Mikawanoh Nadoman atawa Pupujian


Nadoman atawa pupujian mangrupakeun hiji wangun kakawihan anu eusina ngeunaan bagbagan agama atawa ngeunaan kahirupan anu diwengku ku agama. Eusina lolobana mah ngeunaan pépéling pikeun kahirupan jalma. Salian ti ngeunaan pépéling, aya ogé anu nyaritakeun ngeunaan agungna Gusti Alloh, ngeunaan kahirupan Kanjeng Nabi Muhammad jeung anu séjénna.

Barudak ngarumpul di masigit

Nadoman osok dikawihkeun hususna ku barudak nalika nungguan datangna waktu solat (saméméh ngong adan) atawa nungguan diadegkeunana solat (sanggeus ngong adan nungguan komat). Dina nungguan waktu solat saperti solat Maghrib atawa Isya, di masigit barudak osok ramé nadoman atawa pupujian. Lamun di masigitna aya TOA atawa sapeker, nadomanana osok disambungkeun kana TOA. Kusabab kitu, dina waktu Maghrib mah di masigit téh osok ramé ku barudak anu ngadon nadoman atawa pupujian, malahan mah aya anu osok patarik-tarik sora. Sanajan remenna osok ku barudak dinadomkeunana, tapi kolot ogé osok miluan ngawihkeun pupujian atawa nadoman.

Ngeunaan jinis jeung rupa nadoman atawa pupujian, kacida lobana. Ngan sakumaha jinis kakawihan baheula, loba nadoman atawa pupujian anu ngan ukur tatalépa ngaliwatan carita atawa omongan wungkul, henteu nepikeun ka ditulis dina buku. Hususna di pilemburan. Nadoman atawa pupujian téh tatalépa ku jalan diapalkeun. Dina sakalina lila henteu dinadomkeun téh apanan poho waé bari jeung teu boga catetanana. Salian ti eta oge kadang kusabab tatalepana ngaliwatan omongan kalawan langsung diapalkeun, jarang anu apal kana judul nadoman atawa pupujian anu keur dinadomkeunana. Teuing ti dituna oge geus tanpa judul….

(Gambar meunang nginjeum ti http://a1.sphotos.ak.fbcdn.net/)

Ngabuburit, Antara Baheula jeung Ayeuna


Geus jadi kabiasaan jeung kabudayan anu ngarana ngabuburit mah. Teu nempo di kolot atawa di budak, teu nempo di pasisian atawa di dayeuh, anu ngaranna ngabuburit mah geus biasa dilaksanakeun pikeun jalma-jalma anu keur paruasa. Saenggoning nungguan waktuna buka puasa, jalma-jalma téh loba anu ngadon arulin atawa migawé pagawéan séjénna anu dilakonan supaya waktu ngadagoan waktuna puasa téh teu karasa. Arék naon waé perkara anu dipigawéna mah, nu penting tujuanana ngabuburit.

Ku robahna waktu jeung jaman, anu ngaranna ngabuburit téh geus loba robahna. Utamana kumaha ngbuburitna. Anu ngabuburit mah lolobana ku jalan arulin atawa jalan-jalan. Da ku jalan arulin mah, waktu teh biasana mah teu karasa pisan nyérélékna. Nyaho-nyaho geus nepi waé kana waktu Maghrib téh. Jeung deui anu ngaranna ulin mah teu pati méakeun tanaga teuing. Najan laleuleus kusabab nahan lapar jeung hanaang ogé, masih kénéh bisa lamun kudu ulin mah.

ngabuburit make kandaraan gilinding dua

Dina perkara ulin, baheula reujeung ayeuna mah béda pisan. Lamun baheula mah anu ngaranna arulin atawa jalan-jalan téh bener-bener leumpang. Ayeuna mah apanan sanggeus mahabuna kandaraan utamana kandaraan gilindingna dua mah, arulinna téh naraék kana kandaraan. Lamun baheula mah kusabab laleumpang, arulinna téh tara ieuh jauh teuing da bisi capé teuing reujeung bisi kaburitan, da biasana bukana téh di imah. Sedengkeun ayeuna mah arék ulin ka tempat anu jauh ogé dilakonan waé jeung teu sieuneun kamaghriban di jalan, kusabab tinggal mawa bekel waé saeutik mah pikeun buka. Lamun kamaghriban di jalan téh apanan tinggal néangan anu jualan inuman terus buka di jalan. Teu kudu muru buka ka imah.

(Gambar meunang nginjeum ti http://1.bp.blogspot.com/_8hVKTVqoIds/S661VN_wH2I/AAAAAAAAAnw/qqRYrbXWDLA/s1600/ngabuburit2.jpg)