Mangga Ka Lebet


Geus jadi kabudayan, anu ngaranna sémah mah osok diangkir ka jero imah. Piraku waé aya sémah diantepkeun di buruan atawa di golodog mah. Pikeun ngaragangan jeung ngajénan sémah, anu mimiti diucapkeun téh apanan kekecapan “Mangga ka lebet.”

Sanajan teu kabéh sémah osok daékeun ka jero imah, tetep waé da ka sémah mah kudu soméah atawa daréhréh. Naha arék daékeun diangkir ka jero imah atawa henteu (nungguan di buruan ku sabab perluna ngan ukur sakeudeung).

Dina hal nganggir sémah ku kecap Mangga ka lebet, pikeun anu resep heureuy mah embungeun di titah ka lebet téh. Babasaanana téh cenah, embung ah loba reungit di Lebet mah.

Aya benerna ogé, di Lebet mah loba reungit.

Rungkun awi di Lebet

Lebet téh lain ngan ukur miboga harti jero imah. Di lembur mah anu ngaranna lebet téh salian ti ngaran jero imah, ogé mangrupakeun ngaran tempat anu perenahna di sisi leuweung. Éta patempatan téh dipinuhan ku tutuwuhan kayaning rungkun awi jeung tatangkalan séjénna. Ngan lolobana mah rungkun awi, hususna awi tali.

Jadi lamun dititah ka lebet téh kudu jelas heula, lebet anu mana. Lamun lebetna téh jero imah mah, nya tangtuna ogé daékeun. Tapi lamun dititah ka lebetna téh ka leuweung awi, kudu mikir heula. Sanajan euweuh sato ganggas, tapi da anu ngaranna reungit leuweung mah tangtuna ogé bakal napuk kana awak.

Kumaha Lamun Diudag Maung?


Saha anu apal lamun hiji waktu ulin ka leuweung atawa leuleuweungan reujeung babaturan. Naha ngan sakadar ulin wungkul atawa kusabab aya perlu, atawa bisa ogé ka leuweung téh kusabab geus jadi pangaresep. Dina waktuna ka leuweung, tacan tangtu bisa diréka-réka bakal manggihan atawa pasarandog jeung nanaon. Saleuheung lamun leuweungna téh ngan ukur leuweung biasa kawas leuweung mahoni atawa leuweung jati, lain leuweung gerot atawa geledegan. Lamun dina prak-prakanana téh leuweung anu disorangna leuweung geledegan atawa leuweung anu henteu dipikawanoh, apanan teu apal naon waé pangeusi éta leuweung. Bisa waé apanan leuweung anu dijugjug téh loba pisan pangeusina, ti mimiti sasatona nepikeun ka tutuwuhan, boh anu leutik atawa anu galedé jeung jarangkung. Lamun sasatoan, meureunan ti mimiti sato lindeuk kayaning bangkong nepi ka sato ganggas kayaning maung atawa oray anu peurahan.

Tah dina lebah dieu, saacanna ulin atawa ngajajah leuweung, aya alusna lamun miboga bekel. Bekel anu dibawa pikeun nyinghareupan kajadian anu panggoréngna atawa kajadian anu teu dipiharep. Kajadian anu panggoréngna dina ieu perkara mah nyaéta papanggih jeung sato ganggas atawa galak kayaning maung jeung singa.

Kumaha atuh carana lamun papanggih jeung maung atawa singa…?

Maung jeung oray

Cenah ceuk béja, anu ngaranna maung mah osok ngadaharan daging kaasup daging jelema. Atuh lamun kitu mah dina papanggih reujeung maung téh meureunan bakal dihakan ku maung téa. Saha atuh jalmana anu daék dihakan ku maung. Tangtuna ogé euweuh anu daékeun.

Dina papanggihna reujeung maung, tangtuna ogé kudu lumpat ngajauhan éta maung. Ngan kumaha lamun diudag ku maun téa…? Dina lebah dieu kudu miboga cara anu alus pikeung ngingkahanana. Kumaha carana lamun diudag maung supaya bisa salamet?

Cara anu sabenerna mah gampang, teu susah-susah teuing.

Lamun diudag maung, nya udag waé maung anu ngudag téa. Tangtuna bakal salamet moal diudag ku maung.

(Gambar meunang nginjeum ti http://1.bp.blogspot.com/_Cle4rzBmeaY/TRQRTPcRqvI/AAAAAAAAADc/g8Qhyi8-O4c/s1600/Tiger-%2526-Snake-web.jpg)

Tangkal Bungur


Angin subuh geuning ngahiliwir
Raga nyawa katambias
Geus Nyangreud katineung deudeuh
Geuning
Kembang bungur geuningan ting arulang
Reumisna nungtut ragragan
Cipanon kuring
Tali asih seungit kembang
Disusun ku wening ati
Kanyaah taya sudana

Ngadéngé éta kawih anu judulna Kembang Bungur, jadi inget ka lembur. Inget mangsa keur leutik basa ka leuweung manggihan tangkal bungur. Tangkalna lumayan jangkung jeung henteu lempeng. Ditambah jeung loba dahanan. Anu jadi ciri éta tangkal téh nyaéta pucuk daunna anu rupana (warnana) téh bungur. Sedengkeun ari rupa kembangna mah teu apal.

Sedengkeun di dayeuh ogé, ayeuna mah loba tangkal bungur téh. Ngan waktu ditelek-telek téh, rarasaan mah aya anu béda reujeung tangkal bungur baheula. Béda pisan dina rupa tangkal, daun jeung kembangna.

Teuing pedah pindah tempat jadina, teuing béda jinisna.

Teu apal ogé tah….

Tangkal jeung kembang bungur (asal poto: internet)

Kudu nalungtik ka leuweung deui sigana mah.

Ngaran Patempatan di Pagunungan


Dina perkara tempat, aya sababaraha istilah anu osok dipake pikeun ngaran hiji tempat. Ngaran ieu teh biasa gumantung kana kaayaan tempatna. Hiji tempat reujeung tempat sejenna osok ngabogaan istilah atawa ngaran anu beda-beda. Istilah-istilah anu di handap ieu mah biasa dipake pikeun patempatan di wewengkon pagunungan jeung pileuweungan.

Pagunungan
  1. Bubulak/bulakan, tempat nu pinuh ku jujukutan nu aya di pasir atawa di lamping gunung.
  2. Dungus, gundukan tatangkalan laleutik jeung (rada) rembet, biasana ayanan di leuweung.
  3. Gawir, taneuh anu nangtung anu aya di sisi jungkrang.
  4. Geger, tonggoh gunung anu manjang.
  5. Gerembel, kumpulan tatangkalan nu rada rembet, tapi teu biasa dipaké nyumput sasatoan.
  6. Guha, liang dina taneuh anu rada gede anu bisa diasupan ku jalma.
  7. Hunyur, imah rinyuh atawa taneuh nu mucunghul, pasir leutik.
  8. Huma, sawah di darat atawa kebon nu dipaké melak paré ngan tara dikocoran cai.
  9. Jami, taneuh urut pepelakan pare di darat (huma) anu geus teu disambut deui.
  10. Jungkrang, tempat legok anu jero sarta gurawes.
  11. Kebon, taneuh darat nu dipaké melak rupa-rupa pepelakan.
  12. Landeuh, taneuh atawa tempat nu leuwih handap ti tempat urang cicing.
  13. Lebak, tempat nu leuwih handap.
  14. Léngkong atawa Léngkob, tempat legok jeung jero di antara dua lamping.
  15. Leuweung, tempat anu lega tur dipinuhan ku tatangkalan anu henteu ngahaja dipelak.
  16. Leuweung awi, leuweung anu lolobana dipinuhan ku rungkun awi.
  17. Leuweung geledegan atawa Leuweung gerot, leuweung anu tacan kasaba ku jalma kusabab masih keneh aheng, tatangkalana galede reujeung loba sato galak.
  18. Lamping, taneuh anu dengdek atawa tempat di gunung antara puncak jeung tutugan.
  19. Monggor, daerah sarupa pasir ngan leuwih leutik tur leuwih handap.
  20. Mumunggang gunung, taneuh di luhur gunung anu rada datar.
  21. Nagrak, taneuh nu luhur sarta angar.
  22. Negla, tempat nu lega sarta teu kahalangan ku tatangkalan.
  23. Pasir, sarupa gunung, ngan leuwih leutik sarta leuwih handap.
  24. Punclut, taneuh pangluhurna dina gunung atawa pasir.
  25. Reuma, taneuh darat urut huma nu geus teu dipaké.
  26. Sampalan, tegal di leuweung tempat sato jarah.
  27. Samida, leuweung nu dikaramatkeun.
  28. Somang, jurang gurawés sarta jero.
  29. Tegalan, taneuh lega tur rata jeung sabagian gedé pinuh ku jujukutan.
  30. Tonggoh, taneuh atawa tempat anu leuwih luhur tibatan tempat anu eukeur dicicingan.
  31. Tutugan gunung, bagean gunung panghandapna.