Kaduhung Nungtun Domba Tiheula


Teu salawasna domba diparaban di kandangna. Dina sawaktu-waktu mah domba téh aya kalana diparaban bari dianggon. Domba téh diabringkeun ka tegalan. Ti isuk-isuk nepikeun ka beurang, domba téh diabur waé di tegalan anu pinuh ku jujukutan. Tibatan ngala jukut katut manggulan jukut, mending kénéh dianggon. Kari nungtun domba maké tali, ditungtun ka tegalan atawa kebon anu pinuh ku jujukutan anu haréjo, terus diabur atawa dicangcang dina tatangakalan. Ingkeun nepikeun ka sareubeuhna. Terus diringkeun deui ka kandangna.

Enggeus ngan kitu wungkul.

Budak keur ngangon domba

Dibandingkeun reujeung ngala jukut pikeun parab domba mah gampang kénéh ngangon domba. Teu kudu beurat nananggung atawa mamanggul jukut. Kari daék ngagiringkeun domba, kitu wungkul. Éta ogé kétang lamun dombana daék dibawa ka mamana, jeung geus loma. Lamun dombana merod mah apanan leuwih susah ngangon domba tibatan ngala jukut. Domba anu merod mah tong bororaah dibabawa ka tegalan, dalah ngan ukur dikaluarkeun ti kandangna ogé embungeun. Komo lamun dombana jalu mah, lain merod deui. Domba jalu mah bisa-bisa kalahka neunggar.

Di jalanna, najan dombana bageur tacan tangtu terus-terusan daék dibabawa ka mamana. Aya kalana di tengah jalan mah tara daékeun ditungtung atawa digiringkeun. Anu tadina bageur téh bisa jadi merod di jalan. Dina lebah digiringkeunana, domba téh embung maju. Nya kapaksa kudu ditungtun. Lamun masih kénéh embung, nya kudu rada digusur. Dina lebah ditungtunna, aya waé gogodana. Kadang aya domba anu osok neunggar ka anu nungtunna. Daék ku daékna ditungtun, lamun dina keur apesna mah domba téh osok neunggar.

Leuwih ngeunang ngagiringkeun domba tibatan nungtun domba mah. Ngagiringkeun mah moal diteunggar domba. Béda reujeung nungtun domba, osok diteunggar.

Ieu anu disebut kaduhung nungtun domba tiheula. Henteu nungtun domba tipandeuri.

(Gambar meunang nginjeum ti karawanginfo.com)

Tungkul Ka Jukut Tanggah Ka Sadapan


Di mamana ogé lamun tungkul mah pasti kudu ka handap. Anu di handap téh, lamun di kebon mah lolobana jukut. Jadi lamun tungkul mah kudu neuteup kana jukut.

Sedengkeun lamun tanggah pasti kudu ka luhur. Panon anu jalma anu tanggah mancona téh ka luhur. Anu di luhur téh biasana mah nya tatangkalan anu jarangkung. Hiji tangkal anu jangkung téh nyaéta tangkal kawung. Ari dina tangkal kawung, anu jelas mah tangkal kawung téh osok diala gulana ku jalan disadap. Dina tangkal kawung aya anu ngaranna sadapan, nyaéta paranti nyadap kawung.

Sadapan dina tangkal kawung

Lamun tungkul kudu tenget kanu keur diteuteup nalika tungkul. Lamun tungkul nyanghareupan jukut, kudu tenget jeung anteb dina nyanghareupanana. Ulah maliré deui kana hal séjén, sanajan aya perkara anu leuwih alus tibatan jukut.

Lamun tanggah jeung neuteup sadapan, kudu jongjon kana sadapan, ulah maliré kana perkara anu séjén. Sanajan perkara anu séjén éta téh leuwih pikabiteun tibatan sadapan anu euweuh pikaresepeunana.