Cikondang, Tampian Baheula Kari Waasna


Keur acan loba sumur di lembur mah, lamun mandi atawa ngala cai téh osok ka tampian. Kabeneran tampian di lembur mah lumayan loba jugjugeun, ti mimiti anu deukeut nepikeun ka anu jauh. Ampir kabéh urang lembur harita mah marandina téh di tampian. Atuh tampian téh jadi salasahiji tempat pangjugjugan urang lembur. Ti pasusubuh kénéh tampian téh geus rame ku mandi jeung ngala cai kusabab embung kabeurangan. Pabeubeurangna waktu Lohor nepikeun ka burit (Maghrib), tampian mimiti ramé deui kunu ngadon mandi satutasna digarawé di kebon. Pikeun barudak mah, tampian téh jadi salasahiji tempat pangulinan jeung hareureuy. Bari nungguan giliran mandi, hareureuy heula di sisi balong.

Ayeuna, kaayaanana geus robah. Sanggeus urang lembur loba anu nyarieun sumur di deukeuteun imah-imahna, tampian téh jadi tiiseun. Henteu ramé kawas baheula. Anu ngadon mandi atawa ngala cai téh bisa diitung kénéh maké ramo. Ngan ukur sababaraha urang anu masih kénéh osok ka tampian téh. Teu anéh atuh lamun aya tampian anu salin jinis lain tampian deui. Tampian anu cur-cor caina dina pancuran katut balongna jeung saung atawa tajug deukeuteun tampian téh geus taya deui. Kitu anu kajadian reujeung tampian anu aya di Cikondang.

Tampian Cikondang anu salin jinis jadi tegalan
Tampian Cikondang anu salin jinis jadi tegalan

Cikondang baheula mah mangrupakeun tampian anu jadi pangjugjugan lamun tampian di Cilembur pinuh kunu ngadon mandi. Sababaraha siki pancuran di sisi balong téh ngocor cai lumayan gedé. Matak tiis kana awak katut pipikiran. Dikurilingan ku pakebonan di pasir (gunung leutik) matak waas nempona. Dangdaunan héjo ngémplo mapaésan tatangkalan anu ngajarega. Ayeuna kari waasna. Tampian katut balong jeung sawah di hilirna, geus salin jinis jadi tempat anu hara-haraeun teu kaurus.

Mandi dina Wanci Subuh


Réngsé saur saacanna waktu solat subuh, biasana mah ribut indit ka cai pikeun mandi. Maksudna mah supaya ulah tinggaleun Solat Subuh. Salian ti éta supaya Solat Subuhna henteu nundutan atawa lulungu. Jeung deui matak berséka lamun mindeng mandi mah. Ngan aya hiji anu matak hanjakalna téh.

Naon atuh anu matak hanjakalna?

Pancuran di tampian

Hanjakalna mah, anu ngaranna waktu Subuh mah di mamana ogé pasti tiris. Komo deui ieu mah di pasisian pilemburan. Jabaning tampian téh apanan di sisi kebon jeung caina ngocor langsung tina sirah cai. Hawa subuh anu matak tiris katutuh ku cai anu tiris ogé. Bati ngahodhod waé. Acan ogé mandi geus ngadégdég tiris. Karék ogé nyabak cai, karasa mani nyecep kana kulit. Matak embung mandina. Tiris pisan.

Tapi najan diembung-embung ogé da dipaksa waé kudu mandi. Piraku indit ka cai henteu mandi. Arék nanaonan ngilu ka cai lamun henteu mandi mah. Kitu saurna téh. Lamun murengked kénéh, aya hiji anu jadi pangolo panungtungan. Saurna téh, tiris soténan keur mandina, da enggeus mandi mah bakal haneut. Nya, najan tiris ogé kapaksa waé mandi. Bener ogé karasa, sanggeus mandi mah karasa haneutna. Da basa mandina mah karasa tiris matak ngahodhoda téh. Tapi sanggeus mandi mah jadi haneut disimbut maké anduk téh. Teuing bakating ku tiisna cai meureunan, jadi hawa biasa ogé jadi rada haneut.

Éta mah kabiasaan baheula mangsa mandi osok ka tampian. Da ayeuna mah mandi téh teu kudu ka tampian deui. Di imah geus aya sumur, teu pati tiis teuing di imah mah.

Katumbiri Nutug Leuwi, Tanda Putri keur Mandi


Éndahna lamun nempo katumbiri. Rupa-rupa warnana ngéntép ngabaris ngawangun hiji garis anu melengkung lir ibarat sapotong wengku ayakan. Matas waas anu nénjona.

Katumbiri

Ceuk beja, cenah anu ngaranna katumbiri téh mangrupakeun hiji tanda. Tanda ayana sarombongan putri ti kahiyangan anu ngadon mandi di leuwi. Sakumaha jumlah warnana éta katumbiri (ceuk anu nenget-nenget mah jumlahna) anu tujuh rupa, putri anu ngadon mandi téh aya tujuh urang putri.

Masih kénéh ceuk béja, anu ngaranna putri ti kahiyangan mah cenah geulisna kacida pisan, geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina. Geulisna béda reujeung kalolobaan geulisna jalma di alam dunya. Teu anéh aya sababaraha jalma anu miboga hayangeun miboga éta putri ti kahiyangan. Malahan aya anu nyebutkeun cara-cara supaya bisa mibanda éta putri.

Kumaha atuh carana…?

Carana téh cenah, paling waé karémbong salasaurang atawa kabéhan éta putri anu keur mandi téh. Cekelan ulah nepikeun ka dibérékeun deui ka éta putri. Da lamun teu maké karémbong mah, cenah putri téh teu bisaeun ngapung deui ka kahiyangan. Jadi éta putri téh bakal cicing ci alam dunya. Salila hayang miboga éta putri, cekelan atawa sumputkeun terus karémbongna.

(Gambar meunang nginjeum ti pesbuk)

Babalédogan ku Batu kana Cai Balong


Babalédogan ieu mah biasana dipigawéna di tampian anu aya balongan. Balong anu dipakéna téh kudu anu lega atawa panjang. Tujuanana supaya ngabogaan ambahan pikeun malédogkeun batu atawa kenténg atawa taneuh anu dibalédogkeunana. Kaulinan ieu mah biasana ngan ukur dipigawé waktu nungguan cai suwung atawa bagéan mandi di tampian. Lamun tampianana pinuh, nya bisa maén babalédogan heula. Maén babalédogan kana cai ieu mah tujuanana nyaéta supaya batu atawa kenténg atawa naon waé anu dibalédogkeunana téh bisa anjleng-ajlengan dina cai nepikeun ka sababaraha ajlengan. Anu alus mah nyaéta anu batu dibalédogkeunana téh bisa nepikeun ka sababaraha kali ajlengan.

Dina prak-prakanana, bisa jadi lomba atawa paalus-alus diantara barudak anu maénna. Anu panglobana ajlengan, éta anu onjoy atawa anu meunang. Ngan meunangna ieu sawates agul wungkul, teu nepikeun ka meunang hadiah nanaon. Anu jadi catetan, teu kabéh batu atawa kenténg anu dibalédogkeun bisa ajleng-ajlengan di luhureun cai balong. Da lolobanana lain ngajleng tapi kalahka tilelep ka jero balong.

Babalédogan kana cai balong

Lamun hayang bisa ajleng-ajlengan téh, kudu bisa milih bahan anu bakal dibalédogkeunana reujeung cara malédogkeunana. Bahan anu bisa dipaké biasana mah batu anu rada lémpar atawa ipis atawa milih kenténg anu dibaledogkeunana. Dina cara malédogkeunana ogé kudu luyu jeung cara malédogkeun anu alus. Cara malédogkeunana lain dipelentungkeun, tapi dibalédogkeunana kudu datar jeung kudu tarik malédogkeunana.

Lamun bener carana, éta batu anu dibalédogkeun téh henteu langsung tilelep waktu keuna kaca cai, tapi ngajleng. Lamun geus ngajleng kitu, bakal keuna deui kana cai. waktu keuna deui kana cai, anu alus pisan mah henteu tilelep, tapi ngajleng deui. Kitu saterusna nepikeun ka tilelepna. Ajlengan anu biasana mah paling tilu atawa opat kali ajlengan.

Dikuramas


Waktu geus nyérélék waé. Panon poé geus ngiser lingsir ngulon, sakeudeung deui ogé bakal datang cicirén ti masigit. Sakeudeung deui bakal aya anu nakol dulag, méré tanda pikeun urang lembur anu arék dikuramas. Geus jadi kabiasaan, unggal arék ngalaksanakeun puasa téh urang lembur osok dikaruramas heula. Urang lembur téh marandi bari dianggir. Anggirna mah aya anu maké sampo aya ogé anu maké daun sampeu anu daunna téh paranjang leutik (sampeu naon nya…? Poho deui lah ngaranna mah). Tapi anu teu resep dianggir mah, tara dianggir, ngan ukur mandi biasa waé.

Atuh di tampian téh osok pinuh ku urang lembur anu ngadon dikuramas. Ngan kaayeunakeun mah, sanggeus nyarieun sumur, anu ngadon dikuramas di tampian téh ngan ukur anu teu bogaeun sumur.

Waktu beuki nyérélék….

Tampian

Teu lila, ti masigit geus aya anu nakol bedug, ngadulag méré tanda geus waktuna dikuramas. Atuh si Acim gura-giru indit ti imahna bari mamawa anduk. Manéhna muru ka imahna si Omon. Sanggeus nepi ka deukeuteun imahna si Omon, manéhna terus ngageroan si Omon ti buruan imah, ngajak buru-buru indit ka tampian. Sanajan manéhna jeung si Omon geus ngabogaan sumur, maranéhna ngahajakeun waé dikuramasna téh di tampian.

“Supaya ramé waé di tampian mah. Soalna lamun di imah mah moal ramé.” Kitu alesanana si Acim ka si Omon téh. Itung-itung ngolo supaya si Omon daékeun dikuramas di tampian.

“Saha waé kitu?” Si Omon masih kénéh acan satujueun.

“Nya jeung babaturan ulin urang, si Duyéh, si Uju jeung nu séjénna.” Ceuk si Acim nataan babaturan anu séjénna anu bakal bareng dikuramas di tampian.

“Nya lamun kitu mah.” Ahirna mah si Omon éléh déét. Nyatujuan kana kahayang si Acim.

“Tapi engké sampeur ka imah nya?” Pokna si Omon méré sarat.

“Nya heug lah.” Témbal si Acim sanggeus meunang kapastian kitu mah.