula, loba nadoman atawa pupujian anu ngan ukur tatalépa ngaliwatan carita atawa omongan wungkul, henteu nepikeun ka ditulis dina buku. Hususna di pilemburan. Nadoman atawa pupujian téh tatalépa ku jalan diapalkeun. Dina sakalina lila henteu dinadomkeun téh apanan poho waé bari jeung teu boga catetanana. Salian ti eta oge kadang kusabab tatalepana ngaliwatan omongan kalawan langsung diapalkeun, jarang anu apal kana judul nadoman atawa pupujian anu keur dinadomkeunana. Teuing ti dituna oge geus tanpa judul….

(Gambar meunang nginjeum ti http://a1.sphotos.ak.fbcdn.net/)

Lebaran di Lembur


Poéan anu dianti-anti, ahirna mah datang ogé. Sanggeus salila sabulan campleng ngalakonan puasa, ditumbu ku takbiran sapeuting jeput, poé lebaran téh kasampeur. Poé anu agung, poé anu dianti-anti ku sakabéh jalma anu puasa, poé anu jadi tanda beresihna jalma anu puasa tina sagala kokotor dosa.

Isuk-isuk kénéh jalma-jalma geus sariap sadia, marandi diteruskeun ku sarapan jeung dangdan maraké pakéan anu pangalusna (naha pakéan anu anyar atawa pakéan urut anu pangalusna). Sanggeus siap sadia, terus indit ka lapangan di hareupeun masigit, tempat di mana dilaksanakeunana solat ‘Id. Teu leupas diiringan ku sora Takbir anu ngaaweuhan tina Toa, jalma-jalma ngarumpul di lapang. Sanggeus nincak haneut moyan, acara Lebaran dimimitian. Di mimitian ku sambutan ti Bapa Ketua DKM jeung Bapa Kepala Dusun, diteruskeun kana ngalaksanakeun solat ‘Idul Fitri. Sanggeus solat, diteruskeun kana Hutbah ‘Id.

Sasalam beres solat 'Id

Réngsé kabéhanana, diteruskeun kana sasalaman diantara jalma-jalma anu hadir. Nguriling ti hareup nepikeun ka tukang, sasalaman. Sasalaman anu jadi tanda silih lubarkeunana dosa diantara papada jalma. Dosa-dosa anu dihaja katut anu teu dihaja, antara budak reujeung kolot, antara salaki reujeung pamajikan, antara tatangga reujeung tatangga, dilubarkeun ku jalan sasalaman. Aya anu ngadon ceurik, rembeng cimata, aya ogé anu ngadon heureuy.

Bubar tina sasalaman, langsung baralik disambung ku silaturahmi ka tatangga anu teu bisa hadir ka lapang tempat solat ‘Id.

Ngadulag Ngurilingan Lembur


Dina wanci ngagayuh ka tengah peuting, barudak téh biasana mah beuki ramé. Pasalna mah aya hiji kabiasaan di lembur pikeun ngadulag bari ngurilingan lembur, mapay jalan gedé atawa jalan paranti liwat urang lembur. Nguriling bari ngadulagna téh lain ngan ukur raraméan ngadulag ngurilingan lembur tapi aya maksud séjén, nyaéta pikeun méntaan dahareun anu bakal dibikeunkeun ka masigit. Tapi sabenerna mah da lain ménta, da urang lembur teu kudu dipénta. Anu apal mah diburitna ogé geus nyadiakeun dahareun kayaning opak, rangginang, wajit reujeung papais katut cau pikeun dibérékeun ka barudak anu ngadon ngider bari ngadulag. Nya barudak anu ngahaja ngurilingan lembur téh teu kudu hésé capé ngengetrok panto unggal imah pikeun méntaan dahareun pikeun ka masigit. Urang lembur anu dina waktu ngadéngé sora bedug atawa dulag ngadeukeutan ogé geus sadia pikeun mikeunken dahareun meunang ngawadahan kana kérésék.

Wilujeng Boboran Siam 1 Syawwal 1432 H

Sanggeus ngurilingan lembur téh, barudak beubeunangan. Sanajan henteu kabéh urang lembur méré dahareun, tapi beubeunanganana bisa nepikeun ka dua karung dahareun. Da saacanna indit ogé barudak geus nyadiakeun wadah kayaning karung pikeun ngawadahan dahareun. Réngsé nguriling, baralik deui ka masigit bari babawaan. Babawaan téh diasupkeun ka masigit pikeun dipurak ku anu keur Takbiran. Teu tinggaleun ogé barudak anu ngadon nguriling. Malahan mah barudak apanan meni parebut dahareun, pada-pada ngajéwang jeung néangan dahareun anu dipikaresep ku séwang-séwanganana.

Atuh, di masigit téh jadi loba dahareun. Anu kadang mah tara nepikeun ka béak. Aya sésa nepikeun ka isukna waktu Lebaran. Anu wareg mah nya wareg. Komo barudak mah, da sagala dihanca. Dahareun anu dipikaresep moal moal diliwat.

Aya hiji hal anu disebut goréng dina ngeunaan dahareun ieu. Dahareun anu maké wadah atawa dibungkus kayaning papais, wajit jeung cau, osok matak bala masigit ku cangkangna. Terus ogé dahareun ieu osok dipaké heureuy, ngaheureuyan jalma anu keur saré. Anu heureuy téh lain ngan ukur budak, dalah ninggang di kolot ogé anu resep heureuy mah osok maké dahareun ieu pikeun ngaheureuyan batur. Jalma anu keur saré bari disalimut ku sarung, sarungna osok diasupan dahareun kayaning papais jeung wajit. Atawa ngadon ngahuapan anu keur saré. Dahareun meunang mesék téh diantelkeun kana biwir anu keur saré. Atuh anu ngalindur mah kadang aya anu ngadon ngalamotan dahareun bari saré.

Takbiran


Maleman lebaran, mani ramé. Ti masigit, sora anu takbir mani aweuhan ngaliwatan Toa, silih témbalan. Sorana béda-béda, aya sora barudak, kolot jeung sora aki-aki. Ngan kabéh sora téh sorana lalaki, euweuh sora awéwé. Awéwé mah henteu ngiluan Takbiran di masigit, paling anu aya ogé ngadin Takbiran di imahna séwang-séwangan.

Wilujeng Boboran Siam 1 Syawwal 1432 H

Ti mimiti réngsé solat Isa, masigit geus ramé. Anu biasana mah ramé ku anu solat Tarawéh, ayeuna mah ramé ku anu Takbiran (da Tarawéhna geus lekasan). Ti gigireun masigit, ramé ku barudak anu nakolan sagala pikeun nganteur sora anu ngadulag. Aya anu nakolan kohkol meunang nyieun tina awi, aya anu nakolan awak bedug, aya ogé anu nakolan tihang paranti neundeun bedug.

Pokona mah kolot budak araya di masigit kalawan pagawéanana séwang-séwangan. Kolot mah rata-rata caricing di masigit pikeun ngiluan Takbiran. Ngan henteu ngumpul cicingna téh. Aya anu di hareup deukeuteun mimbar, aya anu di juru, aya anu di tengah. Aya anu sila mendeko, aya ogé anu ngadon diharudung sarung kusabab tiris. Malahan mah geus nyérélék ka wanci peutingna mah, naruntutan sawaréhna mah ngadon kérék di masigit.

Ari barudak, lolobana mah teu daék cicing. Aya anu ngadon cilingcingcat ka luar jeung ka jero masigit. Aya anu ngadon hareureuy reujeung babaturanana, aya anu husu ngiluan Takbiran, aya anu resep tatakolan. Pokona mah sagala rupa pagawéan dipilampah sakumaha kahayangna-kahayangna. Ngan aya hiji hal anu dianti-anti ku barudak mah nyaéta néangan dahareun anu dibikeunkeun ku urang lembur.