Patalimarga Sumedang – Cirebon Kapegat ku Jalan nu Titeundeut


Pikeun anu arék lumampah ngagunakeun kandaraan ngaliwatan Désa Bugel Kacamatan Tomo, boh ti béh kulonna atawa ti béh wétanna, alusna mah mending kénéh pindah jalan ka jalur alternatif atawa jalan tol Cikampék – Palimanan. Utamana kandaraan anu gilindingna loba, kayaning mobil, ulah maksakeun ngaliwat ka jalan anu nepungkeun Sumedang – Majalengka éta. Sababna, kaayaan jalan ieu di lelewek Dusun Cireki aya bagéan jalan nu neundeut ka handap. Teu kagok, neundeutna nepikeun ka saméter leuwih kalawan panjang jalan anu neundeutna nepikeun ka 75 méter.

jalan-samemeh-titeundeut
Jalan samemeh titeundeut (Google Street View)

Cenah mah, jalan titeundeut ieu kulantaran kaayaan taneuh sabudeureunana anu teu weweg. Dirojong ku hujan anu ngageyer ka ieu wewengkon. Anu antukna taneuh di sahandapeun ieu jalan ngagulusur ka handap.

jalan-satutasna-titeundeut
Jalan anu titeundeut (potret: pesbuk Ganies Prihartono)

Ieu kajadian mimitina mah dina peuting tadi, kira-kira wanci sareureuh budak. Mimitina anu neundeutna téh ngan ukur sapuluh méteran kalawan jerona satengah méteran. Poé tadi, isuk-isuk jalan anu titeundeut téh ngajeroan jeung manjangan nepikeun ka saméter leuwih jerona katut 75 méter panjangna.

jalan-titeundeut
Perenahna jalan anu titeundeut (gambar: Google Maps)

Kuayana ieu kajadian, jalan teu bisa diliwatan ku kandaraan utamana mobil. Motor mah masih bisa sésélékét, da anu titeundeutna geus mimiti disaeuran ku keusik jeung batu. Mobil anu arék ngaliwat ka ieu jalan, dipindahkeun ka jalan tol Cipali atawa bisa ngaliwatan jalan alternatif Cikamurang – Conggéang atawa ngaliwatan Jatigedé.

(Warta meunang nyutat ti sawatara inpo, foto/gambar: internet jeung pesbuk)

Advertisements

Salila Lebaran, Treuk Gedé Teu Meunang Ngulampreng ka Sumedang


Sakumaha diwartakeun ku Metrotvnews.com, salila lebaran taun ayeuna kandaraan sabangsaning treuk anu gedé teu meunang ngulampreng ka jajalanan di wewengkon Sumedang. Ieu panyaram téh diterapkeun mimiti lima poé saméméh lebaran (H-5) nepikeun ka lima poé satutas lebaran.

Lamun aya treuk gedé anu maksakeun atawa ngahaja ngaliwat bakal dibéré hukuman (sanksi) anu beurat. Treukna bakal dikonci gembok teu meunang dipajukeun nepikeun ka waktuna réngsé dina poéan H+5. Jadi pikeun anu mibanda treuk gedé, ulah waka dipaké salila lebaran ayeuna mah.

Treuk gede di jalan Cadaspangeran. Salila lebaran teu meunang ngaliwat
Treuk gede di jalan Cadaspangeran. Salila lebaran teu meunang ngaliwat

Tapi teu sakabéh treuk gedé dicaram. Aya dua rupa treuk gede anu bisa ngaliwat nyaéta treuk anu mawa sembako (kadaharan poko masarakat) jeung treuk bengsin (BBM).

Sumedang Dayeuh (Kota) Buludru


Baheula mah, mangsa taun 1960-an dayeuh Sumedang téh matak pikabetaheun. Hawana matak seger, iuh linduh ku dangdaunan tina tatangkalan sisi jalan. Enya, waktu harita, sahanteuna nepikeun ka taun 1980-an ieu kaayaan téh masih bisa kaalaman. Di sisi jalan anu aya di dayeuh Sumedang, boh anu di puseur dayeuhna atawa di pasisianana, arajeg tatangkalan. Tatangkalan kayaning tangkal Asem jeung Mahoni ngajajar sisi jalan.

Teu anéh lamun nempo kana kaayaan ieu, Sumedang harita disebutna dayeuh (kota) buludru. Dayeuh anu katempona lir lawon buludru kusabab lobana tatangkalan katut daun tatangkalan anu ngiuhan wewengkon Sumedang.

Hanjakal ieu kaayaan téh teu lana. Dina entragan 1970-an, tatangkalan anu arajeg di sisi jalan téh mimiti ditaluaran. Alesanana, tatangkalan di sisi jalan téh geus karolot (geus mangpuluh-puluh taun), bisi rungkad atawa peunggas. Lamun éta tangkal peunggas atawa rungkad matak nyilakakeun ka jalma anu ngadon ngaliwat ka éta jalan atawa pangeusi anu deukeut ka éta tangkal. Ditambah ku pangwangunan dayeuh anu teu bisa dipondah deui. Loba wangunan gedong anu ngaradeg di sisi jalan, naha gedong imah atawa toko. Terus angkutan atawa kandaraan anu beuki loba nyababkeun jalan di dayeuh Sumedang kudu dilegaan. Tatangkalan sisi jalan téh beuki kalindih waé.

Sésa-sésa tatangkalan anu masih kénéh aya bisa katangén di sisi Alun-alun Sumedang. Éta ogé lamun tacan dituaran. Atawa lamun ti Sumedang arék ka Cirebonkeun, bisa nangénan di sisi jalan loba tatangkalan galedé anu ngiuhan jalan. Ibaratna mah saperti kitu kaayaan jalan di dayeuh Sumedang waktu harita.

Salasahiji tempat di jalan Sumedang muru ka Cirebon
Salasahiji tempat di jalan Sumedang muru ka Cirebon

Hiji deui sésana nyaéta tugu Adipura anu aya di parapatan (bunderan) Alamsari. Anu nuduhkeun baheula Sumedang kungsi dilélér Piala Adipura kusabab bisa ngajaga Sumedang anu resik beresih jeung éndah.

(Potret meunang nginjeum ti Cijelag Vilage)

Sumedang Osok Macét, Sabab Jalanna Laleutik jeung Loba Sisimpangan


Dayeuh Sumedang mah kaasup dayeuh leutik. Teu anéh lamun jalanna téh kalolobanana mah laleutik ogé. Ngan hanjakal kusabab dayeuh Sumedang jadi dayeuh liliwatan, loba kandaraan anu ngadon ngaliwat ka dayeuh Sumedang. Ti mimiti kandaraan leutik nepikeun ka kandaraan anu gedé. Boh anu ti béh wétan ka kulonkeun (Cirebon ka Bandung) atawa sabalikna ti Bandung ka Cirebonkeun.

Parapatan Padasuka, salasahiji parapatan anu remen macet
Parapatan Padasuka, salasahiji parapatan anu osok macet

Salian ti leutik, jalan di sabudeureun dayeuh Sumedang ogé loba sisimpanganana naha pertelon atawa parapatan. Ku dua hal ieu teu anéh lamun jalan di Sumedang remen ngalaman padedet ku kandaraan anu nyababkeun macét. Kayaning di pertelon jalan Angkrék, parapatan Bojong, pertelon BNI, parapatan Padasuka jeung parapatan Barak.

Ku hal ieu ka hareupna mah pamaréntah Kabupaten Sumedang bakal ngalegaan jalan anu kaasup remen macét éta. Cenah mah nepikeun ka tujuh tempat (parapatan jeung pertelon) anu bakal dilegaan kaasup anu geus disebutkeun saméméhna di luhur.

(Inpo jeung potret meunang nginjeum ti PRLM)

Jalan Motong di Sumedang pikeun Lebaran Masih Kénéh Ruksak


Dina nyanghareupan lebaran ieu, pamaréntah kacida manco kana perkara anu jadi masalah katompérnakeun hususna kana fasilitas anu ngarojong kana ieu kajadian. Satutasna réngsé bulan puasa, teu bisa dipondah deui, anu ngaranna mudik téh geus jadi hiji kabiasaan. Loba jalma anu ngadon baralik nalika lebaran ka sarakanana séwang-séwangan. Ngalongok lemburna atawa kulawarga asalna.

Salasahiji wewengkon jalan di Sumedang anu nepungkeun Bandung-Sumedang anu kakara dibebener
Salasahiji wewengkon jalan di Sumedang anu nepungkeun Bandung-Sumedang anu kakara dibebener

Sumedang salaku salasahiji kabupatén anu aya di propinsi Jawa Barat osok dijadikeun tempat liliwatan jalma anu ngadon baralik (mudik) ieu. Utamana anu ti béh kulon ka béh wétan atawa kidul. Jalan nasional anu nepungkeun wewengkon Cileunyi (Bandung) ka Majalengka jadi salasahiji jalan poko pikeun anu baralik ti wewengkon Bandung ka wewengkon béh wétan saperti Cirebon. Salian ti éta, aya sababaraha jalan propinsi jeung kabupatén anu biasa dipaké jalan motong (alternatif) ti jalan poko séjénna saperti jalan Pantura atawa jalan ti béh kidul. Lamun jalan pantura atawa jalan di wewengkon kidul padedet ku kandaraan, loba kandaraan anu motong ka wewengkon Sumedang.

Aya sababaraha jalan di wewengkon Sumedang anu bisa dipaké jadi jalan motong. Diantarana waé Sumedang-Wado-Malangbong, Tanjungsiang-Cikaramas-Sumedang, Cikaramas-Tanjungkerta-Sumedang, Cikamurang-Cijelag, jeung Sanca-Buahdua-Conggéang-Ujungjaya. Tina sakabéh jalan motong éta, rata-rata kaayaan jalanna ruksak. Lain moal dibenerkeun sabenerna mah. Cenah, eukeur prosés kénéh pikeun memener jalan éta. Ayeuna kakara nincak undakan téndér, kitu ceuk warta anu diancokeun ku Tribun News. Jadi nalika baralik ngaliwatan jalan motong éta, kaayaan jalanna masih kénéh loba anu lalogak ruksak. Kakara dibenerkeun sanggeusna lebaran.

Sedengkeun jalan poko (jalan nasional) ti Bandung ka Cirebon mah geus dibebenah. Jalan anu ruksak pisan dibenerkeun, jadi ngageleser. Sanajan kitu, di sababaraha tempat geus aya deui anu ruksak.

Jadi, lamun baralik ka lembur ngaliwatan jalan, hususna di wewengkon Sumedang, kudu ati-ati.

Jalan di Sumedang, Lain Ngan Ukur Kudu Dioméan


Majuna pangwangunan henteu bisa dihulag deui. Da éta anu dipiharep ku sakabéhna, boh masarakat pon kitu deui ku pamaréntah. Pangwangunan pikeun ngaronjatkeun darajat kahirupan masarakat katut ningkatkeun ékonomi. Salasahiji ciri majuna pangwangunan téh nyaéta ngaronjatna patali marga, boh kandaraan atawa jalmana sorangan. Patali marga kandaraan jeung jalma ti hiji tempat ka tempat lainna beuki ngaronjat. Kandaraan anu barangbawa sagala pangabutuh ti hiji tempat ka tempat séjén, unggal waktu lalar liwat.

Jalan di wewengkon Nyalindung Sumedang
Jalan di wewengkon Nyalindung Sumedang

Ngan hanjakal aya sababaraha kandaraan anu barangbawana osok kaleuleuwihi. Antukna jalan anu keur meujeuh mah henteu bisa diliwatan ku kandaraan anu bareurat, jadi gampang ruksakna. Komo deui ayeuna téh keur usum hujan, cai hujan téh ngocor ka mamana: luhureun taneuh reujeung jero taneuh. Teu anéh lamun di sababaraha tempat, utamana jalan di wewengkon Sumedang, jalan téh loba anu raruksak.

Lamun disaliksik mah, jalan anu raruksak téh geningan lain ngan ukur disababkeun kusabab diliwatan kandaraan anu bareurat wungkul. Da aya sabab séjénna anu ngagampangruksakeun jalan. Kandaraan anu lalar liwat mah ngan sabagéan wungkul. Sahanteuna aya opat sabab anu nyababkeun jalan gampang ruksak, diantarana waé nyaéta:

  • Tatapakan jalan. Di sababaraha tempat anu dijieun jalan téh taneuhna henteu panceg. Taneuhna lila-lila mah osok ngabeyeyet atawa ngalegok. Naha kusabab henteu kuateun naha beungbeurat anu lalar liwat ka éta tempat atawa kusabab kaayaan di wewengkon éta anu taneuhna gampang urug. Komo deui nalika usum hujan mah, aya taneuh anu henteu kuateun nahan cai anu ngocor.
  • Aspalna. Kualitas aspal anu dipaké ngaspal jalanna aya anu ipis aya anu kandel, aya anu alus ngaspalna aya anu henteu alus. Di sababaraha tempat, aspal di jalan téh gampang boléksék atawa bolong. Antukna jalan aspal téh jadi karadak.
  • Nu lalar liwat. Jalan aspal anu diliwatan ku kandaraan bareurat, babari pisan ruksakna. Komo deui lamun beuratna ngaleuwihan kamampuhan jalan dina nahan beungbeurat. Nurutkeun inpo, jalan nasional mah ngan bisa diliwatan ku kandaraan anu beuratna dalapan nepikeun ka sapuluh ton. Atuh lamun diliwatan ku kandaraan leuwih ti éta téh, jalan bakal gampang ruksakna.
  • Sabab ti luar. Kaayaan hawa ti luar ogé aya pangaruhna kana gampang ruksakan jalan. Contona waé nalika usum hujan ayeuna. Jalan téh gampang ruksakna nalika kaliwatan ku cai hujan. Cai hujan anu sakuduna ngocor ngaliwatan gorong-gorong téh osok ngocor ka jalan. Panas panon poé nalika aspal kapanasan ogé cenah mah bisa ngabalukarkeun jalan aspal gampang ruksak.

Jadi sabenerna mah pikeun ngaalusan jalan téh lain ngan ukur dioméan aspalna wungkul. Tapi kudu lengkep, utamana aturan anu kudu dilaksanakeun. Dina prakna ngararancang ngoméan jalan, kudu dilengkepan ku memener jalan caina ogé. Atuh anu ngoméan jalan téh lain ngan ukur kudu ngaspal wungkul tapi dikudukeun ogé ngoméan gorong-gorong jeung kamalirna sisi jalan. Terus ogé kandaraan anu lalar liwatna. Barangbawana ulah diluyukeun reujeung kamampuhan kandaraan tapi kudu diluyukeun reujeung kamampuhan jalan.

(Potret meunang nginjeum ti grup pesbuk Sumedang Tandang)

Deudeuh Teuing Jalan di Sumedang


Hujan anu ngaririncik marengan abringan kandaraan mapay jalan gedé ti Sumedang muru ka béh kulonkeun. Kandaraan téh henteu bisa gancang da kahalangan ku kandaraan séjén anu di hareupna. Anu di hareupeunana, sing sarwa kitu, henteu bisa gancang da pada-pada kahalangan ku kandaraan anu aya di hareupeunana. Mapay jalan gedé téh mani ngeyented. Malahan dina tempat-tempat anu husus mah kandaraan téh kudu maling jalan ka belah katuhu. Sanajan jalan belah katuhuna aya kandaraan ogé maksakeun saeutik-eutikeun ménta jalan belah katuhu. Lamun henteu kitu, kudu ati-ati pisan ngajalankeun kandaraanana sabab di jalan belah kénca mah aya logak anu jero. Anu tadina geus ngeyented téh kudu eureun heula saheulanan mah pikeun nyayagakeun kandaraan saméméh ngaliwatan jalan anu ngagejlok.

Treuk nyangsaya di jalan Cadaspangeran nalika banna nincak logak
Treuk nyangsaya di jalan Cadaspangeran nalika banna nincak logak

Mungguh kitu kaayaan jalan liliwatan ti Sumedang muru ka Bandungkeun. Loba logak anu lain saeutik jeung henteu leutik. Sabenerna mah lain ngan ukur jalan béh kuloneun Sumedang wungkul, dalah jalan di dayeuh Sumedangna waé (baypass) katut jalan wétaneun Sumedang anu muru ka wewengkon Cirebon, henteu jauh bédana. Jalan liliwatan ti wétan ka kulonkeun téh loba anu barolong. Dipapay ti hareupeun astana Cimayor, bunderan Alam Sari, sababaraha tempat di jalan bay pass, tanjakan Ciguling Anjungtirta, tanjakan saméméh gapura Wilujeng Sumping di Sumedang, deukeuteun Pom Bensin Cihérang, Singkup pertelon jalan Cadaspangeran nepikeun ka asup Cadaspangeran, jalan téh loba pisan logakna. Pon kitu deui wewengkon Tanjungsari aya sababaraha tempat anu raruksak: tanjakan ti wewengkon Gudang nepikeun ka hareupeun SMAN 1 Tanjungsari. Jatinangor di lebah wawates Sumedang – Bandung ogé henteu tinggaleun.

Anu ngaliwatan ka ieu jalan lain ngan ukur kandaraan anu gedé, dalah kandaraan anu leutik saperti motor ogé kudu ati-ati. Ulah balangah nalika ngajalankeun kandaraanana. Lamun balangah bisa-bisa ticatrok nalika ngagiles logak.

Naha bet diantep waé?

Sabenerna mah lain diantep. Jalan ieu téh di sababaraha tempat tacan lila kakara dibebener (diaspal). Ngan kanyataanana geus ruksak deui. Henteu kuateun sigana mah jalanna diliwatan waé kandaraan anu beurat. Terus ayeuna, pikeun ngoméan anu ruksakna, cenah mah taya waragadna. Kétang najan dibebener ayeuna ogé lamun rarancang jeung prak-prakan di lapangan henteu (tacan) panceg mah angger bakal gampang ruksak deui. Kudu aya rarancang anu bener dina ngoméan jalan ieu. Da lain perkara ngoméan jalan wungkul, tapi aya perkara séjén anu ngarojong kana gampang ruksakna jalan téh diantarana waé perkara hawa (usum-usuman/cuaca), rarancang jalan jeung cara maké jalanna.

(Gambar meunang nginjeum ti grup Sumedang Tandang di pesbuk)