Pormasi Maén Bal Harita mah 2-3-5


Lamun dina mangsana maén bal téh baheula mah osok maké stratégi anu béda reujeung ayeuna. Strategina patukang tonggong reujeung stratégi ayeuna. Lamun mangsa kiwari mah lolobana pamaén téh anu jadi bék di tukang atawa di tengah (jadi gelandang), anu di hareupna mah ngan saeutik. Sedengken ari baheula mah anu loba téh di hareupna. Mangsa keur leutik mah, anu biasa dipaké téh nyaéta dua urang anu jadi bék, anu jadi bagéan di tengah (gelandang) aya tiluan, sedengkeun anu di hareup aya lima urang. Jadi loba kénéh anu dihareup tibatan anu di tukang (jadi bék). Najan timna béda ogé, sarua maké stratégi atawa pormasi saperti kitu. Jadi dina pas maénna téh imbang waé. Dua tim anu keur tanding téh miboga pormasi anu sarua. Teuing euweuh deui pilihan pormasi sigana mah.

Pormasi/strategi maen bal 2-3-5

Dina prungna maén bal, teu matak keder pikeun bék najan ngan duaan kudu diserang/ngalawanan lima urang tukang ngagolkeun (penyerang) tim tim lawan. Da dina praktékna mah ieu pormasi téh teu jadi patokan. Aya kalana anu di hareup jeung anu di tengah ogé ngilu ka tukang mantuan anu bék dina waktuna diserang. Jadi imbang waé dina maénna mah.

Lamun anu keur maénna téh barudak leuwih ramé deui. Najan maké pormasi saperti kitu, pas dina maénna mah angger waé acak-acakan. Ampir kabéhanana ngudag-ngudag bal, ka mana waé ngagorolongna. Ngan kiper anu cicing ngadon nungguan gul téh. Nu séjén mah ti mimiti bék nepikeun ka anu jadi penyerang, abring-abringan ngungudah bal. Teu anéh lamun loba tempat anu kosong. Najan capé ogé ngungudag bal, tapi da resep.

(Gambar meunang nginjeum ti http://i39.tinypic.com/oftszk.gif)

Pérsib Bandung Waktu Harita


Ti béh ditu kénéh ogé anu ngaranna maén bal mah geus loba anu mikaresepna. Arék budak atawa kolot sarua resepeun kana maén bal mah. Naha arék maén balna langsung di lapang (jadi tukang maén bal) atawa ngadéngékeuanana siaran langsung tina radio. Barudak anu mikaresep maén bal biasana mah osok hareureuy di lapang poli ngadon maén bal, da lamun kudu ka lapang maén bal mah lumayan jauh. Lapang poli anu leutik téh dipaké maén bal. Bal anu dipakéna bal biasa anu basajan atawa bal palastik lain bal bliter, da gedé jeung teuas teuing. Bal bliter mah paranti maén bal kolot, jeung kudu maké sapatu paranti maén bal.

Tim maen bal Persib Bandung harita

Dina palebah ngadéngékeun siaran maén bal tina radio, anu dipikalandep téh siaran langsung maénna tim Pérsib Bandung. Lamun tim Pérsib Bandung maén dina Liga, biasana mah osok disiarkeun ngaliwatan radio RRI Bandung, naha arék maén di Bandung atawa keur nyorog ka tempat tim séjén. Ngadéngékeun tina radio téh lain kusabab henteu disiarkeun ngaliwatan tipi, tapi tipi harita mah masih kénéh jarang jeung tacan tangtu disiarkeun. Salian ti éta, ngadéngékeun siaran tina radio mah leuwih ramé jeung leuwih pagot. Raména téh ku anu nyiarkeunana. Ngocoblak mani norolang ngajelaskeun kumaha jalanna maén bal, ti mimiti lalumpatanana anu maén bal jeung pulang antingna bal napikeun ka kaayaan anu keur lalajo maén bal di sisi lapang. Lamun dina asupna jadi gul, siga anu pahibut sorangan.

Ngeunaan Pérsib Bandung mah, harita mah da euweuh deui tim maén bal anu dipikalandepna salian ti tim Pérsib Bandung. Teuing pédah tim Pérsib mah bogana urang Sunda jeung asalna ti tatar Sunda. Komo anu maénna apanan harita mah lolobana asalna urang Sunda, sakumaha aya Robbi Darwis, Ajat Sudrajat, Nandang Kurnaedi, Yudi Guntara, Sobur jeung anu séjénna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://stat.ks.kidsklik.com/statics/files/2011/01/129617767991574126.jpg)

Tukang Maén Bal Urang Sunda di Luar Nagrég


Sabenerna mah anu ngaranna Urang Sunda téh lain ngan ukur jalma-jalma anu nyicingan wewengkon tatar Pasundan wungkul. Tapi aya ogé jalma-jalma anu cicingna di luar wewengkon Pasundan anu kaasup urang Sunda. Wewengkon luar tatar Pasundan téh lain ngan ukur wewengkon di nagri Indonesia wungkul, tapi ogé unggal wewengkon di sakuliah alam dunya. Di sakuliah alam dunya anu ngawengku sakabéh wewengkon, bisa dipanggihan anu ngaranna Urang Sunda. Intina mah anu ngaranna Urang Sunda téh bisa kapanggih di Luar Nagrég (Luar Nagri).

Kaka, tukang maen bal Real Madrid

Di sababaraha wewengkon di Luar Nagrég bisa kapanggih Urang Sunda, anu bisa katempo dina ngaranna éta jalma. Ngaran jalma éta sanajan aya di Luar Nagrég, tapi ngaranna maké kecap anu osok dipaké ku Urang Sunda. Supaya gampang mah, pikeun buktina bisa ditilik dina ngaran-ngaran jalma anu jadi tukang maén bal di Luar Nagrég. Aya sababaraha (lamun henteu disebutkeun loba) ngaran tukang maén bal anu ngaranna maké kecap-kecap tina Basa Sunda atawa anu osok dipaké ku Urang Sunda.

Hayang apal? Ieu diantarana

  1. Adan (Antonio Adan), Real Madrid
  2. Balé (Gareth Bale), Tottenham Hotspurs
  3. Dédé, tukang maen bal urang Brasil
  4. Hakan (Hakan Sukur, Hakan Yakin), tukang maen bal asal Turki
  5. Kaka (Ricardo Kaka), Real Madrid
  6. Nani (Luis Nani), Manchester United
  7. Saha (Louis Saha), Everton
  8. Sami (Sami Khedira), Real Madrid
  9. Yaya (Yaya Toure), Manchester City

Kaulinan Barudak jeung Ukuran anu Tangtu


Dina milampah kaulinan barudak, barudak remen disinghareupkeun kana hal atawa perkara anu kudu diukur. Ukuran anu biasa kapanggih mah nyaéta ukuran panjang. Panjangna bisa panjang ka hareup, panjang ka gigir atawa panjang ka luhur (jangkung).

Dina ngukurna, supaya gampang tara maké ukuran mangrupa jidar atawa méteran. Remen maké ukuran anu aya dina anggahota awak saperti jeungkal, deupa, léngkah atawa jangkung anggahota awak. Ukuran maké anggahota awak dipilih supaya ngagampangkeun dina ngukurna, sabab unggal budak pasti miboga anggahota awak anu bisa dipaké ngukur panjang atawa jangkung.

Dina maén pris-prisan atawa maén bal, pikeun nyieun gawangna osok maké ukuran léngkah atawa pitapak suku. Anu nyieun gawang, teu kudu néangan ukuran anu bakal dipaké ngukur legana gawang. Paké waé léngkah atawa dampal suku pikeun ngukurna.

Maén kaléci

Dina loncat tinggi maké karét geulang ogé sarua. Dina nérékél naék jangkungna karét, teu kudu susah néangan pangukur jangkungna. Paké waé bagéan awak anu gampang ngaranna. Jangkungna karét téh apanan aya istilah satuur, sacangkéng, sadada, sataktak, sasirah, jeung saleungeun.

Dina maén kaléci, ngukur centikna kaléci saurang budak, biasana maké jeungkalan ramo budak. Lamun anggangna kurang ti sajeungkal, éta kaléci jadi centik. Sedengkeun lamun leuwih ti sajeungkal, henteu centik. Jeung loba deui ukuran-ukuran séjénna dina kaulinan barudak.

Ngan aya hiji hal anu kudu ditengetan téh nyaéta ngeunaan panjangna ukuran anu dipaké. Sanajan ngaran ukuran anu dipakéna sarua, unggal budak miboga ukuran anu béda-béda panjangna. Contona waé dina luncat tinggi. Aya kalanan karét geulang anu kudu diluncatan téh, henteu sarua jangkungna. Najan satuur atawa sacangkéng, bisa waé henteu sarua jangkungna. Ieu hal téh gumantung kana budakna.
Kadang dina prak-prakanana, bédana panjang ieu osok jadi sabab pabéntar paham. Contona waé dina maén bal jeung pris-prisan. Lamun anu ngukur gawang téh budakna béda osok jadi béda legana.

(Gambar meunang nginjeum ti http://46dody.files.wordpress.com/2011/04/bermain-kelereng.jpg)