Sakumaha ngaranna, anu ngaranna babalédogan ku langari mah nyaéta ngabalédogkeun kembang kawung atawa langari téa. Langari anu gedéna biasana sagedé jempol budak, dibalédogkeun maké nyéré.
Ngeunaan langari biasana mah teu susah teuing néanganana lamun di lemburna loba tangkal kawung. Tangkal kawung anu osok disadap atawa diala gulana, langarina osok dipiceun atawa dipaké parab domba. Da bagéan tangkal kawung anu disadap téh nyaéta leungeun kawung anu jadi cupat langari.

Langari anu ngaruntuy meunang ngala tina tangkal kawung téh dialaan sasiki-sasiki. Terus dikumpulkeun sina rada loba. Lobana gumantung kana kaperluanana, arék sacanggeum atawa sarawu atawa sapuluh siki atawa itungan jeung ukuran séjénna.
Sanggeus meunang langarina, tinggal nyieun atawa néangan nyéré. Nyéré bisa dijieun tina régang atawa dahan daun kawung. Bisa ogé nginjeum tina sapu nyéré. Nyéré anu alus mah ulah anu babari potong atawa regas, kudu anu alus kénéh (leuleus liat). Ukuran nyéréna kira-kira satengah deupa leungeun budak.
Cara maéna
Langari anu geus hijian téh ditojos lebah urut cupatna anu rupana bodas jeung hipu maké nyéré bagéan congona (tungtung anu pangleutikna). Sedengkeun bagéan puhuna dicekelan ku budak anu arék malédogkeunana.
Cara malédogkeunana sarua jeung malédogkeun batu maké leungeun. Ngan, nyéréna ulah dileupaskeun, nyéréna kudu dicekelan sing pageuh. Anu leupasna téh langari tina nyéré sakumaha keur malédogkeun batu maké leungeun batuna leupas tina leungeun. Jadi anu alus mah nojoskeun nyéré kana langarina téh ulah pageuh teuing.
Tujuan babalédoganana mah bisa pajauh-jauh antara budak hiji jeung budak séjénna. Bisa ogé pakeuna-keuna kana hiji tempat atawa barang. Ieu bisa jadi hiji kaulinan atawa kaheureuyan budak dina néangan saha anu jadi pinunjul (pangpunjulna).