Orang Pinggiran, Carita Jalma di Pasisian


Kataji ogé ku hiji acara anu dipintonkeun dina hiji galura tipi nasional. Éta acara mintonkeun kahirupan jalma-jalma pasisian dina nyanghareupan kahirupan anu sarwa walurat. Eusina lolobana mah ngeunaan kumaha gedéna sumanget jalma-jalma dina ngalakonan kahirupanana anu bisa disebutkeun loba kakuranganana utama ngeunaan harta bobogaan katut pagawéan anu teu tangtu. Ku susahna néangan rejeki, nepikeun ka budak-budakna anu masih kénéh laleutik ogé miluan digawé atawa digawé sorangan néangan rejeki, pikeun mantuan kolotna. Dipintonkeun ogé kumaha rasana jeung kumaha susahna dina néangan kipayah pikeun kulawarga atawa kolotna.

Acara Orang Pinggiran di Trans|7

Sanajan kahirupan sarwa walurat jeung sarua weritna, tapi patékadan pikeun bajoang néangan kipayah henteu ngurangan atawa jadi leungit. Najan kudu digawé anu bisa disebutkeun taya hartina (lamun diukur ku pangaji), tetep dilakonan. Anu penting mah bisa beubeunangan reujeung halal, sanajan ngan ukur saeutik reujeung ceuk batur mah moal mahi atawa cukup pikeun bekel sapopoéna. Anu jadi jejer téh bisa jadi sakulawargana, atawa kolotna, malahan aya budakna. Budak atawa anak dina hiji kulawarga osok dijadikeun jejer dina caritana. Budak anu sakuduna mah keur meumeujeuhna resep arulin reujeung babaturanana, ieu mah kudu digawé néangan rejeki, néangan kipayah pikeun dirina reujeung adi-adina atawa mantuan kolotna.

Bisa disebutkeun, caritana matak ngagerian kana haté anu nongtonna. Anu nongtonna diajak neuleuman atawa ngilu ngarasakeun kumaha susahna jadi jalma pasisian anu sarwa kakurangan. Salian ti ngilu ngarasakeun, ogé bisa dijadikeun jalan pikeun mulungan luang reujeung sumanget jalma-jalma anu kakurangan dina ngalakonan kahirupanana. Najan kahirupanana sarwa kakurangan, henteu matak runtag atawa peunggas pangharepan dina néangan kipayah. Najan hasilna taya hartina, angger dikeureuyeuh. Da ngan éta anu bisa dipigawéna, taya deui pagawéan séjénna anu mampuh dipigawéna. Sumanget anu bisa dipulung enggoning nyanghareupan kahirupan ka hareupna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.facebook.com/)

Kakurangan jeung Kapinunjulan


Aya jalma anu ngabogaan kakurangan. Aya ogé jalma anu ngabogaan kapinunjulan atawa kaonjoyan. Dua hal éta geus lumrah ayana dina diri jalma. Unggal jalma miboga dua hal éta, miboga kakurangan jeung miboga kapinunjulan.

Dina nyinghareupan ieu kaayaan, aya rupa-rupa sikep jalma. Aya jalma anu miboga kapinunjulan nyababkeun éta jalma téh gedé hulu. Anu tungtungna nyababkeun manéhna ngabogaan anggapan asa aing uyah kidul. Sedengkeun di pihak séjén, jalma anu ngarasa miboga kakurangan, bisa nyababkeun éta jalma téh bingung, alum ngungun, ngarasa teu boga harga diri.

Pikeun sawaréh jalma, anu ngaranna kaonjoyan téh bisa disebut hiji paméré anu kudu dipamérkeun. Lamun miboga kapinunjulan kudu ditembong-tembongkeun, diagulkeun. Anu ahirna éta jalma jadi sombong, adigung adiguna, asa aing uyah kidul. Malahan mah bisa waé nganggap batur mah taya hargaan atawa teu bisa nanaon, teu kawas cara manéhna.

Pikeun jalma anu miboga kakurangan, bisa sabalikna. Dina ngajalankeun kahirupanana bisa waé jadi loba cicingeun, embung gaul reujeung batur. Sapopoéna bisa waé ngan ukur ngaringkeb sorangan di imah atawa di kamar. Embung panggih reujeung batur atawa tatangga, kusabab miboga kakurangan anu ngahalangan dina hirup reureujeungan jeung batur. Miboga kasieun, sieun dipoyokan ku batur, sieun dihina ku batur kusabab miboga kakurangan dina dirina.

Kakurangan jeung kapinunjulan

Jadi aya dua hal anu papalingpang. Duanana ogé bisa disebutkeun jalan anu goréng. Kudu kumaha atuh sikep anu dipilih supaya bisa alus? Nyanghareupanana, teu kudu kaleuleuwihi dina nganggap diri, naha diri anu miboga kakurangan atawa diri anu miboga kapinunjulan. Da jalma mah mangrupakeun mahluk anu sampurna, sampurna dina harti lamun miboga kakukrangan pasti miboga kapinunjulan. Unggal jalma miboga kakurangan jeung kapinunjulan. Ngan béda perkarana atawa béda bagéanana. Kudu inget, lamun diri miboga kapinunjulan ulah nepikeun ka jadi adigung adiguna, da pasti dina perkara séjén miboga kakurangan. Pon kitu deui pikeun anu miboga kakurangan. Ulah jadi alum ngungun kusabab mikiran atawa dibeungbeuratan ku kakurangan diri, da pasti dirina miboga kapinunjulan dina widang atawa perkara séjénna.

Leuwih pentingan deui, kudu sukuran kana naon anu nyampak dina diri. Naha arék kapinunjulan atawa kakurangan. Kapinunjulan jeung kakurangan dina diri pasti aya mangpaatna pikeun diri. Lamun disukuran mah éta kapinunjulan jeung kakurangan téh bakal mawa kani’matan hirup.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.dwiastini.com/wp-content/uploads/2011/06/kekurangan_kelebihan.jpg)