Élmu Ajug


Ngadéngé kecap ajug pasti inget kana lalangit atawa luhur lawang panto. Pikeun jalma anu jangkung mah aya istilah ngajug lamun tangtunganana nepi kana luhur lawang panto atawa lalangit imah. Pajarkeun téh ngajug lamun keur nangtung sirah bisa nepi kana luhur lawang panto. Biasana jalma anu ngajug mah pangawakanana téh jangkung. Jangkungna leuwih ti jangkung jalma ilaharna. Lamun ngaliwatan lawang panto téh kudu ati-ati da bisi tidagor kana lawang panto. Jadi, ajug téh teu jauh tina istilah jangkung. Jangkung leuwih ti ilaharna.

damar atawa cempor

Salian ti éta, ajug téh mangrupakeun ngaran pikeun damar atawa cempor anu jangkung. Jangkungna henteu ilahar reujeung damar atawa cempor biasa. Cempor jangkung lamun dihurungkeun atawa diseungeut, osok nyaangan ka sakurilingeunana. Dina palebah ajug (cempor jangkung), sarua waé bisa nyaangan sabudeureunana, ngan nyaanganana téh ka tempat anu rada jauh ti tempat neundeun ajugna. Ari tempat anu deukeut atawa dideukeuteun neundeunna mah angger waé poék, teu kacaangan.

Jalma anu miboga élmu ajug, ampir sarua reujeung ajug ieu. Jalma anu miboga élmu tapi ngan ukur bisa mangaruhan atawa bisa dimangpaatkeun ku batur. Élmu anu aya dina dirina henteu bisa dimangpaatkeun ku dirina.

(Gambar meunang nginjeum ti http://teatersundakiwari.wordpress.com/)

Kaulinan Barudak jeung Ukuran anu Tangtu


Dina milampah kaulinan barudak, barudak remen disinghareupkeun kana hal atawa perkara anu kudu diukur. Ukuran anu biasa kapanggih mah nyaéta ukuran panjang. Panjangna bisa panjang ka hareup, panjang ka gigir atawa panjang ka luhur (jangkung).

Dina ngukurna, supaya gampang tara maké ukuran mangrupa jidar atawa méteran. Remen maké ukuran anu aya dina anggahota awak saperti jeungkal, deupa, léngkah atawa jangkung anggahota awak. Ukuran maké anggahota awak dipilih supaya ngagampangkeun dina ngukurna, sabab unggal budak pasti miboga anggahota awak anu bisa dipaké ngukur panjang atawa jangkung.

Dina maén pris-prisan atawa maén bal, pikeun nyieun gawangna osok maké ukuran léngkah atawa pitapak suku. Anu nyieun gawang, teu kudu néangan ukuran anu bakal dipaké ngukur legana gawang. Paké waé léngkah atawa dampal suku pikeun ngukurna.

Maén kaléci

Dina loncat tinggi maké karét geulang ogé sarua. Dina nérékél naék jangkungna karét, teu kudu susah néangan pangukur jangkungna. Paké waé bagéan awak anu gampang ngaranna. Jangkungna karét téh apanan aya istilah satuur, sacangkéng, sadada, sataktak, sasirah, jeung saleungeun.

Dina maén kaléci, ngukur centikna kaléci saurang budak, biasana maké jeungkalan ramo budak. Lamun anggangna kurang ti sajeungkal, éta kaléci jadi centik. Sedengkeun lamun leuwih ti sajeungkal, henteu centik. Jeung loba deui ukuran-ukuran séjénna dina kaulinan barudak.

Ngan aya hiji hal anu kudu ditengetan téh nyaéta ngeunaan panjangna ukuran anu dipaké. Sanajan ngaran ukuran anu dipakéna sarua, unggal budak miboga ukuran anu béda-béda panjangna. Contona waé dina luncat tinggi. Aya kalanan karét geulang anu kudu diluncatan téh, henteu sarua jangkungna. Najan satuur atawa sacangkéng, bisa waé henteu sarua jangkungna. Ieu hal téh gumantung kana budakna.
Kadang dina prak-prakanana, bédana panjang ieu osok jadi sabab pabéntar paham. Contona waé dina maén bal jeung pris-prisan. Lamun anu ngukur gawang téh budakna béda osok jadi béda legana.

(Gambar meunang nginjeum ti http://46dody.files.wordpress.com/2011/04/bermain-kelereng.jpg)

Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Kadua)


Dina nyieun ayun-ayunan, hususna anu maké tali, barudak ogé diajar pikeun ngukur kumaha supaya éta tali téh sarua panjangna, ulah nepikeun ka panjang sabeulah. Soalna lamun panjang sabeulah bisa-bisa pangdiukan éta ayun-ayunan téh jangkung sabeulah atawa déngdék.

Kadang lamun nyieunna lain ku saurang bisa waé panjang sabeulah. Nya ngakalana, dina ngagantungkeunana kudu dikira-kira jeung kudu diukur sarua henteu jangkung sisi pangdiukanana.

Sanajan dina ngukur talina sarua, kadang tempat ngagantungkeun éta ayun-ayunan téh henteu satua. Osok aya tempat ngagantungkeun ayun-ayunan téh jangkungna henteu sarua, jangkung sabeulah. Ieu hususna lamun ngagantungkeun ayun-ayunanana dina dahan tatangkalan.

Ayun-ayunan (asal poto: facebook.com)

Kuhenteu saruana tempat ngagantungkeun ayun-ayunan ieu, barudak dikudukeun néangan cara (kudu bisa ngukur atawa ngira-ngira) kumaha supaya tempat pangdiukan ayun-ayunana tetep henteu jangkung sabeulah.

Ngeunaan jangkungna pangdiukan ayun-ayunan tina taneuh ogé, kudu jadi pikiraneun barudak. Ulah nepikeun ka pangdiukanana téh jangkung teuing atawa pendék teuing. Lamun pendék teuing atawa komo nepikeun ka ngagangsarna, moal ngeunaheun dina maénkeun ayun-ayunanana ogé. Sedengkeun lamun jangkung teuing, bakal nyusahkeun barudak dina diukna. Nyieun ayun-ayunan téh kudu pas atawa ngeunaheun dina ngayunkeunana.

Baca oge:

  1. Diajar Tina Ayun-ayunan (Bagean Kahiji)
  2. Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Katilu)

Ngaran Ukuran


Istilah anu aya patalina jeung ukuran lumayan lobana. Aya ukuran anu patali jeung panjang, aya oge ukuran anu patali jeung jangkung. Salian ti eta aya oge ukuran anu patali jeung lega. Ngan nu kudu jadi cekelan teh, dina ukuran ieu lolobana mah lain ukuran anu tetep tapi osok robah atawa osok beda-beda. Sababna mah tiap jelema ngabogaan ukuran atawa paranti ngukur sewang-sewangan anu tangtuna teh aya bedana.Dina istilah di handap ieu dijelaskeun istilah anu aya pakuat-pakait jeung ukuran. Rarangken hareup sa- nuduhkeun kana jumlah hiji.

  1. Sauted, nuduhkeun ukuran anu pondok pisan.
  2. Sabuku curuk, nuduhkeun ukuran anu panjangna saukuran buku ramo leungeun.
  3. Sacuruk, nuduhkeun ukuran anu panjangna saukuran ramo cukur.
  4. Saramo, nuduhkeun ukuran anu panjangna saukuran ramo leungeun.
  5. Sadampal, nuduhkeun ukuran anu panjangna saukuran dampal suku.
  6. Satampah, nuduhkeun ukuran anu panjangna saukuran dampal leungeun.
  7. Sajeungkal, nuduhkeun ukuran anu panjangna saukuran jeungkal (tungtung jempol nepi ka tungtung cingir mun dilempengkeun/dipentangkeun).
  8. Sasiku, nuduhkeun ukuran anu panjangna ti tuntung leungeun nepi kana siku.
  9. Saélo, nuduhkeun ukuran anu panjangna kira-kira 0,75 meter.
  10. Saicak, nuduhkeun ukuran anu legana saélo pasagi.
  11. Sadeupa, nuduhkeun ukuran anu panjangna ti tungtung leungeun nu katuhu nepikeun ka tungtung leungeun anu kenca lamun dilempengkeun/dipentangkeun.
  12. Satangtung, nuduhkeun ukuran anu panjangna atawa jangkungna saukuran jeung tangtungan jelema.
  13. Saleunjeur, nuduhkeun ukuran anu panjangna atawa jangkungna satangtungan tangkal, biasana mah pikeun awi anu geus diteukteuk tina puhu jeung congona.
  14. Sapotong, nuduhkeun ukuran anu pikeun sagala hal anu geus dipotongan. Panjangna meunang motong disebut sapotong. Ukuranana teu tangtu.
  15. Sataktak, nuduhkeun ukuran anu jangkungna sarua jeung taktak jalma.
  16. Satumbak, nuduhkeun ukuran anu panjangna saukuran jeung tumbak, kira-kira 3,77 meter.
  17. Sabata, nuduhkeun ukuran anu legana kira-kira 14 meter pasagi.
  18. Saareu, nuduhkeun ukuran anu legana kira-kira 100 meter pasagi.
  19. Sahektar, nuduhkeun ukuran anu legana 100 areu atawa 500 bata.
  20. Sabau, nuduhkeun ukuran anu legana kira-kira 7.096 meter pasagi atawa 500 tombak pasagi.
  21. Satungtung deuleu, nuduhkeun ukuran anu panjangna sakumaha deungdeuleuan jelema.