Mapag Bulan Puasa


“Is, ari anjeun geus siap nyanghareupan puasana?” Si Onah nanya ka si Euis.

“Nya puguh waé atuh ari abdi mah.” Témbal si Euis, “Ari anjeun kumaha?”

“Nya sarua atuh lamun kitu mah.”

“Siap naon tah…?”

“Nya siap sagala-galana atuh.”

“Maksudna sagala-galana téh naon?”

“Nya sagala-galana pokona mah. Da susah ngajelaskeunana….” Témbal si Onah.

“Kitu nya…?”

“Heu-euh.” Témbal si Onah, “ari Euis siap naon kitu?”

“Nya abdi mah siap pikeun puasana. Hoyongna mah da tamat puasana, entong aya bolong-bolongna.”

“Naha kumaha kitu? Taun kamari teu tamat kitu?”

Si Euis unggeuk.

“Kunaon kitu?”

“Biasa waé éta saurna kasiangan….”

“Pernah kasiangan nya?”

“Dua kali….”

“Kuring mah ari kabeurangan mah henteu. Ngan taun kamari mah kagoda ku alo….” Ceuk si Onah siga anu rada éra.

“Nya éta mah geus kaliwat atuh. Susuganan taun ayeuna mah bisa tamat.”

“Bener kitu.”

“Eh, enya bener. Ari taun kamari biasana mah Euis osok aya kuéh nya. Eta téh osok ngadamel?” Si Onah neuteup ka si Euis.

“Ngawitanana mah ngadamel nyalira.” Témbal si Euis. “Tapi ayeuna mah da males ngadamelna ogé. Sareng pun biangna ogé nuju seueur pidameleun. Janten waé mésér waé ayeuna mah.”

“Mésér di mana?”

“Nya kanu tukang ngadamel atuh.”

“Saha kitu…?”

“Apanan aya Istana Cake & Bakery anu nyadiakeun kue pikeun bulan puasa.” Si Euis ngajelaskeun. “Janten teu kedah sesah-sesah ngadamel sagala. Kantun pésen waé….”

Saur Kabeurangan


“Cim, ari manéh geus siap acan…?” Si Omon nanya ka si Acim basa duanana keur balik ti arulin jeung si Atok katut si Duyéh.

“Siap naon?” Si Acim malik nanya.

“Nu tadi tea. Eta…, puasa…?”

“Nya kumaha deui atuh. Da waktuna apanan geus deukeut. Nya kudu siap waé atuh.” Tembal si Acim.

“Eh…, Cim! Inget kénéh kana puasa anu kamari-kamari.”

“Nya inget atuh.” Témbal si Acim, “aya naon kitu?”

“Eta…, kuring mah asa hayang seuri.”

“Naha…?” Si Acim kerung, teu apal kana maksud si Omon.

“Eta, inget kénéh teu basa isuk-isuk eukeur ka sakolakeun.”

“Iraha…?”

“Iraha nya, poho deui kuring ogé. Ngan harita geningan manéh téh, inditna ka sakola téh, bari mamawa réméh….”

“Mamawa réméh kumaha…?” Si Acim melong.

“Heu-euh dina irung manéh. Waktu indit sakola, ku kuring geningan dibéré nyaho yén dina irung manéh aya réméh.” Si Omon ngajelaskeun. “Terus ku kuring ditanya, saurna jam sabaraha?”

Si Acim ngahuleng kénéh.

“Terus manéh ngajawab, yén manéh mah saurna teh jam genep.” Ceuk si Omon deui neruskeun caritanana, “Da manéh mah saurna teh kabeurangan.”

“Oh…, éta téa nya.” Si Acim nepak tarangna. Kakara inget kana kajadian bulan puasa anu geus kaliwat.

“Terus, apanan kuring nanya ka manéh. Naha bet saurna jam genep. Da jam genep mah lain waktuna pikeun saur.”

“Terus kuring ngajawab naon nya?” Si Acim nanya ka sorangan, bari nginget-nginget deui kajadian harita.

“Apanan, ceuk manéh kénéh, keun baé saurna jam genep oge, da manéh mah cenah buka puasana arék jam tujuh peuting.”

“Kitu nya…?” Si Acim melong.

“Heu-euh. Piraku manéh poho deui.” Si Omon malik mencrong, “padahal sanggeus ku kuring ditanyakeun ka Mang Ahmad, teu bisa saperti kitu.”

“Nya éta mah geus kalakoanan atuh. Asal ulah kajadian deui wae.” Si Acim ngupahan sorangan.

“Bener atuh kitu.” Si Omon ngarojong sikep si Acim, “ngan kumaha lamun manéh kabeurangan deui…?”

Si Acim teu ngajawab.