Urang Indonesia ka Kénca, Urang Luar Nagri ka Katuhu


Plang pituduh di jero kapal ngapung

Naék Kapal Ngapung téh Siga Tumpak Mobil ka Lembur


Najan rada sieun naék kapal ngapung, ahirna mah ngalaman ogé naék kapal ngapung. Rada deg-degan waktu kapal ngapung mimiti maju. Mimitina alon, terus ngagancangan. Kapal anu tadina napak kana aspal téh mimiti nanjak siga nyorang tanjakan. Beuki lila beuki luhur, terus rada déngdék jeung méngkol. Pajaratan ngajauhan terus papaliwat reujeung reueuk bodas.

Sapanjang ngapung, teu karasa kawas ngapung. Rarasaan kawas tumpak mobil atawa beus. Malahan leuwih jauhna mah kawas tumpak mobil anu ka lemburkeun. Lamun tumpak mobil ka lembur, jalanna téh rupa-rupa, aya anu alus aya anu goréng. Nalika nyorang jalan anu alus, mobil téh apanan ngageleser. Dina nalika nyorang jalan anu goréng, mobil téh anjlug-ajlugan balas nyorang jalan anu garinjul ku batu.

Kapal ngapung eukeur ngapung

Tumpak kapal ogé geningan teu béda ti kitu. Henteu sapanjang jalan nyorang jalan anu alus. Di sababaraha tempat mah kapal téh nyorang ‘jalan’ anu goréng. Lamun jalanna (anginna…?) alus mah, kapal téh ngageuleuyeung, sedengkeun nalika jalan anu disorangna goréng mah kapal téh gugurudugan siga nyorang jalan anu garinjul.

Jadi tumpak kapal ngapung anu kaalaman téh siga tumpak mobil keur ka lemburkeun. Taya bédana….

Mahalna Dahareun di Jero Bandara Soekarno-Hatta


Kusabab naék kapalna kudu entragan jam 9, kapaksa kudu nungguan heula di bandara. Da inditna mah bareng reujeung anu entragan isuk-isuk. Untung wae henteu sorangan indit beurangna. Néangan tempat nungguan bagéan indit jam 9, euweuh tempat cicing anu ngeunaheun. Aya ogé tempat cicing anu ngeunaheun di jero rohangan anu jualan dahareun, da loba korsi reujeung méja.

Anu ngaranna tempat ngajualan dahareun mah nyadiakeun tempat cicing korsi méja téh taya deui salian ti pikeun anu ngadon dahar atawa jajan. Kapaksa waé ngadon asup ka jerona sakalian sarapan, da basa indit tacan sarapan heula. Néangan tempat anu di juru supaya rada ngeunaheun najan kudu ngajéngjéhé nundutan. Sakalian waé pésen dahareun pikeun sarapan. Cenah kudu nyokot sorangan….

Kapaksa waé milih dahareun anu aya. Supaya murah, milih dahareun téh anu basajan waé. Henteu daék milih dahareun anu anéh-anéh da bisi mahal. Kabeneran mawa duitna saeutik. Saméméh dibawa ka méja, kudu diitung heula katut dibayar heula. Sanggeus diitung, katut kaluar hargana, mani ngajenghok. Mani mahal-mahal teuing? Alakadar dahar sangu meunang ngagoréng ditambah ku angeun sop baso ditambah cai akua hiji, hargana nepikeun ka 35 rebu….

Tapi kumaha deui, da geus diwadahan. Kapaksa waé dibayar.

Mani mahal-mahal teuing. Kawas di tempat pakanci waé, hahargaan téh naékna teu adeuh. Naha kusabab mayar séwa tempatna kitu mahal téh atawa kusabab hal séjénna? Hanas teu bebekelan ti luar. Saacanna asup ka jero bandara téh meuli heula dahareun pikeun bekel di jero bandara katut di jalanna. Éta wae mangsa geus asup ka jero deui saacanna naék kapal, hayang nginum téh kudu ngaluarkeun béaya 5 rebu pikeun meuli cai téh anu dibotolan. Nalika di awang-awang ogé sarua, harga dahareun anu dijual téh asa mahal….

Tempat caricingna jalma anu arek naek kapal ngapung

Ka hareupna mah, lamun arék iinditan téh kudu bebekelan heula. Kawas baheula lamun arék indit pakanci téh apanan osok nimbel heula pikeun bekel di jalan, sakalianeun lapar téh kari muka timbel (bekel).

(Gambar meunang nginjeum ti http://jurnalpatrolinews.com/)

Kudu Naék Kapal Ngapung…?


Kabeneran ayeuna mah pagawéan téh ayana di luar Pulo Jawa. Nya meureunan kudu nyaba heula pikeun saheulaanan mah. Najan kudu jauh ti lembur sorangan, tapi teu meunang jadi halangan pikeun mugagkeun lampah. Najan arék di mana waé anu ngaranna gawé mah kudu siap sadia. Nu penting mah jelas tugasna jeung nepi ka iraha. Cenah mah lilana téh kurang leuwihna genep bulaneun.

Ari tempatna? Tempatna téh cenah mah kudu meuntas ka Pulo Sumatera, perenahna di wewengkon Riau. Jauh ogé geningan…!

Naék naon atuh ka dituna? Ka dituna téh naék kapal ngapung!

Geningan…? Kumaha atuh…?

Kapal ngapung eukeur ngapung

Nya teu kukumaha. Da lamun badarat mah sigana iraha mah nepina. Teuing sabaraha poéeun lamun jalan darat mah. Sedengkeun ari naék kapal ngapung mah paling ogé sababaraha jameun. Ngan sakeudeung, moal nepikeun ka leuwih ti dua jam. Kitu cenah.

Apanan tacan pernah ngalaman naék kapal ngapung? Moal kukumaha kitu?

Moal kukumaha. Batur ogé anu osok naék kapal ngapung, henteu nanaon. Reujeung deui anu ngaranna cilaka mah teu kudu naék kapal ngapung wungkul. Dalah anu badarat ogé bisa waé cilaka. Pon kitu deui anu di laut, geus nepi kana cilakana mah bakal cilaka. Jadi najan remen kabéjakeun loba anu cilaka, ulah ngendagkeun patékadan. Asal niatna alus, ulah pugag di tengah jalan. Lakonan lamun éta dianggap alus.

Heueuh ogé nya. Najan remen kabéjakeun loba anu cilaka, éta mah geus kuduna waé cilaka. Lamun kuduna henteu cilaka mah moal cilaka. Najan loba anu nyebutkeun ngeunaan cilaka: cenah anu naék kapal ngapung, apanan murag; anu naék kapal laut tilelep; anu naék karéta tabrakan, anu naék mobil ogé sarua; anu naék motor ditabrak; ulah mugagkeun lampah. Da cilaka mah teu kudu tumiba ka jalma anu keur lumampah, najan jalma anu keur cicing ogé bisa waé kakeunaan ku cilaka. Jalma anu cicing diimah terus karagragan kapal ngapung, apanan bisa katumibaan cilaka.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Motor Anu Maké Bénsol


“Cim apal kénéh basa Mang Uci mawa motor trail boga babaturanana Mang Uci?” Ceuk si Duyéh ka si Acim.

“Motor trail?” Si Acim ngahuleng.

“Heueuh.”

“Ké lanan.” Si Acim ngahuleng deui. “Oh, heueuh. Basa aya anu moro bagong téa lin?”

“Heueuh. Kabeneran apanan motorna téh dibawa ka leuweungna téh ku Mang Uci.”

“Hmmm, kumaha kitu?” Si Acim jadi panasaran, naon sababna si Duyéh bet ngobrolkeun ngeunaan hal éta.

“Teu nanaon. Ngan éta waé cenah ceuk Mang Uci, motor trail mah bisa ngapung.” Ceuk si Duyéh bari melong ka si Acim.

“Bisa ngapung?”

Si Duyéh ukur unggeuk tanda ngaenyakeun.

“Kitu nya…?” Ceuk si Acim deui bari ngabayangkeun kumaha ngapungna éta motor trail. Naha ngapungna téh siga papanting atawa papatong atawa siga kapal ngapung di awang-awang.

“Heueuh. Apal teu manéh kunaon sababna éta motor trail téh bisa ngapung?” Tanya si Duyéh ka si Acim.

Anu ditanya ukur gideug, da teu apaleun.

“Cenah mah béngsinna dicampuran ku bénsol.” Ceuk si Duyéh méré nyaho.

“Bénsol?”

“Heueuh, bénsol.”

Motor trail keur ngapung

“Nu kumaha kitu bénsol téh?”

“Teu apal bénsol?” si Duyéh bari neuteup.

“Teu. Ari manéh apal kitu?” Si Acim malik nanya.

“Apal atuh. Bénsol téh paranti dina kapal. Gaganti béngsin.” Ceuk si Duyéh siga anu agul.

“Kumaha kitu rupana?” Si Acim nyelok.

“Rupana?” Si Duyéh mikir. “Rupana mah déék ogé teu apal.”

“Ih, sugan téh apal. Cenah tadi apal.” Ceuk si Acim bari mésem.

“Lain kitu.” Si Duyéh ngabéla sorangan.

“Terus kumaha?” Si Acim panasaran.

“Cenah ceuk Mang Uci, lamun motor biasa hayang bisa ngapung mah gampang.” Si Duyéh nyalénggorkeun obrolan.

“Kumaha kitu?”

“Carana mah, béngsinna dicampuran ku bénsol. Lamun ngapungna hayang leuwih luhur, bénsolna dilobaan.” Ceuk si Duyéh deui.

“Kakara apal kuring mah.” Ceuk si Acim unggut-unggutan.

(Asal poto: http://www.kfsemarang.com/?q=node/1473&page=2)

Munggah Haji jeung Gelar Haji


Dina bulan Rayagung mah, aya hiji ibadah anu tacan tangtu sakabéh urang Islam bisa ngalaksanakeunana. Eta ibadah téh nyaéta ibadah haji atawa anu osok disebut ogé Munggah Haji.

Munggah Haji téh naon?

Munggah téh bisa dihartikeun ogé ku kecap naék. Jadi munggah haji téh harti satarabasna mah naék haji. Naék lain kusabab dina ngalaksanakeun hajina téh naék kapal ngapung (kapal udara) atawa kapang ngangkleung (kapal cai), tapi geus jadi istilah anu geus ngalaman ibadah haji mah osok naék darajatna, da biasana osok pada nyebut Pa Haji atawa Bu Haji. Salian ti éta ogé anu geus Mungga Haji mah ‘kudu’ bisa naékeun darajat ibadahna (takwana). Anu geus ngalaksanakeun ibadah haji mah osok meunang gelar Haji. Arék hayang atawa kacida hayangna atawa embung ogé, biasana mah osok pada nyebut kitu.

Munggah Haji di Dayeuh Mekkah

Anu hayang atawa kacida hayangna, meureunan bisa waé hayang ngabogaan gelar haji atawa géngsi. Bisa waé hayang katanggar yen manéhna téh pernah indit ka Mekkah. Atuh anu embung meunang gelar éta atawa ngaranna maké panambah gelar éta, téh bisa waé ngabogaan kayakinan anu ngaranna ibadah haji mah euweuh sangkut pautna reujeung gelar Haji. Da ibadah anu ditarima mah lain gelarna tapi kumaha supaya Ibadah Hajina téh jadi Ibadah Haji anu Mabrur.

Perkara éta mah keun waé lah, kumaha jalmana waé. Naha munggah hajina téh kusabab hayang meunang gelar atawa hayang ibadah, atawa hayang meunang duanana.

Ulah Nyorotkeun Lampu Sénter ka Awang-awang


Waktu Maghrib geus liwat. Barudak balubar ti masigit. Naha nya…?

Sababna mah Mang Ahmad keur iinditan heula ka guruna waktu masantrén sababaraha waktu katukang. Nya barudak téh euweuh anu ngawurukan. Atuh kusabab kitu, barudak ngaji téh boga kasempetan pikeun henteu ngaji. Kajaba barudak anu geus galédé, caricing waé di masigit bari ngaraji. Ari barudak laleutik mah, riab waé ka luareun masigit. Aya anu balik ka imahna séwang-séwangan, aya ogé anu terus ulin di buruan masigit jeung di jalan gedé.

Ari si Acim jeung si Omon katut si Duyéh, tiluanana ngadon hareureuy di sisi jalan béh kaléreun masigit. Kabeneran tiluanana marawa sénter.

“Mon, Cim! urang pajauh-jauh nyorotna sénter yu?” Ceuk si Duyéh kanu duaan.

“Pajauh-jauh kumaha?” Si Acim panasaran.

“Pajauh-jauh caangna lin, Yéh?” Si Omon nyelok.

“Heu-euh, kitu.” Témbal si Duyéh bari ngalieuk ka si Omon.

“Kumaha carana?” Si Acim deui.

“Carana mah gampang. Urang sorotkeun waé ti dieu sénterna. Sorotkeunana ka lebah ditu tuh, lebah tatangkalan kopi sisi jalan.” Ceuk si Duyéh ngajéntrékeun. Terus saha anu pangjauhna, éta anu jadi jawarana.”

“Cara ngukur jauhna kumaha?” Ceuk si Acim deui bari melong ka si Duyéh.

Lampu senter (Sumber foto: http://www.kawachi.co.id/joomla/templates/kawachi/images/stories/LEDBYK/KG3266.png)

Ari si Omon mah cicing waé.

“Nya saha anu pangcaangna dina tangkal kopi, éta anu meunang.”

“Susah ah ngukurna.” Ceuk si Acim, jiga anu haroréam.

“Cobaan heula waé atuh, Cim.” Pénta si Duyéh.

“Heu-euh…!” Si Omon ngarojong.

“Sok atuh, saha heula.” Ahirna si Acim ngéléhan.

“Babarengan waé atuh.”

“Mun kitu mah saha anu jadi jurina, saha anu ngukurna…?” Si Acim rada teugeug.

Ari si Omon ukur nyenghél waé. Sedengkeun si Duyéh teu némbalan. Manéhna ngahurungkeun sénterna terus disorotkeun ka lebah tangkal kopi sisieun jalan. “Hayoh atuh….”

Anu duaan éléh déét, ngiluan.

“Sok atuh, saha anu meunang?” Si Acim kanu duaan.

“Kéla atuh. Ulah pabaliut kitu nyorotkeunana. Jadi susah nempo anu pangcaangna.” Ceuk si Duyéh bari memener sorot sénterna.

“Ah ieu ma sarua waé ningan. Deukeut teuing jigana mah Yéh.” Ceuk si Omon bari mareuman sénterna.

“Tong ka dinya atuh nya.” Si Duyéh ngahuleng. “Urang ka luhur waé atuh.”

“Sok atuh.” Ceuk si Omon bari ngahurungkeun sénterna bari terus disorotkeun ka luhur. “Tuh kuring mah enggeus.”

Anu duaan nurutan.

“Tah, kuring anu pangjauhna mah. Tempo…,” Ceuk si Omon bungah. “Tempo nyorotna jauh pisan.”

“Kéla atuh…, kuring néangan heula tempat nyorotna.” Ceuk si Duyéh bari memener sénterna supaya caangna leuwih nojo ka awang-awang anu jauh.”

Ari si Acim teu pipilueun. Cicing waé manéhna mah. Tibatan nyorotkeun sénterna ka luhur, manéhna mah milih cingogo waé di sisi jalan bari ngilikan taneuh deukeuteunana anu dicaangan ku sénter manéhna.

“Eh…! Keur nanaonan maranéh?” Aya sora anu ngagareuwahkeun. “Lain ngaraji ka ditu. Kalahka nyorot-nyorotkeun sénter ka awang-awang ieu téh.”

Anu tiluan ngalieuk ka lebah datangna sora. Ku si Acim disorot make sénter. Béh, geningan Mang Adun keur leumpang nyampeurkeun. Jigana mah kakara balik ti sawah.

“Éta…, nanaona bet disorotkeun sagala. Serab atuh Cim!” Ceuk Mang Adun bari ngahalangan beungeutna tina cahya sénter si Acim.

“Punten Mang, manawi téh saha.” Ceuk si Acim bari nurunkeun sénterna sina nyaangan ka jajalaneun.

“Keur nanaon atuh di darieu? Lain ngaraji ka ditu.” Pokna Mang Adun sanggeus deukeut.

“Mang Ahmadna teuaya Mang.” Témbal si Duyéh bari tetep nyorotkeun sénterna ka awang-awang.

“Naha atuh kalah arulin di dieu. Jeung nanaonan éta bet nyorotkeun sénter ka luhur sagala?” Mang Adun melong kanu duaan.

“Ieu mang patebih-tebih caangna sénter.” Ceuk si Omon.

“Éta, atuh ulah ka luhur. Bisi matak….” Ceuk Mang Adun ngawawadian.

“Naha Mang?” Si Duyéh melong ka Mang Adun.

“Éta bisi aya kapal ngapung ngaliwat. Bisi kasorot ku sénter maranéh. Engké bisi murag kapalna.” Ceuk Mang Adun ngajéntrékeun.

“Kitu nya, Mang?” Si Duyéh melong bari mareuman sénterna.

Si Omon oge nurutan mareuman sénterna.

“Bener…! Matak ulah sagawayah nyorotkeun sénter.” Ceuk Mang Adun bari ngaléos ka béh kalerkeun muru ka imahna.

Nu tiluan ngaharuleng.

Bener kitu, lamun kapal ngapung kasorot ku sénter osok murag?