Ulah Nyorotkeun Lampu Sénter ka Awang-awang


Waktu Maghrib geus liwat. Barudak balubar ti masigit. Naha nya…?

Sababna mah Mang Ahmad keur iinditan heula ka guruna waktu masantrén sababaraha waktu katukang. Nya barudak téh euweuh anu ngawurukan. Atuh kusabab kitu, barudak ngaji téh boga kasempetan pikeun henteu ngaji. Kajaba barudak anu geus galédé, caricing waé di masigit bari ngaraji. Ari barudak laleutik mah, riab waé ka luareun masigit. Aya anu balik ka imahna séwang-séwangan, aya ogé anu terus ulin di buruan masigit jeung di jalan gedé.

Ari si Acim jeung si Omon katut si Duyéh, tiluanana ngadon hareureuy di sisi jalan béh kaléreun masigit. Kabeneran tiluanana marawa sénter.

“Mon, Cim! urang pajauh-jauh nyorotna sénter yu?” Ceuk si Duyéh kanu duaan.

“Pajauh-jauh kumaha?” Si Acim panasaran.

“Pajauh-jauh caangna lin, Yéh?” Si Omon nyelok.

“Heu-euh, kitu.” Témbal si Duyéh bari ngalieuk ka si Omon.

“Kumaha carana?” Si Acim deui.

“Carana mah gampang. Urang sorotkeun waé ti dieu sénterna. Sorotkeunana ka lebah ditu tuh, lebah tatangkalan kopi sisi jalan.” Ceuk si Duyéh ngajéntrékeun. Terus saha anu pangjauhna, éta anu jadi jawarana.”

“Cara ngukur jauhna kumaha?” Ceuk si Acim deui bari melong ka si Duyéh.

Lampu senter (Sumber foto: http://www.kawachi.co.id/joomla/templates/kawachi/images/stories/LEDBYK/KG3266.png)

Ari si Omon mah cicing waé.

“Nya saha anu pangcaangna dina tangkal kopi, éta anu meunang.”

“Susah ah ngukurna.” Ceuk si Acim, jiga anu haroréam.

“Cobaan heula waé atuh, Cim.” Pénta si Duyéh.

“Heu-euh…!” Si Omon ngarojong.

“Sok atuh, saha heula.” Ahirna si Acim ngéléhan.

“Babarengan waé atuh.”

“Mun kitu mah saha anu jadi jurina, saha anu ngukurna…?” Si Acim rada teugeug.

Ari si Omon ukur nyenghél waé. Sedengkeun si Duyéh teu némbalan. Manéhna ngahurungkeun sénterna terus disorotkeun ka lebah tangkal kopi sisieun jalan. “Hayoh atuh….”

Anu duaan éléh déét, ngiluan.

“Sok atuh, saha anu meunang?” Si Acim kanu duaan.

“Kéla atuh. Ulah pabaliut kitu nyorotkeunana. Jadi susah nempo anu pangcaangna.” Ceuk si Duyéh bari memener sorot sénterna.

“Ah ieu ma sarua waé ningan. Deukeut teuing jigana mah Yéh.” Ceuk si Omon bari mareuman sénterna.

“Tong ka dinya atuh nya.” Si Duyéh ngahuleng. “Urang ka luhur waé atuh.”

“Sok atuh.” Ceuk si Omon bari ngahurungkeun sénterna bari terus disorotkeun ka luhur. “Tuh kuring mah enggeus.”

Anu duaan nurutan.

“Tah, kuring anu pangjauhna mah. Tempo…,” Ceuk si Omon bungah. “Tempo nyorotna jauh pisan.”

“Kéla atuh…, kuring néangan heula tempat nyorotna.” Ceuk si Duyéh bari memener sénterna supaya caangna leuwih nojo ka awang-awang anu jauh.”

Ari si Acim teu pipilueun. Cicing waé manéhna mah. Tibatan nyorotkeun sénterna ka luhur, manéhna mah milih cingogo waé di sisi jalan bari ngilikan taneuh deukeuteunana anu dicaangan ku sénter manéhna.

“Eh…! Keur nanaonan maranéh?” Aya sora anu ngagareuwahkeun. “Lain ngaraji ka ditu. Kalahka nyorot-nyorotkeun sénter ka awang-awang ieu téh.”

Anu tiluan ngalieuk ka lebah datangna sora. Ku si Acim disorot make sénter. Béh, geningan Mang Adun keur leumpang nyampeurkeun. Jigana mah kakara balik ti sawah.

“Éta…, nanaona bet disorotkeun sagala. Serab atuh Cim!” Ceuk Mang Adun bari ngahalangan beungeutna tina cahya sénter si Acim.

“Punten Mang, manawi téh saha.” Ceuk si Acim bari nurunkeun sénterna sina nyaangan ka jajalaneun.

“Keur nanaon atuh di darieu? Lain ngaraji ka ditu.” Pokna Mang Adun sanggeus deukeut.

“Mang Ahmadna teuaya Mang.” Témbal si Duyéh bari tetep nyorotkeun sénterna ka awang-awang.

“Naha atuh kalah arulin di dieu. Jeung nanaonan éta bet nyorotkeun sénter ka luhur sagala?” Mang Adun melong kanu duaan.

“Ieu mang patebih-tebih caangna sénter.” Ceuk si Omon.

“Éta, atuh ulah ka luhur. Bisi matak….” Ceuk Mang Adun ngawawadian.

“Naha Mang?” Si Duyéh melong ka Mang Adun.

“Éta bisi aya kapal ngapung ngaliwat. Bisi kasorot ku sénter maranéh. Engké bisi murag kapalna.” Ceuk Mang Adun ngajéntrékeun.

“Kitu nya, Mang?” Si Duyéh melong bari mareuman sénterna.

Si Omon oge nurutan mareuman sénterna.

“Bener…! Matak ulah sagawayah nyorotkeun sénter.” Ceuk Mang Adun bari ngaléos ka béh kalerkeun muru ka imahna.

Nu tiluan ngaharuleng.

Bener kitu, lamun kapal ngapung kasorot ku sénter osok murag?

Kasetrum


Sanggeus nungguan sababaraha lila, ahirna mah listrik bisa nepi oge ka lemburna si Acim teh. Atuh di lembur teh lamun peuting henteu meredong teuing reujeung teu jempling teuing. Warung-warung ayeuna mah bisa leuwih peuting mukana da aya listrik. Beda reujeung kamari-kamari, lamun peuting teh, sanajan acan waktuna reureuh kolot oge geus jarempling, arang langka jalma anu ngulampreng ka luar imah kajaba lamun aya kaperluan anu kacida pentingna. Lolobana mah ngaringkeb wae di imahna sewang-sewangan. Anu nyaangan teh ngan ukur cempor wae di tengah imah. Rohangan sejen mah diantepkeun sina poek.

Saacanna aya listrik mah, hiburan teh paling oge make radio AM anu nangkkep siaran ti RRI Bandung. Eta oge aya ketang anu ngabogaan tipi tapi ngan saurang tina salembur teh, da susah kudu nyetruman wae aki ka dayeuh. Atuh ari geus aya listrik mah tipi teh mimiti ngareaan. Aya sababaraha imah anu ngabogaan tipi. Nya beuki rame wae di lemburna si Acim teh.

“Ma, ari radio teh di mana disimpenna…?” Si Acim nanya ka indungna bari kokotektakan kana lomari.

“Di segog meureunan urut Bapa maneh.” Walon indungna anu eukeur mirun seuneu di pawon.

Si Acim neang ka segog. Ku manehna radio teh kapanggih ngagoler dina paneer. Ku manehna dibawa ka tengah imah.

“Naha geningan teuaya batuan, Ma.” Si Acim neangan batu batre radio.

“Dina lampu senter meureunan. Teangan wae di segog da biasana mah tara jauh….” Tembal indungna si Acim.

Si Acim neangan deui ka segog. Tapi haben dikotektak teh teu kapanggih wae. “Teu aya da Ma…?”

“Duka teuing atuh. Nanyakeunana kudu ka Bapa maneh.” Tembal indungna.

Si Acim ngahuleng bari ngagulang gaper radio. Tadina mah manehna teh arek nyetel radio, cenah ceuk si Omon bakal aya siaran langsung maenbal Persib. Keur kitu torojol adina si Acim, si Onah anu kakara balik ti tampian.

“Nah, apal neundeunna lampu senter teu…?” Ceuk si Acim nanya ka adina.

“Henteu, A.” Tembalna bari neundeun jaliken ka dapur.

Si Acim bingung. Lamun nungguan bapana balik neang kebon tangtuna oge rada lila. Ras inget yen di imah teh geus aya listrik. Nya manehna ngabogaan pamanggih, kumaha atuh lamun langsung dicolokeun kana listrik. Da sarua wae antara batu batre reujeung listrik teh supaya bisa ngahurungkeun radio.

“Ma ari kabel urut cocolok tip di mana…?” Si Acim nanya deui ka indungna anu masih keneh di dapur.

“Di segog, dina dus teu jauh reujeung tipna….”

Ku si Acim diteang. Sanggeus kapanggih ku manehna dibawa ka tengah imah, reujeung kabel urut panyambung lampu. Sanggeus kitu ku manehna eta kabel teh ditalikeun kana radio dina urut napelna batu batere. Ari kabel cocolok tip ku manehna dicolokeun kana colokan listrik. sanggeus kitu ku manehna kabel anu nyambung kana radio teh dicolokeun kana tungtung kabel urut cocolok tip anu sejenna. Keur kitu manehna reuwas, leungeunna siga aya anu nyeureud.

“Aduh…!” Si Acim buru-buru nyabut kabel tina cocolok listrik.

“Kunaon maneh Cim…?” Indungna si Acim norojol ka tengah imah siga anu reuwas.

“Ieu mah, abdi kasetrum….” Tembal si Acim bari diuk bangun anu reuws pisan.

“Tong lalawora kitu atuh, masing ati-ati.” Ceuk indungna.

“Kunaon, Ma…?” Si Onah norojol ti kamarna.

“Eta lanceuk manehn cenah kasetrum. Teuing keur nanaonan bet bisa kasetrum sagala.”

“Kunaon kitu A…?” Si Onah nanya ka lanceukna.

“Teu nanaon.” Tembal si Acim masih keneh cicing da reuwaseun keneh.

Si Onah ngilikan naon anu aya di hareupeun lanceukna. Aya radio  reujeung kabel.

“Naha bet tiasa kasetrum sagala, nuju nanaonan kitu A?” Si Onah maksa hayangeun nyaho.

Si Acim nenangkeun dirina heula. “Eta kabel listrik nyetrum.”

“Naha bet tiasa nyetrum apanan moal tiasa kacepengan atuh kabelna oge da kahalangan….”

“Ih…, apanan ieu mah disambungkeun kana radio. Jadi wae nyetrum.”

“Kana radio…? Ari Aa nanaonan….” Si Onah nyampeurkeun bari ngilikan radio.

Si Acim melong kanu jadi adina.

“Nya moal tiasa atuh radio langsung disambungkeun kana listrik mah.” Ceuk si Onah. “Apanan benten atuh teganganana oge. Listrik mah teganganana ageung pisan.”

Si Acim teu nembalan. Kapikir ku manehna eta omongan adina teh aya benerna oge. Naha teu kapikir saacanna. Untung wae radiona henteu nanaon, henteu ngabeledug, ceuk pikir si Acim.

“Da radio ieu mah benteun sareng tip anu atos aya trafo-an. Radio ieu mah husus kedah nganggo batu batre.” Ceuk adina deui bari neundeun radio dina luhureun meja.