Antanan, Lalab jeung Ubar Panyakit


Antanan (Centella asiatica) nyaéta sarupaning tutuwuhan liar anu réa tumuwuh di pakebonan, huma, sisi jalan, galengan sawah atawa di huma nu rada baseuh. Tuwuhan ieu asalna ti wewengkon Asia tropis, sumebar di Asia Tenggara (lebah wétan kidul), kaasup Indonésia, India, Republik Rakyat Cina, Jepang jeung Australia satuluyna sumebar ka saban madhab. Antanan tumuwuhna ngareuy di luhureun taneuh. Unggal bukuna miboga akar anu nanceb kana taneuh. Daunna haréjo rada buleud.

Areuy antanan

Antanan biasana mah osok dijadikeun lalab atawa deungeun sangu. Ngadaharna teu kudu diasakan heula atawa diseupan. Sanggeus diala bisa langsung didahar. Didaharna biasana mah dicoélkeun kana sambel. Sanajan ngamangpaatkeunana ngan ukur pikeun lalab wungkul, tapi sabenerna mah antanan téh miboga hasiat pikeun nyageurkeun sababaraha rupa panyakit, diantarana waé pikeun ubar panyakit kulit, memener jalanna getih dina awak, jeung réa-réa deui. Malahan mah bisa dijadikeun ubat pikeun manjangkeun umur (nunda kakolotan).

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Advertisements

Lalab Rumbah


Naon atuh anu dipimaksud ku ngaran lalab téh?

Lamun nempoan jinis-jinis anu kaasup kana lalab, anu disebut lalab téh nyaéta sabangsaning dangdaunan atawa pupucukan (daun anu ngora kénéh) anu biasa didahar. Didaharna bisa dipaké deungeun sangu atawa lain. Ngan umumna anu ngaranna lalab mah anu dipaké deungeun sangu, kadang remen dipaké pikeun coél sambel.

Daun sintrong

Lalab biasana osok jaradi di kebon, di tegalan atawa sisi leuweung. Naha kusabab ngahaja dipelak atawa henteu (dina harti jadi sorangan). Ngan lolobana mah jadi sorangan, kajaba lamun éta tangkal lalab téh ngabogaan mangpaat séjénna contona bisa dimangpaatkeun bagéan tangkal anu séjénna, naha bisa tangkalna atawa buah/beutina. Lamun ngan ukur diarah daunna mah (jadi lalab), arang langka anu ngahaja melak. Contona waé tangkal sintrong, antanan, jeung anu séjénna. Ari anu ngahaja osok dipelak mah contona waé daun katuk (kusabab ngabogaan mangpaat séjénna, nyaéta bisa dijadikeun obat), tangkal jambu médé (kusabab bisa dimangpaatkeun buahna), tangkal gedang (kusabab bisa diarah buahna), jeung anu séjénna.

(Asal poto: http://www.datasunda.org/pl/images/s_nature_nature_alam/s_vegetable_legume_sayur/sintrong-tropical_burnweed-crassocephalum_crepidioides-01.jpg)

Sampeu, Pepelakan Sagala Mangpaat


Saha anu teu wawuh kana tangkal sampeu…? Pikeun urang lembur mah asa harianeun mun teu apal teh. Tangkal sampeu mah mangrupakeun pepelakan anu loba mangpaatna jeung kacida gampangna dina melak katut miarana. Saha wae oge asal boga tempat (lahan) jeung binih sampeuna, melak sampeu mah pasti bisa. Da kacida gampangna melak sampeu mah, teu kudu boga kabisa atawa kaahlian nanaon.

Kebon Sampeu

Melak sampeu mah ngan ukur tinggal nancebkeun tangkal sampeuna anu meunang neukteukan. Tangkal sampeu anu leunjeuran panjang teh diteukteukan kira-kira 25 sentian mah. Tangkal sampeu meunang neukteukan teh dipelakeun kucara ditanceubkeun dina taneuh (lahan). Renggang antara tangkal nu hiji jeung nu sejenna kira-kira sameteran. Jero nancebkan kira-kira satengahna tina jangkung tangkal sampeu anu jadi binih sampeu tea.

Dina ngurusna, teu jadi masalah. Da ngurusna mah teu susah. Diantepkeun atawa henteu dicaangan oge henteu jadi soal. Tapi, nya leuwih hadena mah dicaangan mun lahanna barala ku jujukutan.

Ari mangpaat tina sampeu teh lumayan loba oge. Ti mimiti dauna nepi ka beutina aya mangpaatna. Kaasup oge tangkal reujeung kembangna.

  1. Ari beutina, nya da tujuanna melak sampeu teh utamana mah hayang diarah beutina. Beutina bisa diolah jadi mangrupa-rupa kadaharan. Lumayan loba kadaharan anu asalna tina sampeu. Salian ti diolah oge, sampeu bisa langsung didahar. Salian ti sampeuna, kulumud sampeu oge bisa dimangpaatkeun jadi kadaharan (deungeun) sangu, ngaranna teh biasa disebut kadedemes. Duka teuing meunang ti mana ngaran eta teh. Duka pedah jiga jelema anu kadedemes meureunan, ka kulumud sampeuna wae nepi ka diarah.
  2. Daun sampeu anu ngorana, bisa diarah jadi lalab atawa deungeun sangu. Naha ngan ukur ku diseupan jadi coel sambel atawa digoreng. Sedengkeun anu geus kolotna bisa dijadikeun parab domba atawa parab kelenci.
  3. Dahan sampeu, bisa dipake kaulinan barudak. Dahan sampeu osok dijadikeun nyieun wawayangan atawa puputeran. Bisa oge dijieun kongkorong-kongkorongan. Mun peperangan make karet, dahan sampeu osok dipake pelorna.
  4. Kembang sampeu. Mun anu apal mah, kembang sampeu teh osok dipake deungeun sangu. Asal bisa ngolahna, kembang sampeu bisa dijadikeun kadaharan anu lumayan nikmat.
  5. Buah sampeu osok dipakeu hareureuy ku barudak.
  6. Tangkal sampeu. Salian ti dijadikeun bibit pelak sampeu, tangkal sampeu oge osok dijadikeun parab domba. Mun barudak mah osok ngarah busa dina jero tangkal sampeu dijadikeun rorokoan. Tangkal sampeu oge bisa dijadikeun suluh.

Kadaharan ti Kampung


Mun ngomongkeun rupa-rupa kadaharan anu asalna ti pakampungan, pasti moal leupas tina kadaharan anu sumberna ti alam, nya bisa disebut kahadaran alami. Kahadaran ieu ngandung harti tacan atawa henteu kacampuran ku barang-barang (zat) kimiawi. Ari asalna bisa tina pepelakan di kebon anu dihaja dipelak atawa neangan ti leuweung anu jadi ku “sorangan”. Kaasup jinis kadaharan ieu teh nyeta lalab rumbah (daun, pucuk jeung kembang), beubeutian jeung tatangkalan anu ngora keneh.

Mun disebutan hiji-hiji mah, lumayan kacida lobana rupa-rupa kadaharan ieu teh. Boh anu langsung didahar (henteu perlu diolah heula) atawa anu perlu dikokolakeun heula (teu bisa langsung didahar).

Rupa-rupa kadaharan ti pakampungan

Mun diilikan tina cara atawa waktu ngadaharna, kadaharan ieu bisa dibagi jadi dua rupa nyaeta kadaharan anu bisa didahar henteu dicampur jeung kadaharan nu sejen, jeung kadaharan anu kudu dibarengan ku kadaharan lianna atawa jadi batur kadaharan nu sejen.

1. Kadaharan anu bisa teu kudu dicampur jeung kadaharan nu sejen, nyaeta dina waktu ngadaharna teu kudu atawa bakal ngeunah sanajan henteu dibarengan ku kadahan nu sejenna. Nu kaasup golongan ieu diantarana wae sarupaning beubeutian (sampeu, hui), bungbuahan, jeung nu sejenna.

2. Kadaharan anu kudu dihijikeun jeung kadaharan sejenna, nyaeta kadaharan anu bakal ngeunah mun dibarengan ku kadaharan sejenna dina waktu ngadaharna. Nu kaasup jinis ieu diantarana wae lalab rumbah atawa kadaharan anu dijadikeun deungeun sangu, saperti daun sampeu, daun sintrong, daun jambu mede, daun gedang, jengkol, peuteuy, iwung, antanan, jeung rea-rea deui. Sanajan kitu lain henteu bisa didahar mun henteu dicampur jeung kadaharan sejenna. Da bisa keneh didahar sanajan ngan kadaharan eta wungkul. Kit oge mun resep.

Mun ditilik tina cara ngokolakeunana, kadaharan ieu kabagi tilu rupa nyaeta:

1. Kadaharan anu bisa langsung didahar, teu kudu diolah heula. Kadaharan ieu mah bisa langsung didahar sanggeus diala, saperti lalab. Sanajan kitu supaya beresih mah nya leuwih hade dikumbah heula.

2. Kadaharan anu kudud diasakan heula. Kadaharan ieu mah teu bisa langsung didahar, saacanna diasakan. Ngasakanna bisa disangray, digoreng, digarang, dibeuleum atawa dibubuy.

3. Kadaharan anu kudu dipeuyeum heula, hartina henteu langsung asak harita. Perlu waktu sabarabaha poe nepikeun ka bisa didahar. Kadaharan ieu mah teu bisa langsung didahar poe harita. Merlukeun waktu sababaraha poe pikeun bisa didahar teh. Kadaharan ieu diantarana wae peuyeum sampeu, peuyeum ketan, picung (dijadikeun kelewek).

Mun ditempo tina asalna, kadaharan teh kabagi jadi dua rupa, nyaeta tina sasatoan jeung tina tutuwuhan. Ngan anu bakal loba ditulis di dieu mah kadaharan anu asalna tina tutuwuhan. Kadaharan anu asalna tina tutuwuhan mun ditilik tina asal bagean tutuwuhanana bisa kabagi jadi tilu rupa nyaeta:

1. Kadaharan anu asalna tina beubeutian. Nu kaasup ieu nyaeta sampeu, hui, jeung nu sejenna.

2. Kadaharan anu asalna tina tatangkalan. Nu kaasup ieu diantarana iwung, humut, jeung nu sejenna

3. Kadaharan anu asalna tina dangdaunan, kaasup oge tina kekembangan jeung bungbuahan. Contona saperti daun sampeu, kembang sampeu.

Salian ti anu disebutkeun di luhur aya keneh rupa kadaharan nu sejenna nyaeta supa jeung suung. Bedana supa jeung suung nyaeta mun supa mah jadina dina urut tutuwuhan saperti supa lember, supa saninten; sedengkeun suung mah jadina dina taneuh saperti suung bulan, suung tanduk, suung rampak.