Parupuyan jeung Menyan


Lamun keur gering, terus tatamba ka dukun, biasana mah osok terus kudu maké parupuyan. Menyan meunang ngajampé dukun téh kudu diseungeut dina parupuyan terus haseup menyanna kudu kaangseu atawa nebak kana awak anu keur diubaran.

Lamun keur boga hajat, saméméhna prung hajat téh, aya kabiasaan ngadeuheus heula ka kokolot. Ménta pangdoakeun. Balikna sarua mawa menyan. Menyan diseungeut maké parupuyan. Nyengeutna bisa di goah atawa di tengah imah dideukeutkeun kana dahareun.

Parupuyan

Parupuyan téh nyaéta wadah tempat paranti nyeungeut menyan. Wadah ieu aya anu dijieun tina kuningan jeung aya ogé anu dijieun tina taneuh. Wangunanana siga mangkok anu aya tihangan di handapeunana. Dina wadahna, osok diteundenan ruhak anu didadasaran ku lebu. Dina mangsana nyeungeut menyan, ruhak anu dipaké pikeun nyeungeut menyanna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Hamin


Lamun ngadéngé kecap hamin matak haget pikeun barudak. Lamun kaparengan diajakan hamin, biasana teu talangké deui pikeun ngiluan. Da anu kapikir téh pasti waé bakal bisa dahar ngeunah. Di imahna jalma anu ngayakeun hamin mah biasana osok aya dahareun anu ngareunah, aya opak rangginang jeung wajit, ditambah deui reujeung dahar sangu tumpeng dibarung deungeunna anu osok rada tohaga: aya angeun, aya daging (angeun daging hayam). Malahan mah dina balikna aya kalana anu boga imah téh ngadon mahanan berekat pikeun bekel balik ka imah.

Hamin biasana mah osok aya pakaitna reujeung kecap AMIN. Dina nalika ngayakeun hamin, sanggeus anu boga hajat ngajéntrékeun pamaksudanana ditéma ku kokolot anu ngadon mendekung jajampéan ngadoa sagala (teuing ngadoa naon, da gegereyeman loba anu teu kahartina), ditungtungan ku doa kalawan dipingpin ku anu biasa mingpin ngadoa. Dina palebahna ngadoa, osok ramé ditémpas ku anu ngiluan ngariung ku ucapan AMIN, minangka pangrojong kana doa anu diucapkeun. Sigana mah tina kecap AMIN éta matakna disebut HAMIN téh.

Jalma-jalma ngariung keur hamin

Lamun geus réang kecap AMIN, biasana mah matak bungah ka jalma-jalma anu hadir. Sababna mah lamun geus ngadoa bakal murak dahareun anu dijagragkeun di tengah-tengah diriung ku jalma-jalma anu ngadon datang. Komo pikeun barudak mah, waktu anu ditunggu-tunggu sakeudeung deui bakal datang. Malahan mah dina ngucapkeun AMIN téh aya anu ngadon patarik-tarik siga anu hayang katangar. Béda reujeung dina mimitina. Nalika anu boga pamaksudan (anu boga imah) ngajelaskeun pamaksudanana, reujeung kokolot anu ngadon jajampéan, osok pada antepan tara miroséa, siga anu haré-haré waé.

Hamin dipungkas ku barangdahar muka sangu tumpeng anu ngahaja dijagragkeun di tengah-tengah riungan katut berekatna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://samarindalowridercommunity.files.wordpress.com/2009/03/syukuran.jpg)

Hirup Jalma Reujeung Huripna


Hirup jalma mah pasti reujeung huripna.

Sok remen ngadéngé éta kecap téh. Utamana ti sesepuh atawa kokolot. Sesepuh anu méré piwejang atawa naséhat ngeunaan kahirupan, biasa maké éta kalimah. Ngan, naon atuh hartina? Naon bédana antara hirup reujeung hirup téh? Naha bédana téh lain ngan ukur béda tempat neundeun hurup i jeung u wungkul?

Sigana anu apal mah sesepuh/kokolot wungkul.

Ngan bisa diimpleng wungkul naon bédana jeung naon hartina. Sigana wungkul ieu mah.

Bisa kitu disaruakeun reujeung kalimah: ceuli reujeung pangdengena; irung reujeung pangambeuna; panon reujeung panénjona. Lamun sarua (ieu mah lamun sarua), bisa kaharti ogé maksud éta kekecapan kokolot téh. Jalma hirupna téh reujeung kahirupanana (huripna). Jalma bisa hirup kusabab dibéré bekel reujeung cara ngalakonan kahirupanana.

Sakumaha kekecapan ceuli reujeung pangdéngéna. Ceuli anu sampurna mah moal bisa dipisahkeun tina kecap ngadéngé. Ceuli dipake pikeun ngadéngé. Pon kitu deui reujeung irung dipaké pikeun ngambeu, sedengkeun panon pikeun nénjo atawa nempo. Eta anu sampurna. Lamun anu teu sampurna mah, biasana moal bisa dipaké nanaon. Sanajan ngabogaan ceuli, aya sawatara jalma anu teu bisa dipaké ngadéngé. Sababna mah bisa rupa-rupa: naha kusabab cilaka, atawa tatu atawa pamawa ti keur orok kénéh. Ngan normalna, éta téh sapakét: lamun ngabogaan ceuli pasti reujeung pangdéngéna. Da keur naon boga ceuli ogé lamun teu bisa dipaké ngadéngé mah.

Hirup Hurip Jalma

Ari kahirupan kumaha atuh? Heueuh hirup jalma téh reujeung huripna?

Jalma anu hirup pasti miboga bekel pikeun ngalakonan hirupna. Sagala anu diperlukeun pikeun ngajalankeun kahirupanana geus diayakeun atawa geus nyampak. Sagala pangabutuhna geus disadiakeun. Jalma hirup perlu rejeki, pasti geus disadiakeun atawa geus boga cawisanana. Pokona mah sagala anu diperlukeun pikeun kahirupan jalma pasti geus disadiakeun. Ngan anu kudu jadi catetan, unggal jalma ngabogaan cawisan séwang-séwangan, anu bisa waé béda-béda. Jadi dina ngajalankeun kahirupanana jalma teu kudu hariwang haringhang ngeunaan kahirupanana. Ulah sieun kakurangan, ulah sieun teu kabagéan.

Disagédéngeun bekel kahirupan anu kudu dicumponan pikeun ngajalankeun kahirupanana, anu sipatna katempo reujeung geus umum pikeun kabéhan jalma, aya ogé hal séjénna. Sakumaha kekecapan anu saméméhna: ceuli reujeung pangdéngéna (ceuli pasti ngabogaan mangpaat pikeun ngadéngé), hirup jalma ogé ngabogaan hal anu sarua. Hirup jalma téh pikeun hurip. Jalma ngalakonan hirup téh pasti ngabogaan mangpaat pikeun hurip jalma. Ngan hurip jalma téh naon atuh? Pikeun naon atuh hirupna jalma téh?

(Nyambung)