Hirup téh Papasangan


“Maha Suci Gusti Allah anu geus nyiptakeun sagalana papasangan, naha arék anu dijadikeun ku taneuh (bumi) jeung anu disagédéngeun maranéhna katut tina nanaon anu teu dipikanyaho ku maranéhna.” (Q.S. Yaasiin 36: 36)

Kitu kurang leuwih unina tarjamah Al-Quran surat Yaasiin ayat 36. Aya di luhur nuduhkeun yén sagala hal anu diciptakeun ku Gusti Allah di dunya ieu téh pasti papasangan, pasti aya pasanganana.

Ngan dina prak-prakanana dina kahirupan ieu, aya jalma anu ngabogaan sangkaan atawa pikiran yén anu hartina papasangan téh sakumaha papasanganana salaki pamajikan atawa hiji lawan hiji. Saurang salaki ngabogaan pasangan nyaéta saurang pamajikan. Pon kitu deui jeung jinis jalma, aya lalaki jeung awéwé. Anu tungtungna, lamun disanghareupkeun kana kaayaan yén hiji jalma téh teu ngabogaan jinis jalma (naha awéwé atawa lalaki), jadi bingung mana pasanganana jeung jiga kumaha pasanganana. Sedengkeun lamun niténan ayat di luhur mah jelas pisan yén sagala hal (mahluk) téh diciptakeun kalawan ngabogaan pasangan séwang-séwangan. Naha pasanganana téh bisa dipikanyaho kalawan gampang jeung jéntré atawa kudu ngaliwatan panalungtikan anu leuwih jauh.

Lalaki jeung Awewe (sumber gambar: internet)

Kusabab geus jadi hal anu pasti yén Al-Quran téh dijamin bener jeung aslina, hal anu disebutkeun di luhur téh teu bisa dipondah deui. Sagala rupa anu diciptakeun téh pasti aya pasanganana. Ngan anu garanna papasangan ieu, lain hartina jumlah atawa wangunanana hiji lawan hiji. Papasangan di dieu condong kana kaayaan atawa pasipatan anu béda atawa papalingpang, contona waé beurang jeung peuting, bener jeung salah katut senang jeung sedih.

Nurutkeun panalungtikan anu leuwih kahot, nanaon anu aya di dunya ieu téh dina jero-jerona mah dieusian ku dua jinis anu papasangan. Eta pangeusina téh mangrupakeun anu pangleutikna dina hiji hal (perkara, benda, barang) nyaéta atom. Dina atom, aya dua jinis pangeusi anu papasangan nyaéta éléktron dan proton. Dua jinis pangeusi ieu ngabogaan pasipatan anu béda jeung pasalia, anu hiji mah ngabogaan muatan positip nyaéta proton, sedengkeun éléktron mah muatanana téh négatip. Jadi lamun kitu mah dina dasarna sagala hal/benda/barang téh ngabogaan pangeusi anu papasangan.

Wanci Sareupna, Barudak Kudu Ngarampih Bisi aya Sandekala


Wanci sareupna bisa jadi wanci anu kudu dijauhan pikeun jalma-jalma urang lembur, hususna pikeun barudak. Lamun wanci geus ngagayuh ka wanci sareupna, kolot-kolot biasana mah ngageroan budak-budakna pikeun gera ngarampih ka jero imah. Ulah aya budak anu kumawani ngulampreng atawa masih kénéh ulin di luareun imah. Kabéhanana kudu arasup ka imah. Ceuk basa mah cenah, bisi aya sandékala.

Nya biasana mah barudak téh narurut pikeun gagancangan arasup ka jero imah. Ngaringkeb waé di imah, ulah kaluar dina waktu éta. Tapi, kaayeunakeun mah dina waktu sareupna téh lolobana mah barudak téh arinditna ka masigit. Malahan mah dina wanci saacan sareupna ogé barudak mah geus arindit ka masigit. Lamun ngulamprengna arék ka masigit mah, taya ieuh anu ngalarang kolot-kolot téh. Da ka msigit mah kolot téh osok ngajurung-jurung. Sigana mah meureunan éta sandékala téh sieuneun lamun kudu manggihan barudak anu ka masigit mah.

Nincak wanci sareupna

Jadi, pikeun danget ayeuna mah barudak téh teu dilarang deui dina waktu sareupna arindit ka masigit. Béda jeung barudak anu henteu indit ka masigit. Anu henteu ka masigit mah biasa osok dicarék pikeun ngulampreng di luareun imah, kudu cicing di jero imah.

Terus, naon atuh anu ngaranna Sandékala téh?

Ceuk kolot mah sandékala téh mahluk anu pikasieuneun. Anu dipikaresep ku éta mahluk téh nyaéta barudak. Sedengkeun ari wujudna éta mahluk téh kacida gedéna.

Sanajan kitu, nepi ka ayeuna tacan aya kabéjakeun urang lembur anu nangénan atawa manggihan éta mahluk.