Jéngkoleun


Anu resep ngadahar jéngkol mah biasa apal kana kecap jéngkoleun téh. Jéngkoleun bisa disebut panyakit anu diakibatkeun ku ngadahar jéngkol, naha ngadahar jéngkolna loba teuing atawa ngasakanana kurang asak. Malahan aya ogé anu nyebutkeun kusabab ngadahar jéngkolna dicampur antara anu meunang ngasakan reujeung anu atahan. Ngadahar jéngkol lamun saeutik mah biasana tara jadi panyakit anu ngaranna jéngkoleun. Kitu ceuk urang lembur mah.

Jéngkoleun biasana mah matak hésé atawa nyeri lamun kiih. Sababna mah cai kih téh kacampuran ku zat anu asalna tina jéngkol anu didahar. Nyerina aya anu ngan saukur sahariateun kusabab langsung kaluar harita kénéh, aya ogé anu lila kusabab hésé kaluarna. Anu langsung jaluar harita kénéh mah teu kudu diubaran, da bisa langsung cageur. Ngan anu henteu langsung kaluar harita kénéh, éta mah kudu diubaran. Tapi biasana mah ngubaranana lain ku ubar ti warung. Aya anu ngubaranana téh ku jalan dikubur awakna dina taneuh.

Jengkol

Kumaha atuh pikeun anu mikaresep jéngkol tapi embung kakeunaan panyakit jéngkoleun? Carana, ceuk urang lembur mah, ulah ngadahar jéngkol loba teuing, atawa ulah ngadahar jéngkol anu meunang ngasakan disakalikeun reujeung jéngkol anu tacan meunang ngasakan.

Ieu hal mah taya hubunganana atawa pakaitna reujeung perkara medis. Da nurutkeun medis mah aya bédana.

Ucing Tangkal


Ucing tangkal mah bisa disebutkeun ucing-ucingan anu merlukeun wawanén jeung katapisan leungeun katut suku. Salian ti éta barudak anu maénna kudu geus biasa naék kana tangkal.

Sakumaha ngaranna, ucing tangkal mah ucing-ucingan anu dipaénkeunana dina tangkal. Barudak anu diudag ku budak anu ucing téh kudu naék kanu tangkal. Tangkal anu osok dipaké téh nyaéta tangkal kopi di kebon kopi. Tangkal kopi di kebon kopi mah rata-rata dareukeut, dahan hiji tangkal kopi osok deukeut kana dahan tangkal kopi anu séjénna. Jadi lamun diudag ngaliwatan hiji tangkal kopi, budak anu diudagna bisa tatalépa (pindah) kana tangkal kopi séjénna anu dahanna deukeut. Jadi bisa ngaleupaskeun diri tina udagan atawa inceran budak anu ucing. Salian ti tangkal kopi, bisa ogé maké tangkal séjénna saperti tangkal jéngkol, tangkal jambu jeung tangkal limus. Ngan anu remen dipaké mah tangkal kopi, kusabab alesan tadi téa, ditambah ku tangkal kopi mah biasana teu pati jarangkung teuing kawas tangkal jéngkol. Lamun naék kana tangkal kopi mah sanajan henteu karawél ku budak ti handap anu nangtung dina taneuh, tapi dina naékna teu pati jangkung teuing. Salian ti éta, tangkal kopi mah dahanna lumayan loba jeung lumayan kuat pikeun nahan beurat awak budak anu naék. Dina teu kuatna ogé dahan atawa tangkal kopi mah tara langsung peunggas tapi melendoy (melengkung).
Dina maénna, ucing tangkal mah moal capé teuing kawas ucing lumpat. Da maénna tara lulumpatan. Budak anu ucing, kudu bisa naék kana tangkal supaya bisa néwak budak anu teu ucing. Dina turunna ka handap ogé tara lila, da kudu naék deui kana tangkal supaya henteu langsung diudag.

Budak keur naek kana tangkal

Ku hal ieu, dina maén ucing tangkal barudak anu maénkeunana kudu miboga pangabisa dina naék kana tangkal jeung katapisan dina naékna. Cekelan leungeun kana tangkal kudu kuat, pon kitu deui titincakan suku kudu kuat ogé. Hal anu pokona mah kudu wanian atawa mibiga wawanén atawa luasan. Da lamun sieunan mah bisa-bisa keur naék kana tangkalna téh ragrag ka handap.

Goréngna ucing tangkal mah nyaéta dina ragragna mata cilaka ka budakna. Bisa urat misalah, raheut jeung tatu séjénna gara-gara ragrag tina tangkal. Ngan kusabab makéna tangkal kopi anu teu jangkung teuing, dina ragragna téh teu pati hariwang teuing.

(Gambar meunang nginjeum ti http://sbelen.files.wordpress.com/2009/12/learning-by-doing-on-a-tree.jpg)

17 Agustus, Poéan Anu Ahéng?


Baheula mah anu ngaranna tanggal 17 Agustus téh katelah poéan anu ahéng atawa karamat. Kabéh jalma dina poéan éta téh kudu miluan atawa husu nujukeun pikiran jeung léngkah pikeun mapag éta poé, poéan merdékana nagara Indonésia. Dina éta poé téh kabéh jalma kudu ngareuah-reuah, minangka miéling kamerdékaan nagara. Lamun bisa mah apanan ngiluan miéling kamerdékaan ku jalan ngiluan upacara bandéra di désa atawa kacamatan. Lamun henteu bisa ngiluan upacara, nya datang ka tempat upacara téa pikeun ngiluan ngareuah-reuah, miluan ngaramékeun pawéy pembangunan. Lamun henteu bisa kénéh, nya cicing di imah ulah ka mamana.

Dina sakalieun ngalakukeun perkara anu taya pakuat-pakaitna jeung mieling kamerdékaan téh, osok aya istilah kakeunaan ku apes atawa matak cilaka. Pernah dina hiji waktu mah, aya urang lembur anu dina poéan mieling kamerdékaan téa henteu miluan ngareuah-reuah. Dina waktu batur daratang ka kacamatan, ari éta jalma kalahka indit ka leuweung pikeun ngala jéngkol. Dina waktu ngala jéngkol, éta jalma téh kalahka meunang cilaka, ragrag tina tangkal jéngkol. Ari parna mah henteu, ngan angger waé anu ngaranna cilaka mah. Tambah deui jadi mangaruhan jalma séjén, jeung mangaruhan kayakinan urang lembur. Sanggeus aya kajadian kitu mah, urang lembur téh ati-ati dina poéan miéling kamerdékaan téh. Lamun henteu datang ka kacamatan atawa désa téh, nya mending milih cicing waé di imah.

Bendera Negara Indonesia (sumber foto: internet)

Ku nyérélékna waktu jeung robahna jaman, kaayeunakeun mah, éta perkara téh henteu dipaké atawa kapaké deui. Poéan 17 Agustus téh teu pati dipiroséa. Komo lamun aya pakaitna jeung néangan pakaya dunya mah. Sanajan dina poéan 17 Agustus téh sawaréh jalma téh ngahajakeun daratang ka kacamatan pikeun upacara atawa pawéy, sésana (lolobana) mah nya ngalakukeun pakasabanana séwang-séwangan. Anu tatanén, nya datang ka kebon atawa sawahna séwang-séwangan. Anu perlu jukut atawa suluh, nya néangan kaperluanana séwang-séwangan.

Naha geus teu metu deui kitu ahéngna poéan 17 Agustus téh? Atawa gara-gara geus ganti pamingpin?

Mapag Bulan Puasa (2)


“Mon, nyieun naon waé ieu téh?” Ceuk si Acim ka si Omon bari ngagugusur leunjeuran awi tamiang, ti rungkun awi ka sisi kebon.

“Nya nu penting ayeuna mah éta waé heula sadiakeun heula awina. Perkara jadi nanaonna mah kumaha engké.” Témbal si Omon anu sarua oge ngagugusur awi. Ngan manéhna mah awi anu dialana téh awi tali, ti lebakeun awi tamiang.

Sanggeus duanana nepi ka sisi kebon, maranéhna dariuk heula di handapeun tangkal jéngkol, ngareureuhkeun kacapé. Késang kalaluar tina awak duanana, kusabab capé enggeus nuar awi terus ngagusurna ka sisi kebon anu rada nanjak.

Angin anu ngahiliwir, nuuskeun késang. Sanggeus teu jibreg teuing késangna, si Omon terus mesat bedogna pikeun neukteuk awi tali beubeunanganana.

“Ari éta bakal dijieun naon kitu Mon?” Si Acim nanya deui panasaran.

“Ieu mah urang dijieun kohkol, pikeun ngadulag jeung ngider.” Témbal si Omon.

“Oh, éta. Kuring pangnyieunkeun atuh….” Si Acim curinghak.

“Da kuring ogé teu bisa. Engké waé nyieunna mah ku bapa kuring.” Témbal si Omon bari neukteuk awi tali anu ukuranana teu pati gedé, kira-kira sabitis manéhna.

“Bener manéh arék nyieun?” Si Omon nanya bari neundeun awi meunang neukteuk.

“Heu-euh.” Témbal si Acim bari nangtung.

Sumber gambar: http://www.suarakomunitas.net/content/images/1222406951-m.jpg

“Bisa teu neukteukna?” Si Omon nanya ka si Acim bari ngangtungkeun awi sésa paneukteukanana anu masih kénéh rada panjang.

“Pangneukteukeun waé atuh. Kuring mah bedogna leutik.” Témbal si Acim méré alesan. Padahal mah lain ku bedogna-bedogna teuing. Ngan manéhna mah tacan pati bisa.

Kapaksa si Omon neukteuk deui awi tali pikeun si Acim. Sanggeus bérés terus dijajarkeun jeung awi tali anu tadi meunang neukteuk.

“Ari awi tamiang ieu pikeun naon, Mon?” Si Acim bari meresihan bubuku awi tamiang beunangna.

“Maenya manéh poho deui…? Apanan urang nyieun obor…!” Témbal si Omon.

“Oh, heu-euh nya.” Témbal si Acim kakara surti. “Ku kuring waé atuh neukteukna anu ieu mah.”

“Nya sok. Ngan kadé bisi raheut.” Si Omon ngawanti-wanti.

Ku si Acim awi tamiang téh diteukteukan. Panjangna sabuku-sabuku. Manéhna neukteuk dua teukteuk, pikeun manéhna jeung pikeun si Omon.

Semur Jengkol


Kadaharan anu dijieunna tina jengkol, diantarana wae nyaeta semur jengkol. Jengkol anu disemur teh bisa jengkolna langsung atawa anu geus jadi sepi. Jengkol anu bisa disemur teh nyaeta jengkol anu geus kolot, jeung lamun nyieun semur tina jengkol, kudu ati-ati dina nyieunna bisi jadi panyakit jengkoleun. Dina ngasakan jengkolna kudu bener-bener asak.

Jengkol anu geus kolot atawa sepi tea, diberesihan tina sagala kokotor. Ari kulumudna mah bisa diberesihan tianggalna keneh, bisa oge diberesihanana teh engke pas arek nyieun semurna.

Saacanna jadi semur, jengkol atawa sepi tea kudu dikulub heula nepikeun ka asak. Ngasakanana make seuneu anu gede, entong seuneu anu leutik. Sanggeus asak terus dituuskeun dina wadah saperti ayakan leutik supaya garing tina cai pangulubanana.

Sanggeus tuus, terus dipekrekan supaya garepeng atawa pareupeus. Tapi ulah nepikeun ka barubuk. Tujuanana mah supaya samarana bisa nyerep ka jero jengkol.

Ari samara atawa bumbu anu biasa dipake mah nyaeta:

  1. Bawang beureum  anu lobana kira-kira lima sihung
  2. Bawang bodas weh tilu sihung
  3. Muncang kira-kira tilu siki
  4. Koneng satengah sihung
  5. Laja sabuku
  6. Pedes anu lobana kira-kira sapuluh siki
  7. Uyah sasendok
  8. Gula beureum sapasi

Samarana terus diolah heula. Muncang, koneng,  jeung pedes direndos dina coet nepikeun ka lembut. Bisa ditambahan ku uyah reujeung gula beureum. Sanggeus kitu terus eta samara teh digoreng dihijikeun reujeung bawang beureum, bawang bodas, laja reujeung uyah ditambah gula beureum lamun samara anu direndosna tacan digulaan ditambahan ku cai saeutik mah. Tapi, nu ngaranna takeran atawa ukuran samara ieu teu ditangtukeun kudu sakitu takeranana. Da eta mah kumaha anu nyieunna, kumaha karesepna. Arek ditambahan ku cabe beureum oge bisa.

Samara anu takeranna sakumaha anu disebutkeun di luhur teh bisa dipake pikeun nyamaraan jengkol kira-kira satengah kilo.

Sanggeus samarana digoreng, tungguan nepikeun ka asak atawa rada asak. Sanggeus kitu abuskeun jengkol meunang mekprekan tea kana katel anu dipake ngagoreg samara tea. Terus ditambahan ku cai kira-kira sacangkir mah atawa kumaha kahayangna. Mun hayang jadi angeun atawa hasilna loba atawa aya caian, rada lobaan wae caina. Terus wae diaduk-aduk supaya samarana campur. Terus dikekeb nepikeun ka saat caina. Sanggeus asak atawa saat caina kakara dijait.

Nyepi, Ngaruang Jengkol Supaya Jadi Sepi


Saha atuh anu teu apal kana jengkol…. Jengkol mangrupakeun hiji kadaharan anu osok didahar dijadikeun deungeun sangu. Komo mun jengkolna teh jengkol ngora, matak ni’mat mun dahar reujeung jengkol ngora dicoelkeun kana sambel. Mun jengkol kolot mah aranglangka langsung dijadikeun deungeun sangu. Tapi, biasana diolah heula, naha diasakan heula atawa dipeuyeum/diruang heula. Sanajan kitu, ari anu resep mah da teu bisa dicaram mun jengkol anu geus rada kolot langsung didahar, dicoelkeun kana sambel. Ngan kabiasanana mah, mun jengkol anu geu rada kolot osok diolah heula. Tujuanana teh supaya param atawa leungit heula anu bisa jadi panyakitna.

Da, geus papada nyaho yen jengkol teh osok ngakibatkeun jalma anu ngadaharna jadi jengkoleun. Jengkol anu bisa matak nyababkeun jengkoleun teh nyaeta jengkol anu geus rada kolot. Jengkol ngora mah tara. Nya supaya teu nyababkeun jengkoleun, jengkol anu anu geus kolot atawa rada kolot teh diolah heula. Loba cara ngolah ieu jengkol. Jengkol teh bisa dikulub, bisa digoreng, bisa dibubuy, bisa disemur atawa diruang jadi sepi.

Mun hayang param pisan mah nyaeta jengkol teh biasana diruang heula jadi sepi. Jengkol anu geus karolot teh diruang, diantepkeun sababaraha poe mah nepikeun ka param.

Asal foto: http://abisyakir.files.wordpress.com/2009/04/jengkol1.jpg

Jengkol anu geus karolot teh dipesekan atawa dilaanan tina cangkangna. Sanggeus dipesekan, supaya alus mah eta jengkol teh dibeulahan terus dicowakan dipiceunan matana atawa anu bakal jadi kongkoakna. Tujuanana supaya salila diruang teh henteu jadi kongkoak jengkol. Sanajan kitu, mun henteu dipiceunan oge teu jadi masalah. Arek diruang guruntulan keneh oge bisa.

Sanggeus beres, terus diruang dina taneuh. Ngaruangna mah bisa langsung ngali taneuh, bisa oge make wadah anu dipinuhan ku taneuh. Wadahna bebas wae, bisa make karinjang atawa wadah tina awi atawa wadah sejenna. Nu penting mah bisa ngawadahan taneuh reujeung jengkolna, nepikeun ka jengkolna teh karuang kabehanana, henteu aya anu katempo mecenghul dina luhureun taneuh.

Sanggeus sababaraha poe, eta jengkol teh geus jadi sepi anu bisa diolah atawa diasakan deui. Cirina eta jengkol geus jadi sepi teh diantarana wae kulumudna atawa kulit anu mungkus eta jengkol geus robah warnana jadi rada hideung jeung gampang locot atawa coplok. Salian ti eta, eta jengkol teh rada rangu, gampang mung diseplekeunana.

Sanggeus jadi sepi mah tinggal ngali jeung diolah atawa diasakan. Loba cara pikeun ngasakan eta sepi.