Lebaran di Lembur


Poéan anu dianti-anti, ahirna mah datang ogé. Sanggeus salila sabulan campleng ngalakonan puasa, ditumbu ku takbiran sapeuting jeput, poé lebaran téh kasampeur. Poé anu agung, poé anu dianti-anti ku sakabéh jalma anu puasa, poé anu jadi tanda beresihna jalma anu puasa tina sagala kokotor dosa.

Isuk-isuk kénéh jalma-jalma geus sariap sadia, marandi diteruskeun ku sarapan jeung dangdan maraké pakéan anu pangalusna (naha pakéan anu anyar atawa pakéan urut anu pangalusna). Sanggeus siap sadia, terus indit ka lapangan di hareupeun masigit, tempat di mana dilaksanakeunana solat ‘Id. Teu leupas diiringan ku sora Takbir anu ngaaweuhan tina Toa, jalma-jalma ngarumpul di lapang. Sanggeus nincak haneut moyan, acara Lebaran dimimitian. Di mimitian ku sambutan ti Bapa Ketua DKM jeung Bapa Kepala Dusun, diteruskeun kana ngalaksanakeun solat ‘Idul Fitri. Sanggeus solat, diteruskeun kana Hutbah ‘Id.

Sasalam beres solat 'Id

Réngsé kabéhanana, diteruskeun kana sasalaman diantara jalma-jalma anu hadir. Nguriling ti hareup nepikeun ka tukang, sasalaman. Sasalaman anu jadi tanda silih lubarkeunana dosa diantara papada jalma. Dosa-dosa anu dihaja katut anu teu dihaja, antara budak reujeung kolot, antara salaki reujeung pamajikan, antara tatangga reujeung tatangga, dilubarkeun ku jalan sasalaman. Aya anu ngadon ceurik, rembeng cimata, aya ogé anu ngadon heureuy.

Bubar tina sasalaman, langsung baralik disambung ku silaturahmi ka tatangga anu teu bisa hadir ka lapang tempat solat ‘Id.