Kawijakan Nyieun Akte Lahir Anu Ngabeuratkeun


Hiji bangbaluh anu dikedalkeun ku wawakil masarakat nalika lawungan calon bupati Sumedang ka Kampung Ciburuan, téh nyaéta ngeunaan mahalna waragad anu dikaluarkeun ku masarakat pikeun nyieun Akte Lahir. Masarakat anu miboga budak anu hayang nyieun Akte Lahir pikeun daptar sakola ka SMP, kudu ngaluarkeun béaya anu gedé. Lamun diitung-itung mah béaya anu kudu dikaluarkeun pikeun meunangkeun salambar keretas Akta Lahir téh leuwih ti sajuta. Kacida mahalna pikeun ukuran urang lembur mah.

Bangbaluh ieu bisa jadi panghalang pikeun masarakat anu hayang nyakolakeun budakna ka sakola SMP. Da geningan ayeuna mah asup SMP téh kudu maké Akte Lahir sagala. Hahalang ieu matak mugagkeun masarakat anu arék ngasupkeun budakna ka SMP. Da waragad anu kudu dikaluarkeunana beuki nambahan. Tacan béaya séjén-séjénna.

Lambaran Akte Lahir
Lambaran Akte Lahir

Hiji andelan pikeun urang lembur mah taya deui ti Pemilukada. Susuganan waé lamun Bupatina ganti, béaya anu kudu dikaluarkeun pikeun nyieun Akte Lahir téh ngurangan. Da apalna nyieun Akte téh apanan di kabupatén.

Hanjakal meunang jawaban téh anu matak hanjelu. Cenah, aturan ngeunaan nyieun Akte Lahir anu jadi mahal téh dijieunna ti puseur lain ti kabupatén. Aturan anu ngudukeun sidang heula di pangadilan pikeun nyieun Akte Lahir téh dijieunna ku pamaréntah puseur. Atuh pamaréntah kabupatén mah ngan ukur katempuhan wungkul. Atuh, pikeun ngungkulanana, pamaréntah kabupaten hususna kabupatén Sumedang cenah bakal ngayakeun sidang nyieun Akte Lahir di kacamatan. Jadi masarakat anu arék nyieun Akte Lahir teu kudu ka kabupatén. Ieu hal supaya bisa ngurangan waragad pikeun ongkos, pangpangna ngongkosan saksi anu kudu disadiakeun ku anu nyieun Akte Lahir. Masarakat kudu apal jadwalna, iraha bakal aya sidang di kacamatan. Ieu jalan dipiharep bisa ngurangan waragad anu mahal.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.banglikab.go.id/)

Silih Ragangan jeung Silih Hargaan


Dina hirup kumbuh reujeung batur atawa tatangga dina kahirupan masarakat, teu bisa leupas tina kahayang jeung pasipatan anu sipatna sorangan-sorangan. Unggal jalma miboga kahayang jeung pasipatan séwang-séwangan. Anu tangtuna ogé tacan tangtu antara hiji jalma reujeung jalma séjén téh sarua. Tacan tangtu naon anu dipikaresep ku hiji jalma, dipikaresep ogé ku jalma séjén. Tacan tangtu naon anu dipikaceuceub ku hiji jalma, sarua dipikaceuceub ku jalma séjén.

Kusabab kitu, hiji jalma henteu bisa maksa jalma séjén pikeun miboga kahayang jeung pasipatan anu sarua reujeung manéhna. Dina kahirupanana kudu miboga sipat silih ragangan jeung silih hargaan. Ngaragangan jalma séjén, ngahargaan nu lian. Lamun papada jalma geus miboga pasipatan silih ragangan jeung silih hargaan, kahirupan papada jalma bakal tengtrem, jauh tina pacogrégan.

Silih ragangan diantara papada jalma

Dina ngaragangan jalma séjén sabenerna mah sarua reujeung ngaragangan atawa ngahargaan diri sorangan. Hiji jalma bakal ngaragangan lamun manéhna diragangan. Hiji jalma bakal ngahargaan ka jalma anu ngahargaan. Jadi aya kakait anu bulak-balik. Jalma anu ngaragangan atawa ngahargaan, bakal diragangan atawa dihargaan ku jalma séjén. Jadi sabenerna mah, balik deui ka jalma-jalmana. Lamun hayang diragangan atawa dihargaan ku jalma séjén, taya deui cara anu alus tibatan kudu ngaragangan jeung ngahargaan jalma séjénna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://betigaklaten.files.wordpress.com/2007/09/kids21.gif)

Masalah (Bagéan Ka-3): Sabagéan Masalah dina Kahirupan


Sakumaha disebutkeun dina tulisan anu geus tiheula, anu ngaranna jalma hirup, moal leupas tina masalah. Jadi geus jadi kapastian lamun kahirupan manusa téh bakal manggihan masalah. Masalah ieu kacida loba rupana. Lamun ditataan hiji-hiji mah moal cukup jeung moal bisa ditataan kabéhanana. Ngan nurutkeun garis badagna mah aya sababaraha rupa masalah anu bisa kapanggih dina kahirupan manusa.

Dina kahirupan, hiji jalma kadang nyanghareupan masalah anu diakibatkeun ku diri pribadi éta jalma. Eta jalma ngabogaan kahayang ngeunaan hiji perkara, sedengkeun dina kanyataanana papalingpang reujeung anu dipiharepna. Kusabab kitu, éta jalma téh bakal nyanghareupan masalah anu aya pakait jeung kahayangna. Eta masalah téh kudu diungkulan supaya kahayangna bisa tinekanan. Dina séjén perkara, aya ogé masalah anu disababkeun ku hiji jalma téh ku jalan nyieun kalakuan atawa pagawéan anu papalingpang jeung pagawéan anu sakuduna. Pagawéan anu sakuduna mah kitu, éta jalma bet migawé pagawéan ku jalan kieu. Papalingpangna éta pagawéan téh bisa jadi masalah. Dina leuwih jauhna, éta masalah téh lain ngan ukur masalah diri pribadina wungkul, tapi bisa ngondang jalma séjén.

Masalah (sumber gambar: http://www.leadernotes.com/uploads/problem%20solve.jpg)

Dina kahirupan sosial, kahirupan reureujeung jeung batur di masarakat, teu bisa leupas tina pagilinggisikna antara hiji jalma jeung jalma séjén. Dina ngajalankeunana, pasti moal leupas tina masalah. Da antara hiji jalma jeung jalma séjén téh béda-béda. Dina hal-hal anu tangtu mah, bisa waé kuayana béda-béda éta téh ngakibatkeun masalah. Naha arék masalah anu teu sapira atawa masalah anu lumayan gedé. Masalah dina hirup kumbuh di masarakat bisa kaasup kana perkara kayakinan anu béda, atawa kusabab pagawéan anu pasalia jeung kahayang jalma séjén atawa kahayang kalolobaan masarakat.

Dina perkara nyanghareupan masalah anu sarua atawa saribagan, hiji jalma jeung jalma séjénna osok aya anu béda. Aya jalma anu nganggap éta téh masalah anu kudu singhareupan kalawan husu, aya ogé jalma anu nganggapna éta mah lain masalah. Hal ieu mah gumantung ka masing-masing jalma, naha kusabab kayakinanana atawa kaayaan dirina.

Salian ti éta aya ogé masalah anu disababkeun ku bédana ngajalankeun kahirupan di dunya ieu.

*****

Tulisan anu saranggeuyan:

  1. Masalah (Bagean Ka-1): Naon Atuh Ari Masalah teh?
  2. Masalah (Bagean Ka-2): Jujutan Masalah
  3. Masalah (Bagean Ka-4): Masalah Panggedena din Kahirupan