Masalah (Bagéan Ka-3): Sabagéan Masalah dina Kahirupan


Sakumaha disebutkeun dina tulisan anu geus tiheula, anu ngaranna jalma hirup, moal leupas tina masalah. Jadi geus jadi kapastian lamun kahirupan manusa téh bakal manggihan masalah. Masalah ieu kacida loba rupana. Lamun ditataan hiji-hiji mah moal cukup jeung moal bisa ditataan kabéhanana. Ngan nurutkeun garis badagna mah aya sababaraha rupa masalah anu bisa kapanggih dina kahirupan manusa.

Dina kahirupan, hiji jalma kadang nyanghareupan masalah anu diakibatkeun ku diri pribadi éta jalma. Eta jalma ngabogaan kahayang ngeunaan hiji perkara, sedengkeun dina kanyataanana papalingpang reujeung anu dipiharepna. Kusabab kitu, éta jalma téh bakal nyanghareupan masalah anu aya pakait jeung kahayangna. Eta masalah téh kudu diungkulan supaya kahayangna bisa tinekanan. Dina séjén perkara, aya ogé masalah anu disababkeun ku hiji jalma téh ku jalan nyieun kalakuan atawa pagawéan anu papalingpang jeung pagawéan anu sakuduna. Pagawéan anu sakuduna mah kitu, éta jalma bet migawé pagawéan ku jalan kieu. Papalingpangna éta pagawéan téh bisa jadi masalah. Dina leuwih jauhna, éta masalah téh lain ngan ukur masalah diri pribadina wungkul, tapi bisa ngondang jalma séjén.

Masalah (sumber gambar: http://www.leadernotes.com/uploads/problem%20solve.jpg)

Dina kahirupan sosial, kahirupan reureujeung jeung batur di masarakat, teu bisa leupas tina pagilinggisikna antara hiji jalma jeung jalma séjén. Dina ngajalankeunana, pasti moal leupas tina masalah. Da antara hiji jalma jeung jalma séjén téh béda-béda. Dina hal-hal anu tangtu mah, bisa waé kuayana béda-béda éta téh ngakibatkeun masalah. Naha arék masalah anu teu sapira atawa masalah anu lumayan gedé. Masalah dina hirup kumbuh di masarakat bisa kaasup kana perkara kayakinan anu béda, atawa kusabab pagawéan anu pasalia jeung kahayang jalma séjén atawa kahayang kalolobaan masarakat.

Dina perkara nyanghareupan masalah anu sarua atawa saribagan, hiji jalma jeung jalma séjénna osok aya anu béda. Aya jalma anu nganggap éta téh masalah anu kudu singhareupan kalawan husu, aya ogé jalma anu nganggapna éta mah lain masalah. Hal ieu mah gumantung ka masing-masing jalma, naha kusabab kayakinanana atawa kaayaan dirina.

Salian ti éta aya ogé masalah anu disababkeun ku bédana ngajalankeun kahirupan di dunya ieu.

*****

Tulisan anu saranggeuyan:

  1. Masalah (Bagean Ka-1): Naon Atuh Ari Masalah teh?
  2. Masalah (Bagean Ka-2): Jujutan Masalah
  3. Masalah (Bagean Ka-4): Masalah Panggedena din Kahirupan

Hikmah tina Nyekar ka Kuburan


Geus jadi kabiasaan lamun di lembur mah anu ngaranna nyekar ka kuburan teh osok dipigawe waktu poean lebaran. Anu teu biasa ka kuburan oge, dina poean eta mah ngahajakeun pikeun datang ka kuburanana, nya ngahajakeun wae pikeun sataun sakali mah. Da lamun lain poe lebaran mah biasana ka kuburan teh arek nanaon. Kajaba pikeun jalma anu arek ka kebon atawa liar nyanyabaan anu jalanna ngaliwatan ka tempat kuburan. Tapi da eta mah ngan ukur ngaliwat wungkul ka kuburanana teh, lain ngahajakeun nganjang ka kuburan, nganjang ka tempat dikurebkeunana karuhun (kolot, nini aku, buyut jeung saterusna).

Dina poean lebaran mah, jalma-jalma teh ngalabring ka kuburan. Tujuanana mah ampir sarua, nyaeta seja ngalayad, ngalongok tempat dikurebkeunana anu geus maot (karuhun tea). Anu saterusna mah nya ngadoakeun supaya anu geus aya di alam kubur teh sing meunang panghampura ti Gusti, diperenahkeun di tempat anu alus jeung merenah sarta ditarima Iman jeung Islamna.
Nya geus kabiasaan, kuring oge osok ngadon ‘ulin’ ka kuburan teh. Nya itung-itung taun kali ka kuburan teh, nempoan kuburan karuhun: nini aki, jeung uyut.

Ngan aya anu beda dina taun ayeuna mah. Teuing ngan ukur rarasaan wungkul, atawa memang bener beda. Anu ngabedakeunana teh, anu ayeuna mah naha kuring teh henteu ti biasana nelek-nelek ngaran-ngaran jalma anu aya dina tutunggul eta kuburan. Diilik-ilik mah loba kuburan anu kawilang anyar keneh. Salian ti anyar keneh oge, aya sababaraha kuburan anu dieusian ku jalma anu sapantaran atawa rada sapantaran jeung kuring, malahan mah aya anu umurna teh sahandapeun ti kuring. Dipikir deui, anu kuburanana diilikan ku kuring teh geningan babaturan ulin kuring baheula waktu keur leutik. Kakara kuring sadar…, bener! Enya eta teh babaturan ulin baheula.

Ari ayeuna…? Tinggal tutunggulna anu bisa katempo teh. Da jasadna mah geus jadi taneuh….

Kuburan

Naha atuh bet aya rasa sieun…. Sanajan susah ngajelakeunana, tapi anu jadi bahan pikasieuneun teh, iraha atuh kuring nyusul eta babaturan. Kuring sieun lamun waktu kuring kudu nyusul eta babaturan teh dina kaayaan tacan boga bekel. Kuring sieun lamun kudu nyusul manehna dina waktu teu payus, dina kaayaan hade atawa alus.

Tapi sanajan sieun oge, kuring kudu sigep lamun kuring kudu nyusul manehna. Da anu ngaranna ninggalkeun ieu dunya mah taya anu apal, arek iraha jeung dimana. Ngan ukur Gusti anu apal. Hartina lamun kitu mah kuring kudu neangan bekel masing loba pikeun sampeureun jaga di alam kubur jeung alam saterusna.

Ngan aya anu pikahemengeun kuring. Pikeun kolot-kolot mah, ngomognkeun perkara ninggalkeun dunya teh da siga anu geus biasa wae. Anu ngaranna tilar dunya teh lain perkara anu kudu dipikasieun deui. Da ngabogaan kayakinan pasti kabeh jalma oge bakal tilar dunya. Jadi pikeun kolot-kolot mah perkara tilar dunya teh teu kudu dipikasieun deui, teu kudu tagiwur nyanghareupan maot.

Ari kuring, sanajan kuring oge yakin kana maot mah geus jadi hiji hal anu pasti, tapi tetep wae sieun mah aya wae. Sieunna teh lain nyanghareupan maotna, tapi sieunna teh kusabab tacan boga bekel, jeung sieun dina pas maotna teh eukeur ngalakukeun dosa atawa kagorengan….