Dirunghal, Baheula jeung Ayeuna


Kecap dirunghal, bisa jadi mangrupakeun hiji kecap anu biasa-biasa waé pikeun salasahiji golongan jalma. Sedengkeun pikeun golongan séjénna, bisa jadi hiji kecap anu kudu diingkahan atawa embung kaalaman. Cenah ceuk kolot mah, jalma dirunghal téh osok matak susah néangan jodo. Komo lamun hal ieu téh ninggangna di pangawakan awéwé.

Dirunghal téh ceuk basajanna mah dipiheulaan atawa diléngkahan rumah tangga ku adi. Adi lanceuk ti hiji kulawarga, dina ngamimitian nyorang rumah tanggana, heulaan kénéh adina tibatan lanceukna. Lanceuk anu dipiheulaan nikah ku adina, disebutna dirunghal. Sedengkeun adina anu miheulaan disebutna ngarunghal. Anu biasana mah lanceuk anu tiheula nikahna, ieu mah sabalikna.

Nikah

Béh dituna, anu ngaranna dirunghal téh kudu diingkahan. Ulah nepikeun ka aya istilah dirunghal atawa karunghal. Osok nyababkeun lanceuk anu dirunghalna susah meunangkeun pijodoeun. Kusabab kitu, lamun hiji adi arék nikah téh biasana mah osok nungguan heula lanceukna pikeun meunang jodona heula atawa nikah heula. Lamun henteu, dina harti hiji adi kapaksa miheulaan lanceukna dina ngalumangsungkeun rumah tanggana, adina kudu barangbéré (méré ipekah) ka lanceukna anu harepanana supaya lanceukna gampang meunangkeun jodo.

Tapi ka béhdieunakeun mah, hal ieu téh teu pati jadi mas’alah. Komo lamun anu dirunghalna téh hiji lalaki. Lanceuk lalaki mah osok teu ngamas’alahkeun adina anu jinisna awéwé pikeun miheulaan rumah tangga. Dalah lanceuk awéwé ogé ayeuna mah geus teu jadi mas’alah ogé. Da anu ngaranna jodo mah apanan geus aya anu ngaturna. Lamun geus cunduk kana waktuna mah moal bisa dicegah deui.

Pindah Cai Pindah Tampian


“Cim, pernah ka dayeuh teu?” si Omon nanya ka si Acim dina hiji wanci nincak kalangkang satangtung.

“Tacan kuring mah.” Témbal si Acim, “tapi dayeuh mana heula…?”

“Nya dayeuh mah atuh dayeuh Bandung….” si Omon siga anu agul.

“Acan ka dayeuh éta mah.” Témbal si Acim. “Naha kumaha kitu?”

“Mani ramé téh…,” si Omon siga anu ngabibita ka si Acim. “Loba pisan mobil, gedong sigrong jeung jalma téh mani pasedek-sedek.”

“Kitu nya…?”

Dayeuh Bandung (sumber foto: http://www.freewebs.com/bandung1/bandung-above.jpg)

“Nya heu-euh atuh. Da manéh mah acan ka ditu jadi waé moal apal.”

“Nya engké ogé kuring arék ka dayeuh Bandung lah. Gampang éta mah.” Si Acim siga anu rada heneg, keuheul.

Nempo sikep si Acim kitu téh, si Omon ukur nyenghél.

“Ulah kitu ah,” pokna. “Da kuring mah ngan ukur heureuy. Tong diasupkeun kana jero haté.”

Si Acim teu némbalan.

“Ngan aya hiji hal anu goréng. Kacida bédana reujeung kaayaan di urang,” ceuk si Omon deui rada humandeuar.

“Naon tah?” Si Acim nanya bangun anu panasaran.

“Enya di kota mah mani kacida béda pisan.” Ceuk si Omon, “kacida héséna lamun hayang loma atawa wawuh pisan jeung tatangga téh.”

“Maksudna teu akur jeung tatangga? Kitu?” Si Acim melong.

“Lain kitu. Lain ieu mah.” Ceuk si Omon. “Ieu mah lamun hayang deukeut jeung tatangga téh mani asa hésé. Jadi jeung tatangga téh kadang tara kenal.”

“Kitu nya?”

“Heueuh. Éta ogé euceuk lanceuk kuring.”

“Nya meureun atuh ari euceuk lanceuk manéh mah.”

“Ih lain kitu. Apanan lanceuk kuring téh geus dua taun leuwih ngontrakna téh. Tapi teu apal jeung tatanggana.”

“Éta mah, lanceuk manéhna waé anu embung ngawawuhan meureunan?” Si Acim rada nyegir.

“His! Lain atuh.” Si Omon ngagebés. “Da lanceuk kuring mah lain embung ngawawuhan. Ngan tatanggana waé susah diwawuhanana.”

“Naha? Apanan anu ngaranna tatangga mah, imahna téh deukeut lain? Tinggal nganjang waé atuh.”

“Ari manéh, osok ngababarikeun kitu. Da puguh kawas di urang. Imah di dayeuh mah, dikurilingan ku pager tina beusi jeung témbok. Jadi susah lamun arék nganjang téh. Komo deui lamun tatanggana eukeur areuweuh mah. Pagerna ogé dikoncian. Acan deui balik digawéna téh burit pisan.”

“Kitu nya…?”