Bulan Puasa mah Waktuna Ngadulag


Salasahiji kabiasaan anu teu bisa leupas tina puasa téh nyaéta ngadulag. Ngadulag atawa nakolan bedug maké wirahma anu husus, biasa dipigawé lamun poé geus ngagayuh ka waktu kalangkang satangtung. Atawa reremenna mah dina waktu sanggeus bérés Solat Tarawéh. Dina waktu Solat Tarawéh réngsé, sanggeus sasalaman sababaraha urang barudak atawa rumaja osok ngahajakeun nakolan bedug reujeung kohkol anu ngahaja dijieun saméméh bulan puasa. Cara nakolana miboga cara anu husus, supaya dina nakolanana ngaluarkeun sora anu lumayan ngeunaheun. Lain ngan ukur satakol-takolna. Kusabab kitu, henteu kabéh budak anu bisa ngadulag. Ngan ukur sababaraha urang anu bisaeun téh. Paling lolobana mah jadi pangrojong wungkul ku jalan nakolan kohkol atawa nakola tihang bedug atawa nakolan awak bedugna. Jeung deuih unggal budak anu bisa ngadulag miboga wirahma séwang-séwangan, anu henteu sarua.

Bedug paranti ngadulag di masigit

Ngan aya waé anu teu resepeun kana ngadulag téh. Malahan mah osok jadi matak piambekeun. Cenah, sora dulagna matak gandéng. Komo lamun ngadulagna dina waktu pasosoré mah. Loba urang lembur anu deukeut ka masigit nyarékan, ulah ngadulag wayah kieu. Kitu cenah. Teu resepeunana téh teuing kusabab matak gandéng atawa kusabab teu ngeunaheun wirahmana. Da teu pernah nanyakeun. Ngan pernah sakali waktu mah, kulit sapi dina bedugna aya anu ngeureut maké péso atawa bedog. Jadi waé teu bisa ngadulag.

Aya-aya waé….

Mapag Bulan Puasa (2)


“Mon, nyieun naon waé ieu téh?” Ceuk si Acim ka si Omon bari ngagugusur leunjeuran awi tamiang, ti rungkun awi ka sisi kebon.

“Nya nu penting ayeuna mah éta waé heula sadiakeun heula awina. Perkara jadi nanaonna mah kumaha engké.” Témbal si Omon anu sarua oge ngagugusur awi. Ngan manéhna mah awi anu dialana téh awi tali, ti lebakeun awi tamiang.

Sanggeus duanana nepi ka sisi kebon, maranéhna dariuk heula di handapeun tangkal jéngkol, ngareureuhkeun kacapé. Késang kalaluar tina awak duanana, kusabab capé enggeus nuar awi terus ngagusurna ka sisi kebon anu rada nanjak.

Angin anu ngahiliwir, nuuskeun késang. Sanggeus teu jibreg teuing késangna, si Omon terus mesat bedogna pikeun neukteuk awi tali beubeunanganana.

“Ari éta bakal dijieun naon kitu Mon?” Si Acim nanya deui panasaran.

“Ieu mah urang dijieun kohkol, pikeun ngadulag jeung ngider.” Témbal si Omon.

“Oh, éta. Kuring pangnyieunkeun atuh….” Si Acim curinghak.

“Da kuring ogé teu bisa. Engké waé nyieunna mah ku bapa kuring.” Témbal si Omon bari neukteuk awi tali anu ukuranana teu pati gedé, kira-kira sabitis manéhna.

“Bener manéh arék nyieun?” Si Omon nanya bari neundeun awi meunang neukteuk.

“Heu-euh.” Témbal si Acim bari nangtung.

Sumber gambar: http://www.suarakomunitas.net/content/images/1222406951-m.jpg

“Bisa teu neukteukna?” Si Omon nanya ka si Acim bari ngangtungkeun awi sésa paneukteukanana anu masih kénéh rada panjang.

“Pangneukteukeun waé atuh. Kuring mah bedogna leutik.” Témbal si Acim méré alesan. Padahal mah lain ku bedogna-bedogna teuing. Ngan manéhna mah tacan pati bisa.

Kapaksa si Omon neukteuk deui awi tali pikeun si Acim. Sanggeus bérés terus dijajarkeun jeung awi tali anu tadi meunang neukteuk.

“Ari awi tamiang ieu pikeun naon, Mon?” Si Acim bari meresihan bubuku awi tamiang beunangna.

“Maenya manéh poho deui…? Apanan urang nyieun obor…!” Témbal si Omon.

“Oh, heu-euh nya.” Témbal si Acim kakara surti. “Ku kuring waé atuh neukteukna anu ieu mah.”

“Nya sok. Ngan kadé bisi raheut.” Si Omon ngawanti-wanti.

Ku si Acim awi tamiang téh diteukteukan. Panjangna sabuku-sabuku. Manéhna neukteuk dua teukteuk, pikeun manéhna jeung pikeun si Omon.