Ngala Manuk Maké Ketepél


Lamun kolot mah ngala manuk téh maké bedil atawa naheunan/mitapak, barudak mah ngala manuk téh maké ketepél. Ketepél meunang nyieun sorangan atawa meunang mangnyieunkeun kolotna téh dibekel ka leuweung atawa sisi kebon ngadon néangan manuk kayaning manuk jogjog, manuk piit, jeung sajabana. Pokona mah manuk anu hiberna tara jauh-jauh teuing. Pélorna maké batu laleutik anu ngahaja ngumpulkeun heula tina gundukan keusik, terus diwadahan kana kantong leutik atawa koja.

Budak keur ngetepel

Bari ider-ideran néangan manuk anu eunteup dina dahan tatangkalan. Manuk anu keur nyileuk didodoho pikeun diketepél. Ngan nyakitu téa, manuk téh osok apaleun ari keur didodoho mah. Kajaba lamun eunteupna dina dahan tangkal anu jangkung pisan, tara kagebahkeun atawa kagareuwahkeun. Atuh dina ngetepélna ogé ari manukna jauh mah tara keuna-keuna acak. Tong bororaah keuna, ngadeukeutan waé ogé henteu.

Najan keur nyéntangna dikéker ogé angger waé batu anu diketepélkeunana téh tara nojo kana manukna. Batu téh keunana osok ka mana waé. Susah ogé geningan ngala manuk ku jalan diketepél mah. Leuwih susah tibatan bebedil (ngala manuk maké bedil). Balikna téh tara beubeunangan ari ngalana maké ketepél mah. Kétang, nu penting mah bisa ulin waé najan teu beubeunangan ogé.

(Gambar meunang nginjeum ti http://raudhahku.wordpress.com/)

Manuk Hiber ku Jangjangna


Manuk hiber teunangan. Nyirorot ka handap nyuruwuk ka luhur, muru ka tempat anu ditujuna. Seja néangan pangabutuh hirupna. Aya anu néangan dahareun, aya anu néangan sayangna, aya ogé anu seja néangan jodona.  Rupa-rupa tujuanana, sarua carana: pada-pada hiber maké jangjang. Arék ka wétan arék ka kulon, arék ka kidul arék ka kalér, bébas taya anu nyaram asal bisa kahontal anu dijugjugna.

Coba waé lamun aya manuk anu teu bisa hiber? Kumaha carana néangan dahareun lamun hayangeun dahar? Manuk anu teu bisa hiber tangtuna lain néangan dahareun tapi bakal aya anu ngadahar. Naha arék didahar ku jalma atawa sato séjénna. Terus lamun hayang nyayang, kumaha carana lamun teu miboga jangjang pikeun hiber? Tangtuna ogé ngan ukur bisa nyayang di luhureun taneuh.

Manuk heulang keur hiber

Jadi, jangjang mah pikeun manuk kacida pentingna. Jangjang kacida pentingna dina ngarojong kahirupanana, pikeun neruskeun hirupna.

Ninggang di jelema? Jelema mah hirupna ku akalna. Sagala hal ngeunaan pangabutuh kahirupanana bisa dicumponan ku jalan ngagunakeun akalna. Akal anu digunakeun pikeun mikir kumaha ngalakonan kahirupanana, kumaha cara ngahontal kahayang atawa tujuan hirupna. Jalma bisa nyukupan pangabutuhna ku jalan maké akalna. Jalma mah moal ngakeul lamun henteu ngakal. Anu hartina jalma moal meunang dahareun lamun henteu ngagunakeun akalna (henteu mikir). Kitu pentingan akal pikeun kahirupan jalma.

Jalma bisa hirup ku jalan ngagunakeun akalna.

Kokoprak Paranti Ngagebahkeun Manuk


Kokoprak…?

Lamun nyebut kokoprak, anu kabayang téh pasti huma atawa sawah. Ngan umumna mah huma, da di lembur mah aranglangka anu ngaranna sawah. Humana téh anu eukeur beuneur konéng, anu jadi tanda éta paré téh moal lila deui bakal dipanén.

Da bener kitu. Anu ngaranna kokoprak mah ayana téh di huma atawa sawah anu keur meujeuhna beuneur konéng. Sanajan kitu ti keur beuneur héjo kénéh ogé aya anu geus diteundeunan kokokprak.

Kokoprak

Kokoprak téh mangrupakeun alat anu digunakeun pikeun nyingsieunan atawa ngagebahkeun manuk, pangpangna manuk piit. Paré anu keur meujeuhna beuneur héjo atawa beuneur konéng, osok didaharan ku manuk piit. Kusabab kitu lamun panén paréna hayang mucekil, lain panyésaan manuk, éta paré téh kudu dijaga supaya ulah jadi parab manuk.

Kokoprak dijieunna tina leunjeuran awi (umumna awi tali), anu panjangna kira-kira saleungeun (satengah deupa). Ieu leunjeuran téh dijieun supaya mangrupa calung. Leunjeuran awi éta téh dijajarkeun maké gagang anu dijieunna tina awi kénéh. Gagang awi diteundeun dina tihang awi anu lumayan jangkung, kira-kira saleungeun jalma kolot. Di lebah handapeun gagang awi diteundeunan palang awi dipageuhan kana tihang awi. Palang awi ieu digunakeun pikeun panakol kana awi anu ngajajar.

Tihang kokoprak di tungtung luhurna ditalian maké tali tina awi tali. Talina sina panjang disambungkeun nepikeun ka saung tempat tunggu. Dina makéna, tali anu disambungkeun kana tihang jeung saung téh dikenyed-kenyed di lebah tungtung tali anu di saungna. Kusabab dikenyed-kenyed, tihang kokoprak téh katarik jadi eundeuk-eundeukan. Kusabab tihangna eundeuk-eundeukan, awi anu ngajajar téh ngiluan eundeuk-eundeukan terus nakolan palang awi anu diteundeun di handapeun gagang téa.

Manuk téh jadi kagareuwahkeun ku sora ieu kokoprak jeung ku eundeuk-eundeukanana. Jadi waé manuk anu arék atawa eukeur ngadaharan paré téh kalabur.

Manuk Heulang Ménta Hujan


Kliiiik kliiiiik

Kliiiik kliiiiik

Kitu sora manuk heulang anu hiber di awang-awang. Sorana lumayan tarik, nepikeun ka kadaréngé ku urang lembur. Si Acim jeung si Omon anu eukeur jongjong ngala suluh di kebon Bah Minta, carengkat heula. Maranéhna nempo ka luhur, ngilik-ngilik ti lebah mana datangna sora manuk heulang.

“Mon, gancangan ah.” Ceuk si Acim basa geus manggihan lebah mana datangna sora manuk heulang téa.

“Sakeudeung deui atuh. Kuring mah da acan beubeunangan.” Témbal si Omon bari ngumpulkeun suluh beubeunanganana.

“Maenya…, apanan éta geus satumpukan kitu….” Ceuk si Acim bari nuduhkeun kana tumpukan suluh beunangna si Omon.

“Kakara saeutik éta mah.” Témbal si Omon.

“Tong lila teuing atuh nya.” Si Acim ngawawadian.

“Naha, mani tong lila teuing sagala?” Si Omon melong ka si Acim.

“Apanan bisi kaburu hujan.”

“Lila kénéh atuh hujan mah. Apanan ayeuna mah sakieu panasna.”

“Ih, siga anu teu ngareungeu waé manéh mah. Apanan bieu geus aya sora heulang disada.” Ceuk si Acim bari nempo ka awang-awang.

“Nya keun waé atuh heulang anu disada mah.”

“Ih, manéh mah. Apanan lamun manuk heulang disada kitu téh, tandana arék hujan.”

“Kitu nya…?”

“Heueuh.”

“Ceuk saha éta téh?”

“Ceuk jenatna nini kuring.”

Si Omon mencrong ka si Acim. Siga anu panasaran.

“Teu percaya nya?” Si Acim malik melong. “Ceuk nini kuring mah cenah lamun aya manuk heulang disada klik-klikan, éta téh tandana manéhna menta hujan.”

“Ménta hujan?”

“Heueuh.”

“Naha bet ménta bujan sagala? Hayangeun huhujanan kitu éta heulang téh?”

Manuk heulang hiber (sumber foto: internet)

“Lain hayang huhujanan ieu mah. Ceuk nini kuring. Cenah manuk heulang mah lamun hayangeun nginum téh kudu tina cai hujan waé. Da manéhna mah ulaheun ti cai walungan.” Si Acim ngajéntrékeun.

“Naha cenah?” Si Omon panasaran.

“Sababna, baheulana manuk heulang mah teu milu mantuan nyieun walungan.”

“Kitu nya?” Si Omon siga anu teu percayaeun.

Kakawihan Barudak: Sieuh-sieuh


Sieuh-sieuh!
Manuk ka ditu ka dayeuh,
Di dieu sagala euweuh,
Sia moal bisa seubeuh,
Da aya anu ngageugeuh,

Sieh-sieuh!
Manuk ulah arék datang,
Bisi nyorang kana régang,
Kudu nyingkah maka anggang,
Di dieu aya pangilang.

Sieuh-sieuh!
Manuk ulah arék ganggu,
Da aing anu keur tunggu.

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=384326600734&comments)

Kakawihan séjénna:

  1. Kakawihan Barudak: Ayun Ambing
  2. Kakawihan Barudak: Hét Hét Embé Janggotan
  3. Kakawihan Barudak: Prang Pring
  4. Kakawihan Barudak: Acung-acungan
  5. Kakawihan Barudak: Nang Ning Nang
  6. Kakawihan Barudak: Olé-oléan
  7. Kakawihan Barudak: Néngnongnéngjak
  8. Kakawihan Barudak: Trang-trang Kolentrang
  9. Kakawihan Barudak: Surser
  10. Kakawihan Barudak: Nanggerang – Nanggorek
  11. Kakawihan Barudak: Galah Ginder
  12. Kakawihan Barudak: Oyong-oyong Bangkong
  13. Kakawihan Barudak: Punten Mangga
  14. Kakawihan Barudak: Bang Bang Kalima Gobang
  15. Kakawihan Barudak: Sakentrung
  16. Ayang Ayanggung