Grup Pésbuk: Sajak Sunda


Sanajan ngaranna mah Sajak Sunda, lain hartina ieu grup ngan ukur pikeun kumpulna anggahota pésbuk anu mikaresep kana sajak. Tapi lamun nengetan katerangan ngeunaan ieu grup, grup ieu téh ogé bisa dijadikeun kumpulna anggahota pésbuk anu mikaresep atawa merhatikeun kana basa reujeung budaya titinggal ti karuhun sunda. Kusabab kitu, pikeun anu mikaresep kana basa reujeung budaya Sunda, bisa ngiluan ilubiung kana ieu grup. Pikeun asup kana ieu grup bisa ngaliwatan alamat http://www.facebook.com/groups/119684271938/.

Sajak Sunda di Pesbuk

Katerangan ngeunaan ieu grup bisa dijelaskeun sakumaha ayana, dicutat tina ngeunaan (About) ieu grup.

Sanes pedah sugih ku elmu jembar ku katiasa, sanes pedah oge jegud pangaweruh lan jembar ku harta, pribados ngadamel ieu kotretan taya sanes ngabayangkeun kalintang bagjana upami ngiring merhatoskeun kana basa atanapi budaya teureuh karuhun, nyobian ulubiung sareung umajak ngamumule basa pun biang.

“Jati teu kasilih ku junti” paripaos nu ngagambarkeun budaya sunda teh moal kakikis ku budaya nu sanes. kanggo ngadegkeun kanyataana tangtosna kedah aya nu mikacinta sareng ngamalire. Jalaran kitu, sawaktos urang sunda pituin simkuring ngaraos kajurung hate mikanyaah nu dipikagaduh, etang-etang ngiring ngamumule basa karuhun ditambih ku rasa honcewang sareung sedih kacida ninggal kaayaan dangeut ayeuna di sabudeureun urang anu tos langka ngadangu kecap sareng paripolah nu matak tumaninah kana manah.

Akang miwah Teteh sadaya,sumangga ah dihaturanan linggih….

Ari anu ngokolakeun ieu grup (admin), diantarana waé: Giriloka Arya, Owie Tonggeret Janari, Ekka Saraswati, Wiwin Khazanah Ramli, Sahyudin Sanjaya, Kang Guru II.

Nyaangan Kuburan


Dina mapag poéan lebaran, aya kabiasaan anu teu bisa dilepaskeun tina kabiasaan urang lembur, nyaéta nyaangan kuburan. Kuburan karuhun-karuhun urang lembur, hususna kolot (indung bapa) katut nini-aki anu geus ninggalkeun, sataun sakali mah osok ngahajakeun ditéang jeung diberesihan. Maksudna diberesihan téh supaya gampang dina waktu poéan lebaran bisa ngembang atawa nyekar ka kuburan karuhun.

Nyaangan kuburan

Dina sababaraha poéan deui ka lebaran, kuburan téh osok diberesihan tina jujukutan anu minuhan kuburan salila sataun campleng. Lamun henteu meresihan kuburan karuhun téh bisi matak éra ku tatangga, maenya batur mah kuburan karuhunna beresih ari sorangan kuburan sorangan diantepkeun sina bala. Malahan mah anu tadina teu apal palebah-palebahna kuburan karuhun, osok nananyakeun heula ka kolot anu masih kénéh hirup anu sakirana apaleun lebah-lebahna kuburan karuhun anu dipimaksud.

Atuh ahirna mah kuburan anu tadina barala téh, dina mapag lebaran mah osok jadi lalening beresih. Nya sataun sakali mah kuburan téh bisa jadi tempat anu ngeunaheun, beresih henteu dipinuhan ku jujukutan kayaning eurih jeung aareuyan.

Hikmah tina Nyekar ka Kuburan


Geus jadi kabiasaan lamun di lembur mah anu ngaranna nyekar ka kuburan teh osok dipigawe waktu poean lebaran. Anu teu biasa ka kuburan oge, dina poean eta mah ngahajakeun pikeun datang ka kuburanana, nya ngahajakeun wae pikeun sataun sakali mah. Da lamun lain poe lebaran mah biasana ka kuburan teh arek nanaon. Kajaba pikeun jalma anu arek ka kebon atawa liar nyanyabaan anu jalanna ngaliwatan ka tempat kuburan. Tapi da eta mah ngan ukur ngaliwat wungkul ka kuburanana teh, lain ngahajakeun nganjang ka kuburan, nganjang ka tempat dikurebkeunana karuhun (kolot, nini aku, buyut jeung saterusna).

Dina poean lebaran mah, jalma-jalma teh ngalabring ka kuburan. Tujuanana mah ampir sarua, nyaeta seja ngalayad, ngalongok tempat dikurebkeunana anu geus maot (karuhun tea). Anu saterusna mah nya ngadoakeun supaya anu geus aya di alam kubur teh sing meunang panghampura ti Gusti, diperenahkeun di tempat anu alus jeung merenah sarta ditarima Iman jeung Islamna.
Nya geus kabiasaan, kuring oge osok ngadon ‘ulin’ ka kuburan teh. Nya itung-itung taun kali ka kuburan teh, nempoan kuburan karuhun: nini aki, jeung uyut.

Ngan aya anu beda dina taun ayeuna mah. Teuing ngan ukur rarasaan wungkul, atawa memang bener beda. Anu ngabedakeunana teh, anu ayeuna mah naha kuring teh henteu ti biasana nelek-nelek ngaran-ngaran jalma anu aya dina tutunggul eta kuburan. Diilik-ilik mah loba kuburan anu kawilang anyar keneh. Salian ti anyar keneh oge, aya sababaraha kuburan anu dieusian ku jalma anu sapantaran atawa rada sapantaran jeung kuring, malahan mah aya anu umurna teh sahandapeun ti kuring. Dipikir deui, anu kuburanana diilikan ku kuring teh geningan babaturan ulin kuring baheula waktu keur leutik. Kakara kuring sadar…, bener! Enya eta teh babaturan ulin baheula.

Ari ayeuna…? Tinggal tutunggulna anu bisa katempo teh. Da jasadna mah geus jadi taneuh….

Kuburan

Naha atuh bet aya rasa sieun…. Sanajan susah ngajelakeunana, tapi anu jadi bahan pikasieuneun teh, iraha atuh kuring nyusul eta babaturan. Kuring sieun lamun waktu kuring kudu nyusul eta babaturan teh dina kaayaan tacan boga bekel. Kuring sieun lamun kudu nyusul manehna dina waktu teu payus, dina kaayaan hade atawa alus.

Tapi sanajan sieun oge, kuring kudu sigep lamun kuring kudu nyusul manehna. Da anu ngaranna ninggalkeun ieu dunya mah taya anu apal, arek iraha jeung dimana. Ngan ukur Gusti anu apal. Hartina lamun kitu mah kuring kudu neangan bekel masing loba pikeun sampeureun jaga di alam kubur jeung alam saterusna.

Ngan aya anu pikahemengeun kuring. Pikeun kolot-kolot mah, ngomognkeun perkara ninggalkeun dunya teh da siga anu geus biasa wae. Anu ngaranna tilar dunya teh lain perkara anu kudu dipikasieun deui. Da ngabogaan kayakinan pasti kabeh jalma oge bakal tilar dunya. Jadi pikeun kolot-kolot mah perkara tilar dunya teh teu kudu dipikasieun deui, teu kudu tagiwur nyanghareupan maot.

Ari kuring, sanajan kuring oge yakin kana maot mah geus jadi hiji hal anu pasti, tapi tetep wae sieun mah aya wae. Sieunna teh lain nyanghareupan maotna, tapi sieunna teh kusabab tacan boga bekel, jeung sieun dina pas maotna teh eukeur ngalakukeun dosa atawa kagorengan….