Anu Nguriling téh Panon Poé Atawa Alam Dunya?


Isuk-isuk geus meleték di palebah wétan, cahyana moncorong ngaliwatan sela-sela dangdaunan. Nyaangan unggal tempat anu tadina poék. Dina majuna waktu, isuk muru beurang, cicingna nérékél naék nepikeun ka luhur. Malahan mah aya mangsa cicingna di luhureun emun-emunan. Wanci ngagayuh ka wanci soré, pindah deui cicingna. Tadina anu di luhureun téh turun ka lebah kulon. Anu ahirna mah nyumput di tukangeun gunung. Anu tadina dunya dicaangan ku cahyana, jadi poé mongkléng.

Kitu jeung kitu, unggal poé. Isuk-isuk mucunghul di lebah wétan, pabuburit surup di lebah kulon. Éta anu dipigawé ku panon poé. Teu pernah elat, komo nepikeun ka eureunna mah. Lamun geus waktuna kudu mucunghul di lebah wétan, pasti bakal mucunghul di lebah wétan. Lamun waktuna kudu surup di lebah kulon, pasti surup di lebah kulon.

Panon poe meletek di beh wetan

Ti wétan muru ka kulon. Tuluy tilem ka handapeun alam dunya. Panon poé téh ngurilingan alam dunya ti lebah wétan ka lebah kulon. Unggal poé kituna téh.

Ngan, naha bener anu nguriling teh panon poe?

Sanggeus ditalungtik reujeung naon anu dipikanyaho ku élmu pangaweruh, hususna ti sakola, anu nguriling téh lain panon poé tapi alam dunya. Lain panon poé ngurilingan alam dunya, tapi alam dunya anu ngurilingan panon poé. Najan ku jalma anu cicing di alam dunya, karasana panon poé anu ngurilingan alam dunya, anu sabenerna mah sabalikna.