Nyurup


“Cim inget kénéh kana kajadian sababaraha poé katukang?” Si Duyéh nanya ka si Acim.

“Kajadian naon heula ieu téh, Yéh?” Si Acim malik nanya. Teu ngartieun naon anu dipimaksud ku si Duyéh.

“Éta ngeunaan Bi Ocoh.” Tembal si Duyéh.

“Oh…, éta.” Si Acim unggut-unggutan. “Naon kitu?”

“Apanan tadi beurang kajadian deui éta téh.”

“Maksudna?” Si Acim mencrong. “Bi Ocoh kasambang deui…?”

“Lain ieu mah. Lain kasambang.”

“Terus naon atuh?”

“Sigana mah aya anu nyurup ka Bi Ocoh.”

“Makud manéh, nyurup kumaha?”

“Heueuh, awakna Bi Ocoh téh siga anu kaasupan.”

“Kaasupan naon? Kaasupan sangu lain?” Si Acim rada heureuy.

“His, lain ieu mah.” Si Duyéh ngagebés si Acim. “Lain heureuy ieu mah.”

“Enggeus kaasupan naon kitu?”

“Éta cenah mah, ceuk indung kuring, raga badag Bi Ocoh téh kaasupan lelembutan.”

“Lelembutan?” Si Acim teu percaya. Bet inget kana jurig, ka mangkeluk anu ngageugeuh tempat anu pikasieuneun deukeuteun kebon manéhna. Apanan baheula bapana téh pernah diganggu kunu ngageugeuh di éta tempat.

“Kunaon manéh, Cim? Siga anu sieun kitu.”

“Henteu. Teu kuring mah henteu sieun. Da beurang ieuh.” Ceuk si Acim ngupahan sorangan.

Poek

“Bisi waé kuring mah. Bisi manéh borangan….” Si Duyéh bari mésem.

“Terus kumaha…? Heueuh éta Bi Ocoh téh kumaha?” Si Acim panasaran kana tuluyanana.

“Raga badagna Bi Ocoh téh aya anu ngeusian. Cenah mah éta téh lelembutanana Mang Édén.” Ceuk si Duyéh deui. “Apal teu manéh ka Mang Édén?”

“Nya apal atuh. Éta lain anu kakara sabulan katukang ninggalkeun?”

“Heueuh. Geningan manéh masih kénéh apal.”

“Terus kumaha atuh?”

“Nya untung waé anak-anakna gancang néang Bah Minta, pikeun ngubaran Bi Ocoh.”

“Dijampé deui nya?” si Acim nebak.

“Heueuh. Tapi lain ngan ukur dijampé wungkul ieu mah.”

“Aya naon deui kitu?”

“Éta waé cenah lelembutanana Mang Édén téh embung dipindahkeun ka alamna, saméméh manéhna udud heula.”

“Udud?”

“Heueuh. Nya ku Bah Minta téh dibéré udud waé roko Upet.”

“Terus?” Si Acim beuki panasaran.

“Nya sanggeus béak sabatang mah, kakara lelembutan Mang Édén téh bisa kaluar tina raga badagna Bi Ocoh.”

“Oh kitu. Tapi…,” si Acim mikir. “Kéla…, ari anu udutna téh lelembutanana Mang Édén lain? Kumaha cara ududna kitu?”

“Apanan lelembutanana Mang Édén téh eukeur nyurup kana ragana Bi Ocoh. Jadi anu ududna ogé nya Bi Ocoh.”

“Bi Ocoh…?”