Mangpaat Kacang Panjang pikeun Kaséhatan


Dina keur usumna mah, manggihan kacang panjang téh ampir unggal poé. Di dapur, ngabugbrug diwadahan. Salian ti meunang ngala ti kebon téh, aya kalana mangrupakeun pangirim ti tatangga anu mulang tas ti kebon. Biasana mah kacang panjang téh dijadikeun deungeun sangu, naha diangeun, diseupan (diteundeun di luhureun sangu anu diseupankeun) atawa didahar atahna langsung dicoélkeun kana sambel.

Areuy kacang panjang di kebon
Areuy kacang panjang di kebon

Salian ti ngeunah dipaké pikeun deungeun sangu téh, nurutkeun inpo ti loka Makanan Sehat, kacang panjang téh loba mangpaatna pikeun kaséhatan awak. Mangpaatna diantarana pikeun:

  1. Ngadalikeun atawa nurunkeun gula darah
  2. Nurunkeun darah tinggi
  3. Nyegah panyakit jantung
  4. Mantuan gawé padaharan (organ pencernaan)
  5. Ngurangan kaserang panyakit daging jadi (kanker)
  6. Ngubaran sembelit
  7. Ngubaran rématik
  8. Ngubaran diaré, arthritis jeung gangguan dina saluran kemih
  9. Mantuan ngubaran panyakit ginjal jeung arateul
  10. Ngajaga kulit supaya henteu kaserang éwateun
  11. Ngubaran kulit boléksék kusabab kaduruk

Jadi, salian ti pikeun nambahan segut kana dahar ku jalan dijieun deungeun sangu, ogé loba mangpaatna pikeun kaséhatan awak.

Advertisements

Karédok Kacang Panjang


Keur usum kacang panjang di kebon mah, taya deui anu kapikir pikeun molahkeun éta hasil tatanén salian ti dijieun karédok. Kacang panjang anu meujeuhna rangu téh dikarédok, naha dijieun deungeun sangu atawa didahar karédokna wungkul. Kacang panjang anu osok dikarédok biasana mah anu ngora kénéh supaya rangu, henteu liat. Tapi lain harti anu geus kolot mah henteu bisa dikarédok. Anu geus kolot mah biasana diarah sikina wungkul, henteu jeung cangkangna da bakal liat.

Karedok kacang panjang
Karedok kacang panjang

Pikeun nyieun karédok kacang panjang, sayagakeun bahan-bahan kayaning cikur, bawang beureum, bawang bodas, uyah, gula, cabé jeung kacang panjang. Dina nyayagakeunana teu kudu aya kabéh. Pikeun anu henteu resep maké bawang, bisa waé henteu ditambahan ku bawang. Sadiakeun ogé coét jeung mutuna pikeun ngaréndos. Cara nyieunna:

  1. Asupkeun cikur, bawang beureum, bawang bodas, uyah, gula jeung cabé kana coét. Terus diréndos nepikeun ka lembut. Ukuran gedé jeung lobana mah gumantung pangaresep kana rasa.
  2. Kacang panjang diteukteukan parondok, kira-kira sabuku ramo panjangna. Meunang neukteukan diasupkeun kana coét. Kacang panjang anu geus rada kolot (kulitna geus liat) mah henteu diteukteukan, tapi dipesék diala sikina.
  3. Réndos deui kacang panjang meunang neukteukan téa sina bareulah supaya nyerep jeung galo samarana. Sina rata samarana atawa bareulah kacang panjangna.

Mipit Kudu Amit, Ngala Kudu Bebeja


Rebun-rebun keneh pisan, si Acim reujeung si Omon geus indit ke kebon si Omon. Kabeneran harita teh keur pere sakola, jadi henteu arindit ka sakola. Duanana katempo nyaroren bedog leutik dina cangkengna. Ditambah deui si Acim mah bari mekel koja anu disorenkeun dina taktakna.

Duanana muru ke lebah kidul, ka sisi leuweung awi. Anjog ka sisi kebon, duanana kacida bungahna. Bener wae pepelakan di kebon teh keur usumna diala. Aya jagong, bonteng, kacang panjang, waluh, reujeung samangka, kapuhanan ari cau mah da taya usumna.

kebon

Atuh duanana oge papada bungaheunana pisan. Da balik ti kebon teh pastina oge bakal beubeunangan. Arek sagala diala anu geus arasak atawa karolot mah.

“Ayeuna ngala naon heula, Mon?” Ceuk si Acim ka si Omon anu miheulaan asup ka saung di tengah kebon.

Samemeh si Omon ngajawab, manehna jiga aya anu diteangan. Tapi teu kapanggih.

“Urang ngala bonteng heula wae supaya bisa langsung didahar.” Tembal si Omon.

“Hayu atuh lamun kitu mah.” Ceuk si Acim jiga anu teu sabar hayang gera gap-gap wae kana alaeun.

“Ari eta koja, gede teu?” Tanya si Omon ka si Acim bari ngilik-ngilik koja anu disorendang ku si Acim.

“Leutik ieu mah. Kumaha atuh…?” Si Acim malik nanya.

“Kumaha atuh nya. Da di saung oge euweuh wawadahan sabangsaning karung.” Si Omon ngahuleng.

“Urang talian wae atuh….” Si Acim mere bongbolongan.

“Ari maneh…, piraku bonteng, waluh are dibeungkeut?” Si Omon melong.

“Heueuh, nya….” Si Acim eraeun. “Nya kumaha engke wae atuh. Nu penting mah ayeuna urang ngala heula. Urang kumpulkeun.”

“Hayu atuh. Tapi omat, ngalana anu kolot wungkul nya. Anu ngora mah, ulah diala, antepkeun wae sina kolot.” Si Omon mamatahan.

“Tapi, ari bonteng mah pan alus keneh anu ngora. Anu kolot mah osok diantepkeun pikeun binih….” Si Acim melong ka si Omon.

“Nya…, kumaha maneh wae. Da kuring ma arek ngala jagong.” Si Omon bari ngaleos ka luareun saung.

“Ngala jagong? Naha…?” Si Acim teu kebal nyaritana. Da kaburu ditingalkeun ku si Omon. Manehna nyusul si Omon anu ngajugjug ka belah kidul, ka kebon anu dipinuhan ku tangkal jagong.

“Ari kuring mah kudu ngala bonteng nya…?” Si Acim nanya deui, sanggeus nyusul si Omon.

“Heueuh. Tuh lebah ditu. Loba gera bontengna.” Si Omon nuduhkeun ka lebah wetan. Bener wae lebah wetan mah loba areuy bonteng anu ngahunyud.

Si Acim muru ke belah wetan.

“Tapi, omat. Saacanna ngala maneh kudu bebeja heula….” Si Omon mapagahan.

Si Acim ngarandeg.

“Bebeja ka saha…?” Si Acim malik, nyanghareup ka si Omon. “Apanan geus diidinan ku kolot maneh oge. Komo ieu mah sasatna dititah….”

“Lain eta…,” Si Omon nyampeurkeun ka si Acim. Sanggeus deukeut manehna ngaharewos ka si Acim. “Bebeja teh kaanu ngageugeuh di dieu….”

Si Acim olohok. Melong ka si Omon. “Naha bet kudu bebeja kanu kitu sagala. Apanan anu bogana oge kolot maneh, lin?”

“Ih, da ieu mah ceuk kolot kuring keneh. Cenah kudu bebeja heula.”

Si Acim teu nyarita deui. Manehna rada handeueul. Naha boga babaturan teh masih keneh percaya kanu kitu…. Tapi teu lila, manehna muru ka beh wetan. Muru ka rungkun bonteng. Manehna tuluy ngalaan bonteng, dipilihan anu meujeuhna, henteu kolot teuing, henteu ngora teuing.

Keur segut ngalaan bonteng, si Omon ngagorowok, nyalukan si Acim.

“Cim…! Acim…! ka dieu heula…!” Ceuk si Omon, jiga anu reuwas.

“Aya naon, Mon…?” Tembal si Acim bari lumpat nyampeurkeun si Omon anu aya di kebon jagong.

“Aya naon, Mon?” Pokna deui sanggeus aya di deukeuteun si Omon.

“Tempo…. Itu tempo.” Si Omon bari tutunjuk ka lebah kebon jagong. “Jagong teh geu aya anu ngala….”

Si Omon bangun anu kaduhung jeung keuheul.

“Aya anu ngala…? Si Acim nelek-nelek ka tatangkal jagong anu dituduhkeun ku si Omon. “Bener oge….”

“Saha nya, anu wani-wani ngala jagong eta…?” Si Omon keuheul. Ngan teu bisa kukumaha.

“Eta sugan. kolot maneh geus ngala atawa encan?” Si Acim nanya ka si Omon.

“Numatak nitah urang oge, kolot kuring mah acan ngala. Kakara ayeuna arek dialana oge ku urang.” Si Omon bingung.

Si Acim milu bingung. Diala ku saha atuh jagong teh? Mani teu bebeja heula? Lamun lain kunu bogana, tangtuna oge ku jalma sejen meureunan.