Kunaon ‘Idul Adha Kurang Ramé Tibatan ‘Idul Fitri?


Lamun dibandingkeun mah, antara Boboran Saum jeung Boboran Haji taya bédana. Duanana kaasup poéan anu agung pikeun urang Islam. Duanana sarua miboga ngaran ‘Hari Raya’.

Ngan dina kanyataanana mah geningan osok aya bédana. Dina nyanghareupanana jeung ngaliwatan dua poe anu agung éta osok béda. Poéan ‘Idul Fitri (Boboran Saum) biasana mah leuwih ramé jeung leuwih diagung-agungkeun katut leuwih direuah-reuah tibatan poéan ‘Idul Adha (Boboran Haji). Sikep dina nyanghareupan dua éta poé katara bédana. Naha bet béda atuh nya?

Bedana Boboran Saum jeung Boboran Haji

Sigana mah aya sababaraha perkara anu ngajadikeun bédana téh:

  1. Boboran Saum mah kacida dianti-antina ku jalma-jalma kusabab jadi tanda lekasanana Ibadah Puasa. Lamun dina bulan puasa mah loba panyengker atawa larangan, sanggeus nepi ka Boboran Saum mah apanan taya deui panyengker (panyengker anu lamun dirempak bakal ngabatalkeun ganjaran puasa).
  2. Anu ilubiung atawa miboga hajat kana Boboran Siam mah kacida lobana (ampir sakabéh urang Islam), sedengkeun apanan Boboran Haji mah dianggap ngan ukur pikeun anu mampuh pikeun munggah haji wungkul.
  3. Ditambah deui dina nyanghareupan Boboran Saum mah aya istilah peré lila, bisa mulang ka lembur heula (mudik). Sedengkeun ari Boboran Haji mah peréna téh apanan ngan ukur dina poéan Boboranana wungkul.

Wilujeng Boboran Haji 1432 H


Wilujeng Boboran Haji 1432 H

Ibadah di Bulan Rayagung


Teu karasa, ayeuna geus asup deui ka Bulan Rayagung, bulan Raya anu Agung. Pikeun urang Islam anu apal kana agungna ieu bulan, bakal neangan kunaon bet ieu bulan téh disebut agung. Soalna dina bulan ieu, loba ibadah anu bisa atawa kudu dilaksanakeun. Lamun nuturkeun tapak lacak Kanjeng Nabi mah, nengetan Hadis, pasti bakal manggihan naon waé ibadah anu bisa dilaksanakeun dina ieu bulan, hususna dina sapuluh poé anu mimiti.

Rosululloh ngadawuh dina hadis anu unina kurang leuwih, “Taya deui poé anu di jerona amal soléh leuwih dipikacinta ku Gusti Alloh tibatan poé éta, nyaéta sapuluh poé dina Bulan Rayagung. Sohabat nanya, “Héi Rosululloh, henteu ogé jeung jihad di jalan Alloh?” Rosul ngajawab, “Henteu ogé jihad di jalan Alloh, kajaba jalma anu kaluar (jihad) ku harta jeung ragana, tuluy henteu balik deui nanaonna ogé.” (HR Bukhori).

Sapuluh poe di awal bulan Rayagung

Kusabab kitu, hayu urang mangpaatkeun waktu dina bulan Rayagung ieu pikeun ngalaksanakeun ibadah ka Gusti Alloh. Ibadah anu bisa dilaksanakeun dina bulan ieu diantarana waé:

  1. Ngalaksanakeun Ibadah Haji jeung Umroh. Ieu mangrupakeun ibadah anu utama dina bulan ieu. Da dina bulan séjénna mah euweuh kajaba ibadah umroh. Ibadah Haji ayana di bulan ieu.
  2. Puasa salila sapuluh poé di mimiti bulan Rayagung. Nya sahenteuna, puasana dina poéan Arofah nyaéta tanggal 10 Rayagung.
  3. Ngalobakeun takbir jeung zikir.
  4. Ngalobakeun amal soléh.
  5. Ngalaksanakeun Takbir Mutlak.
  6. Ngalaksanakeun Kurban.
  7. Teu beunang ngeureutan kuku jeung neukteuk buuk.
  8. Ngalaksanakeun solat ‘Idul Adha jeung ngadéngékeun Khutbahna.

Kurban Jaman Nabi Adam


Kurban atawa meuncit sato piaraan, bisa dijujut atawa dicukcruk nepikeun ka mangsa Nabi Adam masih kénéh kumelendang di alam dunya ieu. Dina waktu harita, anak-anakna Nabi Adam anu ngaranna Habil jeung Qobil dititah ngorbankeun hartana séwang-séwangan. Habil anu pagawéanana kana nganggon ingon-ingon sabangsaning domba, ngorbankeun ingon-ingon piaraanana. Sedengkeun Qobil anu pakasabanana kana tatanén, ngorbankeun hasil tatanénna. Duanana sarua ngorbankeun hartana, ngaluarkeun hasil tina pakasabanana. Duanana sarua turut tumut kana paréntahan Gusti Allah ngaliwatan Nabi Adam anu jadi kolot maranéhna.

Domba pikeun kurban
Ngan dina perkara ngorbankeun hartana, aya hal anu ngabédakeun duanana. Tapi anu ngabédakeun téh lain dina wujudna, tapi béda dina eusina éta anu dikorbankeunana. Bédana téh nyaéta, ari Habil mah ngorbakeun hartana téh kalawan ihlas bari dirojong ku milih sato piaraan anu pangalusna. Sedengkeun ari Qobil mah ngorbankeun hartana téh milih hasil tatanén anu panyésaan jeung anu goréngna wungkul.

Eta hal téh jadi balukar ditampa reujeung henteuna kurban maranéhna. Nya, tina anu duaan téh, anu saurang mah kurbanna téh ditarima sedengkeun anu saurang deui mah henteu ditarima. Anu ditarima téh nyaéta kurbanna Habil, sedengkeun kurbanna Qobil mah henteu ditarima.

Eta hal téh dumasar kana Pidawuh Gusti Alloh dina Al-Quran, anu pihartieunana kurang leuwih: “Caritakeun ka maranéhna ngeunaan riwayat dua urang anak Adam (Habil jeung Qobil) nurutkeun jujutan anu sabenerna, waktu duanana nyanggakeun kurban, mangka ditarima éta kurban anu saurang tina anu duaan éta jeung teu ditarima anu saurang deui, jeung manéhna nyarita “Kuring pasti maéhan manéhna”. Nyarita ogé Habil “Saéstuna Allah ngan ukur narima kurban ti jalma-jalma anu takwa.”

Jadi sabenerna mah anu ngaranna kurban téh geus aya ti jaman Nabi Adam kénéh.