Ngala Manuk Maké Ketepél


Lamun kolot mah ngala manuk téh maké bedil atawa naheunan/mitapak, barudak mah ngala manuk téh maké ketepél. Ketepél meunang nyieun sorangan atawa meunang mangnyieunkeun kolotna téh dibekel ka leuweung atawa sisi kebon ngadon néangan manuk kayaning manuk jogjog, manuk piit, jeung sajabana. Pokona mah manuk anu hiberna tara jauh-jauh teuing. Pélorna maké batu laleutik anu ngahaja ngumpulkeun heula tina gundukan keusik, terus diwadahan kana kantong leutik atawa koja.

Budak keur ngetepel

Bari ider-ideran néangan manuk anu eunteup dina dahan tatangkalan. Manuk anu keur nyileuk didodoho pikeun diketepél. Ngan nyakitu téa, manuk téh osok apaleun ari keur didodoho mah. Kajaba lamun eunteupna dina dahan tangkal anu jangkung pisan, tara kagebahkeun atawa kagareuwahkeun. Atuh dina ngetepélna ogé ari manukna jauh mah tara keuna-keuna acak. Tong bororaah keuna, ngadeukeutan waé ogé henteu.

Najan keur nyéntangna dikéker ogé angger waé batu anu diketepélkeunana téh tara nojo kana manukna. Batu téh keunana osok ka mana waé. Susah ogé geningan ngala manuk ku jalan diketepél mah. Leuwih susah tibatan bebedil (ngala manuk maké bedil). Balikna téh tara beubeunangan ari ngalana maké ketepél mah. Kétang, nu penting mah bisa ulin waé najan teu beubeunangan ogé.

(Gambar meunang nginjeum ti http://raudhahku.wordpress.com/)

Hujan Poyan mah teu Meunang Huhujanan


Langit ceudeum tandana bakal hujan. Reueuk hideung geus ngantay mawa pihujaneun. Beuki hideng reueukna biasana mah beuki gedé hujanna. Da geus kabiasaan lamun hujan osok dipiheulaan ku langit anu ceudeum. Lamun langit ceudeum, cahya panon poé osok kahalangan jadi waé rada poék.

Ngan teu salawasna kaayaan hujan téh pasti (rada) poék. Aya kalana hujan téh osok dibarengan ku caang panon poé. Najan kaayaan keur hujan, tapi cahya panon poé tetep aya, moncorong. Biasana mah hujanna henteu gedé teuing. Lamun kaayaan keur hujan dibarengan ku caang atawa cahya panon poé disebutna hujan poyan. Hujan tapi caang ku cahya panon poé.

Hujan poyan

Saur pun nini mah, keur hujan poyan mah teu meunang huhujanan, pamali. Pamalina téh bisi matak kapuragan bulu sasatoan anu ngagibrigkeun buluna nalika hujan poyan di leuweung. Jadi lamun kahujanan keur hujan poyan teh matak diaarah ku batur anu osok ngala sasatoan di leuweung.

Ngan aya cara supaya ulah kakeunaan ku éta panyakit. Lamun kapaksa kudu huhujanan kudu maké sumping. Sumping téh nyaéta daun jujukutan kayaning daun jukut bau terus diciduhan. Sanggeus diciduhan diselapkeun dina sela-sela ceuli jeung sirah. Kitu cenah….

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com)

Tumbal jeung Wadal


Jadi tumbal. Embung teuing lamun kudu jadi tumbal. Da memang heueuh, sasaha ogé tangtuna embung lamun kudu jadi tumbal. Tumbal téh bisa miboga harti anu jadi korban atawa dikorbankeun atawa disébakeun. Biasana mah tumbal téh dikorbankeun atawa disébakeun atawa deui diwadalkeun ka bangsa dedemit, naha kusabab aya anu ménta tulung ka bangsa dedemit atawa kusabab aya jalma anu ngaganggu ka bangsa dedemit anu ngakibatkeun bangsa dedemit ambekeun terus ménta panebus atawa tumbal.

Dina perkara bangsa dedemit anu kaganggu ku jalma, biasana mah kusabab pagawéan jalma anu ngarobah kaayaan hiji patempatan tina hiji kaayaan kana kaayaan anu séjén. Contona waé lamun aya pagawéan ngabukbak leuweung anu sanget dirobah jadi pilemburan atawa kaayaan séjénna anu béda reujeung kaayaan asalna, ka béhdieunakeun osok aya istilah ménta tumbal atawa wadal. Tumbalna bisa loba bisa oge saeutik, gumantung kana kahayang dedemitna.

Leuweung anu kawentar lumayan sanget

Ieu kaayaan biasana mah lamun patempatan anu dirobahna téh kawentar patempatan anu sanget atawa karamat. Teu anéh lamun saacanna prak-prakanana dilakukeun parobahan tempat téh sok kudu ménta heula widi ka anu ngageugeuh éta patempatan. Lamun dihempékeun terus ménta tumbal, nya kudu ditedunan kahayangna lamun pagawéanana hayang lancar.

Tapi ieu mah pikeun jalma anu miboga kayakinan ka dedemit anu ngageugeuh di hiji tempat. Da pikeun anu miboga kayakinan anu alus ka Gusti Alloh mah, teu kudu miboga kayakinan anu kieu.  Jalma mah leuwih waluya tibatan bangsa dedemit. Bangsa dedemit bakal turut (dina harti moal nganganggu) ka jalma anu miboga kayakinan anu alus jeung kuat.

Jami, Lain Sedeng atawa Tempat Ngumpul Jalma Loba


Saha anu teu apal kana kecap Masjid Jami. Aya Masjid Jami Al-Muhajirin anu perenahna di lembur Ciburuan atawa Masjid Jami Al-Hidayah anu perenahna di désa. Anu dina éta kecap mah Jami téh (aya anu nyebutkeun) ngandung harti leutik atawa sedeng. Jadi Masjid Jami téh mangrupakeun masjid anu ukuranana sedeng lamun dibandingkeun reujeung Masjid Agung atawa Masjid Raya. Sanajan kitu Masjid Jami bisa dipaké solat kalawan babarengan tur lobaan (jami bisa wae ngandung harti jamaah) saperti solat Jumaah.

Ngan di lembur mah anu ngaranna jami téh lain ngan ukur disambungkeun atawa dihijikeun reujeung kecap masjid, tapi aya istilah séjén anu osok maké kecap jami. Anu hartina ogé tangtu béda.

Jami anu hiji deui mah mangrupakeun ngaran pikeun tempat anu pernah disambut atawa dipelakan. Urut huma atawa kebon, osok disebut jami. Pangpangna huma atawa kebon anu perenahna di leuweung. Leuweung anu disambut pikeun dijadikeun huma atawa kebon (ayeuna mah disebutna téh meureunan PHBM, Pengelolaan Hutan Bersama Masyarakat téa), terus henteu disambut deui dina harti diantepkeun sina barala dipinuhan ku tatangkalan (tangkal kai meunang melak) jeung jujukutan, disebut jami. Henteu disambutna téh bisa waé kusabab geus teu diijinan deui ku Kahutanan atawa pelak tatangkalanana geus rada jarangkung.

Jami urut huma anu teu disambut deui

Jami ieu biasana mah sanajan geus henteu disambut deui, tapi osok dimangpaatkeun kénéh ku urang lembur hususna pikeun ngala jukut atawa parab domba. Salian ti éta lamun dipelakan cau mah masih kénéh bisa kaala kénéh cauna. Kitu deui jeung pepelakan bungbuahan séjénna.

Lebet


Lebet mangrupakeun hiji ngaran patempatan anu aya di lembur Ciburuan. Perenahna ieu tempat téh aya di béh kuloneun lembur. Di tempat ieu dipinuhan ku tatangkalan, anu lolobana mah tangkal atawa rungkun awi kayaning awi tali. Pikeun bisa asup ka ieu tempat, kudu ngaliwatan jalan satapak anu sawarehna jalan ieu téh mapay sisi lamping.

Rungkun awi di sisi leuweung Lebet

Salian ti rungkun awi aya hiji tangkal anu gedé jeung jangkung di jero ieu leuweung. Ieu tangkal bisa jadi ciri lamun diténjo ti tempat séjén anu jauh. Tangkal ieu jangkungna béda reujeung tatangkalan anu séjén, nyaéta leuwih jangkung.

Ceuk béja, di tempat ieu téh lumayan geueuman. Di jerona aya kuburan karuhun urang Ciburuan. Aya sababaraha hiji kuburan anu perenahna misah-misah.

Ka ieu tempat osok aya jalma anu ngadon nyekar, hususna dina waktu-waktu anu tangtu saperti bulan Rajab atawa sanggeus Idul Fitri.