Mapag Lebaran


Dina wanci ngagayuh ka poéan lilikuran, salian ti aya anu harusu kana néangan Lailatul Qodar, aya ogé anu pahibut siap-siap mapag Lebaran. Najan masih kénéh sababaraha poé deui kana lebaranana, tapi euyeubna geus karasa. Hal ieu bisa katohiyan kana kaayaan jalma-jalma anu geus siap-siap pikeun mapag éta poé. Pikeun mapag éta poé, aya anu haget néangan pakéan anu sing sarwa weuteuh. Ngahaja ngadon balanja ka pasar seja néangan pakéan sakulawargaeun, atawa ngadon meuli ti tukang dagang barang anu ngider ka lembur.

Salian ti siap-siap dina pakéanana, aya deui anu siap-siap dina hal dahareunana. Pikeun mapag poéan lebaran, ampir sarua reujeung mapag datangna bulan puasa: dahareun téh osok sagala diayakeun. Kadaharan geus dipolahkeun ti anggalna kénéh, komo deui kadaharan anu kudu diolah heula kayaning opak, rangginang reujeung wajit. Terus lamun wanci arék nincak kana poéan lebaranana osok ditambahan ku kadaharan anu teu bisa lila diteundeunna kayaning papais. Teu kaliwat ogé deungeun sanguna kayaning daging jeung lauk. Anu boga hayam (ngingu hayam loba), bisa meuncit hayam bogana. Atuh anu teu boga ngadon nyiar ka pasar atawa meuli ti tatangga.

Kadaharan anu disayagikeun pikeun mapag lebaran: kanéker, akar kalapa, papais, opak, rangginang

Atuh dina prakna lebaran téh jadi sagala aya jeung sagala weuteuh. Papakéan anu dipaké téh pakéan weuteuh kakara meuli. Kadaharan anu disadiakeun ogé jadi sagala aya. Kadaharan anu disadiakeun téh lain ngan ukur keur dahareun sakulawarga wungkul, tapi ogé biasana mah dipaké pikeun ngiriman (mawakeun) ka kulawarga séjén: baraya, kolot jeung dulur anu salembur atawa béda lembur.

Lilikuran jeung Lailatul Qodar


Sakumaha kamaphum ku sakabéhna anu ngaranna bulan puasa kaahirnakeun mah osok dipaké pikeun néangan peutingan Lailatul Qodar. Peutingan ieu mangrupakeun peutingan anu kacida pentingan pikeun jalma-jalma anu paruasa. Jalma-jalma anu ngarti jeung apal kana kaagungan éta peuting, dina ahir bulan puasa osok beuki leket kana ibadahna, beuki nambahan ibadahna. Dina peuting-peuting lilikuran hususna peuting ganjil, saperti tanggal 21, 23, 25, 27 atawa tanggal 29 Romadon, bisa jadi mangrupakeun peuting Lailatul Qodar.

Maleman kodar (Lailatul Qodar)

Peutingan Lailatul Qodar mangrupakeun hiji peuting anu agung, anu dina peuting éta lamun hiji jalma migawé ibadah mangka éta ibadahna téh leuwih alus tibatan ibadah salila sarébu bulan. Jadi pikeun anu apal mah kana kaonjoyan éta peuting, bakal néangan éta peuting. Da peuting éta téh taya anu apal ninggangna dina peutingan kasabaraha. Ngan anu jelas, cenah saur pun guru mah bakal datangna téh dina peuting lilikuran anu ganjil.

Kusabab taya jalma anu apal iraha-irahana, biasana mah unggal peuting lilikuran hususna maleman ganjil osok dipaké itikap di masigit atawa tadarusan. Sanggeus réngsé solat Taraweh téh osok disambung ku tadarusan jeung itikap, henteu langsung balik ka imah.

(Gambar meunang nginjeum ti http://nahimunkar.com/wp-content/uploads/2011/08/makna_lailatul_qadar.jpg)

Dahareun jeung Maleman Lilikuran


Maleman lilikuran bisa jadi maleman anu dianti-anti ku jalma-jalma anu keur paruasa. Komo anu apal kana kaagunganana jeung kaalusanana maleman lilikuran mah, kana ibadahna beuki haket jeung beuki euyeub. Soalna dina maleman lilikuran mah aya hiji peuting anu kacida agungna nyaeta peutinga kodar atawa Lailatul Qodar.

Lain jalma lain kahayang jeung pamadegan pon kitu deui udagan. Pikeun sawaréh jalma mah dina peutingan lilikuran téh mangrupakeun kasempetan pikeun néangan Lailatul Qodar, sedengkeun pikeun sawaréh deui mah lain. Komo deui lamun nerapna ka barudak mah. Dina maleman lilikuran téh lain néangan Lailatul Qodar, tapi kalahka néangan dahareun. Kolot-kolot mah arindit ka masigitna téh seja ibadah anu soson-soson, ari barudak mah indit ka masigitna téh loba anu ngadon hayang murak dahareun.

Masigit

Dina maleman lilikuran, salian ti ibadah anu geus biasa dipigawé saperti solat jeung tadarus, aya ogé anu ngahajakeun ngirim dahareun ka masigit. Tidituna mah apanan hayang méré mawéh ka jalma-jalma anu keur aribadah di masigit. Jadi tujuanana mah kumaha supaya bisa nambahan jinis ibadah ku jalan sodakoh atawa barangbéré. Komo deui apanan ieu mah anu dibéréna ogé jalma-jalma anu keur ibadah. Tangtuna ogé ganjaranana bakal leuwih tibatan barangbéré ka jalma anu henteu keur ibadah. Dahareun anu dikirimkeun loba rupana, ti mimiti dahareun anu meunang ngala langsung tina tangkalna saperti cau, hui, jsb katut dahareun meunang molahkeun saperti opak, papais, rangginang, wajit, jeung anu séjénna.

Ngan hanjakal, pikeun barudak mah dahareun ieu téh jadi tujuan maranéhna indit ti imah ka masigit. Lain ibadah tujuan anu utamana mah. Tapi sanajan kitu, teu bisa dikukumaha. Anu ngaranna budak mah apanan masih kénéh acan panceg kana bebeneran jeung osok kabawakeun kumaha raména.