Bodo Katotoloyoh


Lamun ngarasa teu apal, lamun ngarasa teu nyaho, ulah cicing waé. Komo bari jeung maksakeun siga jalma anu apal mah, éta dipahing. Lamun teu apal atawa teu nyaho, teu meunang keukeuh yén geus nyaho atawa geus apal. Lamun teu apal, gancang tatanya. Teu meunang éra najan kudu tatanya. Gancangan tatanya ka anu apal atawa anu geus nyaho. Ulah éraan najan kudu nanya ka budak satepak atawa sahandapeun. Da anu ngaranna pangarti mah teu bisa diukur ku kaayaan diri atawa ku urusan umur. Najan raga mah siga anu pamohalan apaleun, tapi tacan tangtu kitu kaayaanana.

Ngacung jeung nanya

Anu ngaranna teu nyaho jeung teu apal ulah digugulung ku sorangan. Bisi ahir baring matak malindes ka diri sorangan. Meungpeung aya kasempetan pikeun nanya, gunakeun pikeun tatanya. Meungpeung aya kénéh anu bisa ditanyaan, tanyakeun heula.

Ulah nepikeun ka henteu nyaho, tapi embung tatanya. Komo ngarasa éra jeung boga pikiran ‘piraku kudu nanya sagala’ mah, bisi jadi jalan anu nyangsarakeun jeung matak mawa nyasar. Saméméh lumaku leuwih jauh, aya alusna lamun apal heula naon anu bakal jeung keur disinghareupan. Supaya dina nyinghareupanana moal kagét jeung hémeng.

(Gambar meunang nginjeum ti http://arnellis.files.wordpress.com/)