Mangpaat Cangkang Cau


Geningan lain ngan ukur cauna wungkul anu miboga mangpaat pikeun jalma téh. Da cangkang cauna ogé aya mangpaatna hususna pikeun kaséhatan jalma. Lamun cauna mah didahar langsung, sedengkeun cangkangna mah bisa dipaké pikeun ngubaran panyakit ku jalan anu husus. Jadi lain ngan ukur bisa dipaké pikeun parab domba wungkul cangkang cau téh.

Nurutkeun inpo anu kapanggih di loka Manfaat Buah anu medalkeun tulisan kalawan dijudulan Manfaat Kulit Buah Pisang, dijéntrékeun ngeunaan sababaraha mangpaat cangkang cau. Mangpaat anu kapanggih tina cangkang cau diantarana waé:

  • Bisa dipaké ngubaran ateul kulit kusabab dicoco reungit.
  • Ngubaran éwateun.
  • Ngubaran panyakit kulit anu disebut psoriasis.
  • Pikeun ngarerepkeun nyeri sirah ku jalan diantelkeun kana tarang.
  • Ngurangan kulit anu péot, ku jalan ngabebek cangkang cau terus ditamplokeun kana kulit anu péot.
  • Ngubaran peurih dina kulit kusabab kaduruk atawa raheut. Carana kulit anu raheut atawa peurihna diantelan cangkang cau.
  • Pikeun ngaleungitkeun kutil anu leutik. Kutil leutik bisa leungit sanggeus saminggu nepikeun ka dua minggu.
Cau jeung cangkangna
Cau jeung cangkangna

Salian pikeun kaséhatan, cangkang cau ogé bisa dipaké pikeun ngahérangkeun cai anu kacampuran ku zat timbal atawa tambaga. Zat ieu lamun asup kana awak bakal ngaganggu kana kaséhatan awak. Tah, lamun cai anu kacampuran ku ieu zat saperti cai peureu, bisa maké cangkang cau pikeun meresihanana. Carana gampang. Cangkang cau téh dikeureutan sina jadi laleutik, terus asupkeun kana cai anu kacampuran zat anu tadi téa. Teu kudu merlukeun waktu anu lila pikeun meresihan caina. Sakeudeung ogé zat timbal atawa tambaga anu nyampur kana cai téh bakal diserep ku cangkang cau. Cangkang cau urutna masih kénéh bisa dipaké sababaraha kali, nepikeun ka sapuluh kalina.

Mangpaat Kacang Panjang pikeun Kaséhatan


Dina keur usumna mah, manggihan kacang panjang téh ampir unggal poé. Di dapur, ngabugbrug diwadahan. Salian ti meunang ngala ti kebon téh, aya kalana mangrupakeun pangirim ti tatangga anu mulang tas ti kebon. Biasana mah kacang panjang téh dijadikeun deungeun sangu, naha diangeun, diseupan (diteundeun di luhureun sangu anu diseupankeun) atawa didahar atahna langsung dicoélkeun kana sambel.

Areuy kacang panjang di kebon
Areuy kacang panjang di kebon

Salian ti ngeunah dipaké pikeun deungeun sangu téh, nurutkeun inpo ti loka Makanan Sehat, kacang panjang téh loba mangpaatna pikeun kaséhatan awak. Mangpaatna diantarana pikeun:

  1. Ngadalikeun atawa nurunkeun gula darah
  2. Nurunkeun darah tinggi
  3. Nyegah panyakit jantung
  4. Mantuan gawé padaharan (organ pencernaan)
  5. Ngurangan kaserang panyakit daging jadi (kanker)
  6. Ngubaran sembelit
  7. Ngubaran rématik
  8. Ngubaran diaré, arthritis jeung gangguan dina saluran kemih
  9. Mantuan ngubaran panyakit ginjal jeung arateul
  10. Ngajaga kulit supaya henteu kaserang éwateun
  11. Ngubaran kulit boléksék kusabab kaduruk

Jadi, salian ti pikeun nambahan segut kana dahar ku jalan dijieun deungeun sangu, ogé loba mangpaatna pikeun kaséhatan awak.

Mangpaat Ngadahar Buah Reujeung Cangkang (Kulit)-na


Nurutkeun béja ti detikhealth ngeunaan cara ngadahar buah, aya alusna lamun ngadahar buah téh reujeung cangkangna. Ngadahar buah dibarung cangkangna, mangrupakeun hiji cara pikeun ngurangan beurat awak (supaya henteu gendut teuing). Ieu béja téh meunang nyutat tina hasil panalungtikan urang Ostrali (Autralia) anu ngaranna Profesor Mike Gidley. Inyana nalungtik cangkang buah jinis Irwin reujeung Nam Dok Mai. Ieu panalungtikan ngahasilkeun kanyataan yén cangkang atawa kulit buah bisa ngurangan ngalobaanana gajih dina awak jeung nyegah tina gendutna awak. Dua jinis éta cangkang atawa kulit buah miboga saripati bioaktif, diantarana fitokimia anu miboga hasiat dina ngahalangan proses  Adipogenesis nyaéta anu nyababkeun ngagendutanana awak. Nurutkeun anu nalungtik ieu, saripati jero buah reujeung cangkangna téh kacida bédana. Ngan, cenah, ngeunaan ieu diperlukeun panalungtikan leuwih parna.

Jadi, nurutkeun ieu panalungtikan mah, aya alusna lamun ngadahar buah téh reujeung cangkangna atawa kulitna. Sakumaha mangpaat ngadahar apel atawa pir (pear) reujeung kulitna. Ulah ngan ukur ngadahar jerona wungkul.

Salasahiji jinis buah dina tangkalna

Ngeunaan ieu, jadi inget ka jaman baheula. Keur budak mah, lamun ngadahar bungbuahan téh osok reujeung cangkangna, tara ieu dipesék heula. Kaasup dina ngadahar buah. Malahan mah apanan tara diberesihan heula. Lamun katempona beresih (beresih ceuk penclongan mata), langsung waé didahar. Diberesihan téh lamun daék reujeung katempona kotor kulitna, naha dikumbah atawa ngan sakadar disusutan wungkul. Dina keur males mah ngan ukur disusutan maké baju supaya beresih.

Sanajan karasa rada kesed ogé resep waé ngadahar buah reujeung cangkangna téh. Taya pikiran yén cangkang buah téh miboga mangpaat eukeur kasehatan awak. Nu kapikir mah, buah henteu dipesék heula téh supaya gampang waé henteu kudu susah mesék heula. Reujeung lamun dipesék téh apanan aya buah (jerona) anu kapiceunan (kajaba ku anu geus ahli mesék buah).

Ayeuna? Geningan aya mangpaatna kulit atawa cangkang buah téh pikeun kasehatan. Alus atuh lamun kitu mah.

Maké Sendal Capit téh Bahaya. Bener kitu?


Maca béja (berita) di yahoo.com, cenah maké sendal capit (sendal kétéplék) téh bahaya. Bahayana téh pikeun kasehatan anu makéna. Lila-lila mah, maké sendal capit téh matak ngabahayakeun, cenah, kusabab ramo-ramo suku henteu bisa diangkat kalawan tumaninah. Hal ieu téh dibalukarkeun ku robahna beungbeurat suku atawa awak anu neken kana pigeulang suku tibatan kana dampal suku bagéan tukang.
Cenah, cidera kusabab maké sendal capit téh ngaleuwihan tibatan maké sapatu anu hak-na jangkung. Ceuk para ahli, jalma anu maké sendal capit mah leumpangna bisa robah kusabab dina ngaléngkahna leuwih neken kana dampal suku bagéan luar tibatan bagéan tukang. Hal ieu bisa ngabalukarkeun cidera dina waktu anu lila.

Masih kénéh ceuk éta béja, cenah sendal capit mah kurang bisa dijadikeun tatapakan pikeun suku, anu nyababkeun bisa nyeri. Salian ti éta bisa gampang raheut lamun titajong.

Sendal capit atawa sendal keteplek

Tambahanana, sendal capit ogé bisa jadi tempat cicingna panyakit. Sendal capit anu opat poé henteu diseuseuh-seuseuh, bakal dijadikeun tempat cicingna panyakit mangrupa baktéri saperti staphylococcus aureus anu cicing dina talina. Lamun kaparengan raheut dina suku, éta baktéri bisa asup kana jero awak ngaliwatan jalanna getih. Lamun henteu diubaran bisa nyababkeun éta jalma téh maot.

Bener kitu…?

Salila di lembur, urang lembur mah geus jadi kabiasaan maké sendal capit téh. Tapi taya anu kabéjakeun cilaka gara-gara sendal capit. Komo deui nepikeun ka maot gara-gara sendal capit. Teuing pédah euweuh baktéri anu ngaranna staphylococcus aureus, teuing kumaha. Pokona mah, maké sendal capit téh aman di lembur mah.