Kakurangan jeung Kapinunjulan


Aya jalma anu ngabogaan kakurangan. Aya ogé jalma anu ngabogaan kapinunjulan atawa kaonjoyan. Dua hal éta geus lumrah ayana dina diri jalma. Unggal jalma miboga dua hal éta, miboga kakurangan jeung miboga kapinunjulan.

Dina nyinghareupan ieu kaayaan, aya rupa-rupa sikep jalma. Aya jalma anu miboga kapinunjulan nyababkeun éta jalma téh gedé hulu. Anu tungtungna nyababkeun manéhna ngabogaan anggapan asa aing uyah kidul. Sedengkeun di pihak séjén, jalma anu ngarasa miboga kakurangan, bisa nyababkeun éta jalma téh bingung, alum ngungun, ngarasa teu boga harga diri.

Pikeun sawaréh jalma, anu ngaranna kaonjoyan téh bisa disebut hiji paméré anu kudu dipamérkeun. Lamun miboga kapinunjulan kudu ditembong-tembongkeun, diagulkeun. Anu ahirna éta jalma jadi sombong, adigung adiguna, asa aing uyah kidul. Malahan mah bisa waé nganggap batur mah taya hargaan atawa teu bisa nanaon, teu kawas cara manéhna.

Pikeun jalma anu miboga kakurangan, bisa sabalikna. Dina ngajalankeun kahirupanana bisa waé jadi loba cicingeun, embung gaul reujeung batur. Sapopoéna bisa waé ngan ukur ngaringkeb sorangan di imah atawa di kamar. Embung panggih reujeung batur atawa tatangga, kusabab miboga kakurangan anu ngahalangan dina hirup reureujeungan jeung batur. Miboga kasieun, sieun dipoyokan ku batur, sieun dihina ku batur kusabab miboga kakurangan dina dirina.

Kakurangan jeung kapinunjulan

Jadi aya dua hal anu papalingpang. Duanana ogé bisa disebutkeun jalan anu goréng. Kudu kumaha atuh sikep anu dipilih supaya bisa alus? Nyanghareupanana, teu kudu kaleuleuwihi dina nganggap diri, naha diri anu miboga kakurangan atawa diri anu miboga kapinunjulan. Da jalma mah mangrupakeun mahluk anu sampurna, sampurna dina harti lamun miboga kakukrangan pasti miboga kapinunjulan. Unggal jalma miboga kakurangan jeung kapinunjulan. Ngan béda perkarana atawa béda bagéanana. Kudu inget, lamun diri miboga kapinunjulan ulah nepikeun ka jadi adigung adiguna, da pasti dina perkara séjén miboga kakurangan. Pon kitu deui pikeun anu miboga kakurangan. Ulah jadi alum ngungun kusabab mikiran atawa dibeungbeuratan ku kakurangan diri, da pasti dirina miboga kapinunjulan dina widang atawa perkara séjénna.

Leuwih pentingan deui, kudu sukuran kana naon anu nyampak dina diri. Naha arék kapinunjulan atawa kakurangan. Kapinunjulan jeung kakurangan dina diri pasti aya mangpaatna pikeun diri. Lamun disukuran mah éta kapinunjulan jeung kakurangan téh bakal mawa kani’matan hirup.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.dwiastini.com/wp-content/uploads/2011/06/kekurangan_kelebihan.jpg)