Patani jeung Pesbuk


Dina pakaitna patani jeung pesbuk, aya perkara anu matak hémeng. Naha bener kitu anu maké pésbuk téh lolobana mah patani?

Lamun bener kitu, kira-kirana percaya teu? Jeung naon sababna…?

Nurutkeun warta ti hiji situs, cenah anu jadi anggahota pésbuk téh lolobana patani.

Anu jadi kapanasaran téh, naha bet bisa…?

Bisa waé sigana mah kusabab jaman téh geus kacida majuna, jadi waé sanajan pagawéanana patani tapi resep pesbukan. Atawa memang geus robah, anu tadina patani téh ayeuna mah ganti pacabakan jadi tukang pesbukan.

Tapi, kelanan….

Nurutkeun éta warta, anu disebut patani dina anggahota pésbuk mah lain patani biasa. Sebutan patani pikeun anggahota pésbuk téh lain ku sabab pagawéan sapopoéna jadi patani atawa di kebon, tapi kusabab resep jeung remen maén kekebonan dina situs pésbuk.

Kekebonan di pesbuk

Sakumaha anu geus kamaphum ku sakabéh anggahota pésbuk, dins pésbuk téh loba pisan anu ngaranna kaulinan anu disebut gim téa. Hiji kaulinan anu loba pisan anu maénkeunana téh nyaéta gim farmville. Farmville mangrupakeun gim anu dijerona ngajak anggahota pesbuk pikeun nyieun kekebonan. Kekebonan anu sakumaha dina kahirupan nyata, kudu dipelakan (kaasup kudu dipacul saméméh dipelakan) dilongokan supaya ulah loba hama jeung jukut jeung dipanén dina waktuna panén (lamun dina waktuna panén henteu dipanén waé, buahna bakal buruk).

Paculna Henteu Ngalagu


“Wah atuh isukan moal bisa. Soalna paculna henteu ngalagu.”

Mun ras inget ka pun aki, salasahiji anu dipikainget téh nyaéta kekecapan anu di luhur éta. Mangsa wanci ninggang peuting, aya tatangga datang ka imahna pun aki. Eta tatangga téh ménta pun aki pikeun mantuan macul di sawahna. Nya témbal pun aki téh kitu, cenah mah moal bisa lamun isukan mah da paculna henteu ngalagu.

Pacul keur dipake macul di kebon

Harita mah hayang seuri téh. Hayang seurina, nya da henteu hayang seuri kumaha. Piraku aya pacul bisa ngalagu? Apanan ngalagu mah sarua reujeung nyanyi lain? Atawa kecap sasaruan séjénna mah aya nembang jeung ngawih. Kitu lain?

Ngan ku pun aki mah kecap ngalagu téh bet disurupkeun reujeung pacul sagala. Lamun aya pacul henteu ngalagu, hartina aya ogé pacul anu ngalagu. Harita kebeneran waé pacul pun aki téh henteu ngalagu. Da lamun bisa ngalagu mah jigana moal nolak pangajak tatangga téa pikeun mantuan magawé di sawah. Da geus jadi pagawéan di lembur mah lamun kana macul téh. Komo deui lamun mantuan batur mah, lamun henteu dibayar ku duit téh bisa ogé éta tatangga téh malik mantuan macul deui.

Balik deui kana kecap ngalagu. Lamun diterapkeun kana pacul mah ngalagu téh sapertina lain miboga harti nyanyi atawa nembang. Naon atuh?

Nilik kana kaayaanana, pacul téh ngabogaan mangpaat pikeun macul. Pacul pikeun macul naha arék di kebon atawa sawah. Jadi kailaharanana pacul téh nyaéta pikeun macul. Lamun henteu ilahar atawa eukeur aya masalah atawa eukeur gangguan, éta pacul téh henteu bisa dipaké macul, naha kusabab rompang seuseukeutna atawa potong leungeun paculna. Lamun aya masalah eta mah, pacul teh teu bisa dipake macul.

Dina kajadian ieu, pacul henteu ngalagu téh hartina mah, sigana, paculna henteu bisa dipaké macul. Kusabab éta, pun aki nolak pangajak tatangga téa pikeun mantuan macul.

Lamun kitu mah, ngalagu téh bisa dipaké sakumaha hancenganana. Lamun paculna ngalagu, hartina pacul téh bisa dipaké macul.

Antara Lini jeung Liang Lini


“Mon, apal kénéh mangsa dua minggu katukang, basa aya lini?” Si Acim nanya ka si Acim mangsa duanana keur ngaroblol di pipireun sakola.

“Apal atuh. Apanan mani sakitu inggeungna.” Ceuk si Omon dari pisan, “kuring ogé anu eukeur di imah, nepikeun ka tibuburanjat lumpat ka luar da sieun katinggang kenténg.”

“Sarua kuring ogé, mani reuwas. Ngan untung kuring mah eukeur ulin di buruan. Jadi teu sieun teuing katinggang kenténg téh. Ngan tetep waé kuring ogé reuwas, da sieun imah kuring rugrug.” Si Acim teu éléh daria.

“Jigana mah gedé pisan linina harita mah.”

“Nya puguh waé atuh, Mon. Da inggeungna ogé karasa pisan. Malahan mah nepi ka lembur Pa Endang ogé cenah mah.”

“Pa Endang guru kelas genep?”

“Heu-euh.” Témbal si Acim, “apanan lemburna Pa Endang mah kacida jauhna ti sakola urang. Rata jigana mah keuna ku lini.”

“Tapi, naha manéh bet nyaritakeun ngeunaan lini sagala? Apanan manéh mah embung deui-deui lain ngalaman lini jiga kitu téh?” Si Omon nanya ka si Acim bari melong ka si Acim siga anu panasaran.

“Ih, éta mah kamari-kamari atuh.” Témbal si Acim. “Da ayeuna mah kuring teu sieun deui….”

“Naha…?”

“Teu naha-naha.” Témbal si Acim bari cingongo. “Ngan sigana mah moal aya lini gedé deui.”

“Naha…?” Si Omon héraneun kana omongan si Acim, siga jadi jalma pinter waé bisa nangtukeun moal aya lini deui.

“Heu-euh atuh.” Si Acim bari ngarérét ka jero kelas ngaliwatan jandéla kaca. “Apanan kamari ku kuring geus kapanggih di kebon.”

“Maksudna? Maksud manéh geus kapanggih teh naon…?” Si Omon melong, teu ngartieun kana maksud anu dicaritakeun ku si Acim.

“Tenang heula atuh. Kieu gera jujutanana mah.” Si Acim nyanghareup ka si Omon anu sarua cingongo ogé. “Basa kamari kuring ulin di kebon, bapa kuring keur ngali taneuh pikeun nyieun galengan. Waktu nyieun galengan éta, bapa kuring manggihan liang anu gedé pisan. Tah éta téh Liang Lini.”

“Naon pakaitna ari manéh…?” Si Omon melong ka si Acim.

“Heu-euh, apanan dua minggu katukang urang téh kaserang lini. Tah…, kamari bapa kuring manggihan liang lini. Jadi linina moal aya deui, da liangna geus kapanggih. Liang linina geus diruang deui ku bapa kuring jeung ku kuring.”

“Kitu nya…?” Si Omon teu percaya.

“Heu-euh kitu. Liang linina geus euweuh. Geus diruang.” Si Acim ngajéntrékeun deui.

“Teu percaya kuring mah.” Si Omon nangtung.

“Arék ka mana, Mon?” Si Acim curinghak. Manéhna milu nangtung, sieun ditinggalkeun.

“Ka kelas….” témbalna bari ngaléos.

Ngamimitian Tatanén


Dina bulan Séptémbér, jalma-jalma keur meumeujeuhna segut kana pagaweanana sewang-sewangan. Ma’lum, anu jadi patani. Manggihan usum hujan teh jadi kasempetan pikeun mitemeyan atawa ngamimitian tatanen. Sabenerna mah da nu ngaranna pagawean tatanen mah ti beh dituna keneh oge geus dimimitian. Kira-kira bulan Juli-Agustus, patani geus ngamimitian nyacar. Ngan waktuna melak mah nya dimimitian ti mimiti usum hujan.

Ti bulan Juli keneh geus ngamimitian nyacar kebon anu bala ku jujukutan atawa tatangkalan. Kajaba kebon urut pepelakan, anu henteu dipinuhan ku jukut, tara ieuh dicacar, cukup ku langsung di pacul wungkul. Sanggeus nyacar, jukut atawa tatangkalan anu laleutik meunang nyacarna didurukan atawa dipiceunan ka piheuleutan supaya ulah jaradi deui dina pepelakan. Nu matak dina nyacar mah biasana mah dina usum halodo keneh supaya jujukutanana gampang didurukna atawa gampang paehna lamun dipiceunan teh. Beda jeung geus usum hujan.

Beres ngadurukan atawa miceunan jukut meunang nyacar, biasana mah diteruskeun kana macul. Macul mah bisa dina waktu usum halodo keneh, bisa oge mun geus usum hujan. Mun usum halodo mah taneuhna rada lempur kajaba mun tapak katincakan oso rada teuas. Mun usum halodo mah taneuhna jadi rada liket, jadi gampang narapelna kana pacul.

Satutasna macul, diteruskeun kana nemprang jeung ngarag. Nemprang mah pikeun ngalempurkeun taneuh meunang macul anu guguruntulan galede keneh, sedengkeun ngarag mah pikeun miceunan sabangsaning akar-akaran tina taneuh meunang macul.

Beres eta, kakara bisa ngamimitian tatanen. Perkara tatanen mah kumaha bibinihan anu arek dipelakna. Aya pepelakan anu kudu diaseuk, aya oge anu kudu digaritan, ditancebkeun, jeung cara sejenna.

Anu biasana diaseuk mah bibinihan sabangsaning pare (di huma), suuk, jeung nu sejenna. Ari pepelakan anu biasa digaritan mah sabangsaning cikur, jahe, kacang taneuh. Ari anu ditancebkeun mah ssaperti melak sampeu.

Dina pepelakan, aya pepelakan anu jadi pokona aya oge pepelakan anu jadi pepelakan tambahan. Pepelakan anu jadi poko atawa anu utama biasana umur nepi ka dipanenna teh leuwih lila tibatan pepelakan tambahan. Jeung nu ngaranna pepelakan tambahan mah tara leuwih loba tibatan pepelakan utama. Jeung deui anu ngaranna pepelakan utama mah osok ngan ukur sarupa wungkul, sedengkeun pepelakan tambahan mah bisa leuwih ti sarupa.

Pepelakan tambahan anu osok dipelak biasana mah sabangsaning kacang panjang, bonteng, waluh, jagong jeung anu sejenna.