Keketepélan


Barudak anu keur keketepelan
Barudak anu keur keketepelan

Manggihan potrét ti pésbuk (ngan poho deui panumbuna) anu mintonkeun barudak (dua urang budak) anu keur ngéker ketepél. Duka ngécéng naon tah teu apal. Tapi biasa mah, lamun baheula maké ketepél téh taya deui kajaba ngécéng manuk.

Manuk anu aya di luhureun tangkal, anu keur eunteup dina dahan tatangkalan téh ngahaja diketepél. Susuganan jeung susuganan waé keuna kana manukna. Itung-itung ngala manuk. Pélorna biasana mah maké batu leutik anu rada buleud.

Hanjakal waé dina waktuna ngetepel manuk téh taya anu keuna waé, da geningan pélorna téh osok ka mana waé melesatna. Sanajan dikécéng ogé taya anu keuna kana manukna. Salian ti kusabab perenah manukna anu jauh di luhur tangkal, ogé susah ngékerna. Béda reujeung bedil anu osok dipaké bebedil nalika ngala manuk.

(Potret meunang manggih ti pesbuk)

Ngala Manuk Maké Ketepél


Lamun kolot mah ngala manuk téh maké bedil atawa naheunan/mitapak, barudak mah ngala manuk téh maké ketepél. Ketepél meunang nyieun sorangan atawa meunang mangnyieunkeun kolotna téh dibekel ka leuweung atawa sisi kebon ngadon néangan manuk kayaning manuk jogjog, manuk piit, jeung sajabana. Pokona mah manuk anu hiberna tara jauh-jauh teuing. Pélorna maké batu laleutik anu ngahaja ngumpulkeun heula tina gundukan keusik, terus diwadahan kana kantong leutik atawa koja.

Budak keur ngetepel

Bari ider-ideran néangan manuk anu eunteup dina dahan tatangkalan. Manuk anu keur nyileuk didodoho pikeun diketepél. Ngan nyakitu téa, manuk téh osok apaleun ari keur didodoho mah. Kajaba lamun eunteupna dina dahan tangkal anu jangkung pisan, tara kagebahkeun atawa kagareuwahkeun. Atuh dina ngetepélna ogé ari manukna jauh mah tara keuna-keuna acak. Tong bororaah keuna, ngadeukeutan waé ogé henteu.

Najan keur nyéntangna dikéker ogé angger waé batu anu diketepélkeunana téh tara nojo kana manukna. Batu téh keunana osok ka mana waé. Susah ogé geningan ngala manuk ku jalan diketepél mah. Leuwih susah tibatan bebedil (ngala manuk maké bedil). Balikna téh tara beubeunangan ari ngalana maké ketepél mah. Kétang, nu penting mah bisa ulin waé najan teu beubeunangan ogé.

(Gambar meunang nginjeum ti http://raudhahku.wordpress.com/)

Peperangan


Peperangan.

Asal kecapna tina perang. Mangrupakeun kaulinan barudak anu osok rame. Biasana dipaenkeunana ku barudak lalaki, sanajan buda awewe oge euweuh anu nyaram. Dina kaulinan ieu mun kateterusan osok jadi gelut. Kusabab teu adil dina ngajalankeun aturan maen peperangan atawa kusabab asa kaelehkeun, atawa oge kasigeung.

Peperangan biasana dipigawe ku dua grup. Sagrupna bisa saurang atawa leuwih. Eta mah kumaha barudakna wae. Dina milih grupna bisa ngagunakeun aturan jumlah masing-masing grupna sarua atawa beda. Milih anak buah grupna, bisa kusabab dimana cicingna atawa imahna, atawa oge bisa ku babaturan raketna dina ulin sapopena, bisa oge kualatan dibagi rata.

Dina peperangan ieu bisa ngagunakeun sababaraha pakarang atawa bebedilan. Anu biasa digunakeun mah diantarana wae pepeletokan, bedil tina karet geulang jeung dahan tangkal sampeu, kekembangan anu osok narapel dina buuk atawa baju, atawa oge bebedilan tina dahan cau anu teu make pelor. Salian ti eta bisa oge ngagunakeun ketepel atawa sumpit. Ngan make nu ieu mah langka, da bisi nyeri kana awak mun keuna teh, jeung bisi cilaka. Mun arek oge, pelorna digenti. Mun make sumpit, pelor anu dipakeuna  henteu seukeut, tapi diganti make buah saliara.

Dina ngalaksanakeun maenna, biasana milih tempat anu rada nenggang, bisa dikebon atawa di buruan anu lega. Utamana wae anu loba tempat pikeun nyumput jeung lumpat pikeun silih udag. Tapi eta oge kumaha bedil atawa pakarang anu digunakeunana. Mun pakarangna make karet geulang jeung tangkal sampeu mah biasana neangan anu deukuet jeung kebon sampeu, supaya gampang mun beakeun pelor. Mun maen peperanganana make kekembangan anu matak napel, biasana di jalan atawa di kebon anu rada loba kekembangan anu dipakena. Mun make pepeletokan, nya bisa make tempat di kebon atawa buruan. Mun pelor anu dipakena buah saliara, nya neangan tempat anu aya buah saliara. Tapi sanajan kitu, sabenerna mah perkara tempat bisa bebas. Da nu ngaranna pelor mah bisa disadiakeun samemehna masing loba.

Dina aturan maenna, dina peperangan mah aya basa katembak terus paeh. Anu katembak sanajan henteu nyeri, kuduna mah paeh atawa eleh jeung teu bisa maen deui. Eta aturan awalna mah. Tapi dina prak-prakanana mah osok aya bedana. Anu katembak kadangkala tara terus paeh atawa eleh, jadi bisa maen deui atawa maen terus. Kusabab kitu, dimimitina kudu jelas heula aturan maenna supaya engkena henteu jadi pecogregan jeung pasalia. Anu tungtungan jadi pahereng-hereng terus kamalinaan jadi wae garelut.