Tumbal dina Kahirupan


Anu ngaranna tumbal atawa wadal jeung korban geus teu bisa dipisahkeun tina kahirupan. Dina ngalakonan kahirupanana unggal jalma miboga udagan séwang-séwangan. Dina ngudag atawa ngahontal udaganana, diperlukeun modal atawa cara pikeun ngahontalna. Modal atawa cara anu bisa jadi cukang lantaran ngahontal kahayang jeung pamaksudan. Ieu cukang lantaran téh kacida loba pisan rupana. Ti mimiti perkara anu bisa katempo jeung nyata ayana, nepikeun ka perkara anu teu katempo. Ti mimiti anu gampang ngalakonana nepikeun ka anu susah ngalaksanakeunana.

Gambaran

Hal ieu geus jadi katangtuan. Kahayang moal bisa kahontal atawa kalaksanakeun lamun, henteu aya hal anu dikorbankeun. Nya sahanteuna ngorbankeun waktu jeung tanaga. Da kahayang moal bisa kahontal lamun ngan ukur cicing jeung cicing waé mah. Moal ujug-ujug ragrag ti langit.

Komo deui lamun kahayang atawa udaganana anu gedé. Kahayang anu gedé mah biasana merlukeun korban atawa tumbal anu leuwih gedé deui. Diperlukeun modal atawa wadal anu gedé ogé. Salian ti tanaga jeung waktu ogé bisa jadi kudu numbalkeun harta. Malahan mah bisa waé ngawadalkeun raga jeung jiwa.

Pikeun jalma anu kacida pisan mikahayangna kana hiji hal anu dicita-citakeun, bisa waé ngorbankeun sagalana. Naha dirina sorangan atawa ngorbankeun jalma séjén. Ieu téh dilaksanakeun tujuanana ngan hiji, pikeun ngahontal kahayang anu geus diajeng-ajeng atawa diimpleng ti anggalna. Komo danget ayeuna mah, anu ngaranna korban atawa wadal téh mindeng kadéngé. Loba jalma (jalma-jalma) anu téga ngorbankeun jalma séjén pikeun ngahontal kahayang jeung udagan dirina (atawa golonganana).

(Gambar meunang nginjeum ti http://jacsky.files.wordpress.com/2009/01/100_1489.jpg?w=500&h=333)

Tumbal jeung Wadal


Jadi tumbal. Embung teuing lamun kudu jadi tumbal. Da memang heueuh, sasaha ogé tangtuna embung lamun kudu jadi tumbal. Tumbal téh bisa miboga harti anu jadi korban atawa dikorbankeun atawa disébakeun. Biasana mah tumbal téh dikorbankeun atawa disébakeun atawa deui diwadalkeun ka bangsa dedemit, naha kusabab aya anu ménta tulung ka bangsa dedemit atawa kusabab aya jalma anu ngaganggu ka bangsa dedemit anu ngakibatkeun bangsa dedemit ambekeun terus ménta panebus atawa tumbal.

Dina perkara bangsa dedemit anu kaganggu ku jalma, biasana mah kusabab pagawéan jalma anu ngarobah kaayaan hiji patempatan tina hiji kaayaan kana kaayaan anu séjén. Contona waé lamun aya pagawéan ngabukbak leuweung anu sanget dirobah jadi pilemburan atawa kaayaan séjénna anu béda reujeung kaayaan asalna, ka béhdieunakeun osok aya istilah ménta tumbal atawa wadal. Tumbalna bisa loba bisa oge saeutik, gumantung kana kahayang dedemitna.

Leuweung anu kawentar lumayan sanget

Ieu kaayaan biasana mah lamun patempatan anu dirobahna téh kawentar patempatan anu sanget atawa karamat. Teu anéh lamun saacanna prak-prakanana dilakukeun parobahan tempat téh sok kudu ménta heula widi ka anu ngageugeuh éta patempatan. Lamun dihempékeun terus ménta tumbal, nya kudu ditedunan kahayangna lamun pagawéanana hayang lancar.

Tapi ieu mah pikeun jalma anu miboga kayakinan ka dedemit anu ngageugeuh di hiji tempat. Da pikeun anu miboga kayakinan anu alus ka Gusti Alloh mah, teu kudu miboga kayakinan anu kieu.  Jalma mah leuwih waluya tibatan bangsa dedemit. Bangsa dedemit bakal turut (dina harti moal nganganggu) ka jalma anu miboga kayakinan anu alus jeung kuat.

Kurban Jaman Nabi Adam


Kurban atawa meuncit sato piaraan, bisa dijujut atawa dicukcruk nepikeun ka mangsa Nabi Adam masih kénéh kumelendang di alam dunya ieu. Dina waktu harita, anak-anakna Nabi Adam anu ngaranna Habil jeung Qobil dititah ngorbankeun hartana séwang-séwangan. Habil anu pagawéanana kana nganggon ingon-ingon sabangsaning domba, ngorbankeun ingon-ingon piaraanana. Sedengkeun Qobil anu pakasabanana kana tatanén, ngorbankeun hasil tatanénna. Duanana sarua ngorbankeun hartana, ngaluarkeun hasil tina pakasabanana. Duanana sarua turut tumut kana paréntahan Gusti Allah ngaliwatan Nabi Adam anu jadi kolot maranéhna.

Domba pikeun kurban
Ngan dina perkara ngorbankeun hartana, aya hal anu ngabédakeun duanana. Tapi anu ngabédakeun téh lain dina wujudna, tapi béda dina eusina éta anu dikorbankeunana. Bédana téh nyaéta, ari Habil mah ngorbakeun hartana téh kalawan ihlas bari dirojong ku milih sato piaraan anu pangalusna. Sedengkeun ari Qobil mah ngorbankeun hartana téh milih hasil tatanén anu panyésaan jeung anu goréngna wungkul.

Eta hal téh jadi balukar ditampa reujeung henteuna kurban maranéhna. Nya, tina anu duaan téh, anu saurang mah kurbanna téh ditarima sedengkeun anu saurang deui mah henteu ditarima. Anu ditarima téh nyaéta kurbanna Habil, sedengkeun kurbanna Qobil mah henteu ditarima.

Eta hal téh dumasar kana Pidawuh Gusti Alloh dina Al-Quran, anu pihartieunana kurang leuwih: “Caritakeun ka maranéhna ngeunaan riwayat dua urang anak Adam (Habil jeung Qobil) nurutkeun jujutan anu sabenerna, waktu duanana nyanggakeun kurban, mangka ditarima éta kurban anu saurang tina anu duaan éta jeung teu ditarima anu saurang deui, jeung manéhna nyarita “Kuring pasti maéhan manéhna”. Nyarita ogé Habil “Saéstuna Allah ngan ukur narima kurban ti jalma-jalma anu takwa.”

Jadi sabenerna mah anu ngaranna kurban téh geus aya ti jaman Nabi Adam kénéh.