Taya Paksaan dina Ngagem Ageman (Agama)


Euweuh paksaan dina agama, saéstuna geus nyata pituduh dibandingkeun reujeung anu kasasar. (QS Al-Baqoroh 2: 257)

Dina ngagem agama, Gusti Alloh henteu maksa jalma pikeun kitu atawa kieu. Naha kudu kitu atawa kudu kieu. Malahan mah arék ngagem agama naon ogé, taya paksaan. Jalma dibéré kabébasan pikeun nangtukeun ageman mana anu arék dipilihna, atawa nangtukeun jalan mana anu arék disorangna. Nyanggakeun ka jalmana.

Jalan lempeng

Ngan dina palebah dieu, jalma kudu bisa tanggung jawab kana pilihanana. Arék milih nanaon ogé atawa arék milih jalan anu kumaha waé ogé, kudu daék tanggung jawabna. Engké waktu ditalék, kudu daék nanggung kana naon anu geus dipilihna.

Dina perkara milih, saméméhna jalma milih tangtuna ogé diwawadianan heula ngeunaan naon waé anu bisa dipilihna. Rupa-rupa pilihan anu bisa dipilih dijelaskeun. Lain ngan ukur jinisna wungkul anu dijelaskeun téh tapi ogé reujeung akibatna lamun milih jalan éta. Aya jalan anu alus, terus kumaha akibatna lamun milih jalan anu alus reujeung kudu kumaha lamun geus milih jalan anu alus éta. Aya jalan anu goréng reujeung kumaha akibatna lamun milih jalan anu goréng éta katut kudu kumaha lamun geus milih jalan anu goréng éta.

Jadi dina unggal pilihan pasti aya akibat anu bakal kalakonan ku jalma anu milih éta pilihan. Naha arék akibat anu ayana di tungtung (di ahir) atawa ogé akibat anu ayana sanggeus nangtukeun pilihan. Lamun dina nangtukeun pilihan mah taya paksaan kudu milih mana, béda reujeung sanggeus nangtukeun pilihan. Akibat anu disababkeun ku milih hiji pilihan éta lain pilihan deui tapi geus jadi paksaan. Lamun milih jalan anu lempeng (alus), mangka kudu ngalakukeun pagawéan anu bener. Kusabab milih jalan anu lempeng, akibatna jalma kudu migawé pagawéan anu bener lain anu salah. Migawé pagawéan anu bener ieu geus jadi hiji paksaan kusabab milih jalan anu lempeng.

Masalah (Bagéan Ka-4): Masalah Panggedéna dina Kahirupan


Masalah anu panggedéa mah nyaéta lamun jalma geus teu satuhu kana kahayang anu nyiptakeunana. Tapi ieu lain masalah pikeun Gusti Allah. Da Gusti Allah mah teu kudu ngamasalahkeun ciptaanana. Perkara ciptaanana arék kukumaha ogé dina nyorang kahirupanna, moal nepikeun ka ngarudetkeun Gusti Allah.

Masalah ieu bakal balik deui ka jalma anu ngalakukeun atawa anu nyababkeun masalah. Manusa lolobana mah dina ngalakonan kahirupanna téh osok jadi masalah. Gusti Allah miharep supaya sakabéh ciptan-Na téh turut tumut ka Anjeunna, ngabakti ka Anjeunna, ngalaksanakeun naon anu jadi Paréntahan-Na. Tapi dina kanyataanna, lolobana jalma téh papalingpang reujeung naon anu dipiharep ku Gusti Allah. Nya, dina ngalalakon hirupna téh pinuh ku masalah, masalah anu bakal balik deui ka dirina. Akibat tina nyieun masalah éta bakal balik deui ka dirina.

Ngeunaan masalah ieu, sawaréh jalma nganggapna mangrupakeun masalah anu gedé, anu kudu gancang diungkulan. Ngungkulanana, taya teu jalan kajaba balik deui kana naon-naon anu geus digariskeun ku Gusti Allah. Sagala hal anu diparéntah ku Anjeunna dilakonan, sedengkeun anu dicaram ku Anjeunna dijauhan. Ku jalan kitu, masalah téh bakal réngsé munggu Gusti Allah.

Masalah dina ngajalankeun kahirupan (sumber gambar: internet)

Sedengkeun pikeun sawaréh jalma deui, aya anu nyangka éta téh lain masalah atawa nyangka mangrupakeun masalah anu leutik. Masalah anu teu kudu dijadikeun obrolan atawa dijadikeun masalah. Masalah papalingpangna antara kahayang Gusti Allah reujeung kahayang jalma, éta mah lain masalah deui. Da jalma anu hirup di dunya ieu mah kumaha anu ngajalanana, kumaha jalmana. Arék papalingpang ogé teu kudu tagiwur, teu kudu sieun.

Dina lebah dieu, aya dua golongan jalma anu ngajalankeun kahirupanana. Hiji golongan ngabogaan kahayang jeung milampah supaya kahirupan anu dilakonanana téh sarua jeung kahirupan anu dipiharep ku Gusti Allah. Sedengkeun di pihak séjén, golongan anu hiji deui, ngabogaan kahayang ngajalankeun kahirupanana téh kumaha maranéhanana. Di antara dua golongan ieu aya golongan anu bisa biluk ka mana waé, ka ditu hayu ka dieu bisa. Golongan ieu mah teu ngabogaan pamadegan anu kuat.

Dina perkara ieu, tinggal kumaha urang. Arék milih anu mana. Naha arék milih kahirupan anu sarua jeung anu dipikahayang ku Gusti Allah atawa arék milih anu papalingpang. Duanana ngabogaan jalan sewang-sewangan jeung tujuan ahir sewang-sewangan. Duanana moal pasalia di tungtungna….

*****

Tulisan anu saranggeuyan:

  1. Masalah (Bagean Ka-1): Naon Atuh Ari Masalah teh?
  2. Masalah (Bagean Ka-2): Jujutan Masalah
  3. Masalah (Bagean Ka-3): Sabagean Masalah dina Kahirupan

Hirup mah Nété Tarajé Nincak Hambalan


Hirup téh bener-bener nété tarajé nincak hambalan.

Anu ngaranna nété tarajé téh nyaéta jalma anu hirup téh moal leupas tina jalan anu dilakonanana, moal leupas tina jalan kahirupanana. Naon waé jalan anu dilalakonkeun ku éta jalma, pasti waé napak kana jalan anu disebut tarajé téa. Dina napak jalan atawa tarajé éta, moal leupas tina nincak hambalan. Da anu ngaranna tarajé mah pasti ngabogaan hambalan. Ari lobana hambalan tarajé mah teu bisa ditangtukeun, atawa aya ukuran anu tangtu kudu sakitu. Da anu ngaranna tarajé mah taya sengkeran anu ngudukeun jumlah hambalanana sakitu. Kitu deui anggangna unggal hambalan, taya palenggeran anu tetep.

Mapay hambalan

Ngan anu geus jadi ugeran mah, dina nété tarajé atawa nincak hambalan téh pastina ogé kudu ti handap heula. Kudu dipapay unggal hambalanana. Hambalan anu anu mimiti, hambalan anu panghandapna anu ditincak téh. Moal bisa langsung nincak hambalan anu luhur. Sanajan cenah bisa diliwatan hiji atawa dua hambalan, pasti waé ngamimitianana mah tina hambalan anu panghandapna anu bisa kadongkang, anu saterusna mah mapay kana hambalan anu leuwih luhur. Jadi sanajanna hambalan anu kahiji bisa diliwatan, moal langsung ka hambalan anu pangluhurna, kudu waé nincak hambalan di luhureun hambalan anu pangdeukeutna atawa deukeut ka hambalan kahiji tadi. Gampangna mah tiap hambalan téh pasti kudu dipapay ti handap heula.

Katangtuan ieu téh geus nyurup dina kahirupan unggal jalma. Geus jadi sunnatullah, istilahna mah. Kahirupan jalma téh kudu mapay jalan anu lir ibarat tarajé.

Conto gampangna mah bisa waé nempo jalma anu kakara gubrag ka dunya. Orok atawa bakal pijalmaeun téh apanan henteu langsung gedé jeung teu bisa nanaon. Eta orok téh dina sagala halna ogé apanan kudu diajar heula ti mimiti pisan. Dina dahar, henteu langsung bisa ngadahar sangu komo deui dibéré jéngkol mah. Kadaharan anu mimitibisa didahar téh ngan ukur cai susu. Sanggeus cai susu kakara bisa naék kana dahar bubur atawa kadaharan anu leuleus jeung lembut. Sanggeus aya huntuan kakara bisa ngadahar sangu. Salian tina dahar, dina pagawéanana ogé saurang orok téh diajar ti mimiti pisan. Da mimitina mah orok téh teu bisa nanaon. Lamun hayang nanaon téh tacan bisa nyarita nanaon. Anu bisa diucapkeun ku éta orok téh ngan ukur ceurik. Lamun boga kahayang, tinggal ceurik. Kakara lamun geus bisa nyarita béntés jeung diajar cumarita, éta budak (da lain orok deui) bisa ngucapkeun naon anu dipikahayangna. Kitu deui dina ngagunakeun anggauta awakna. Mimitina mah éta orok téh ngan ukur bisa roroésan wungkul, teu bisa nanaon deui. Nya sanggeus waktuna kakara éta budak téh bisa nangkuban, ngorondang jeung bisa leumpang.

Nya ieu hal téh bisa disebut kahirupan jalma mah teu leupas tina nété tarajé nincak hambalan.

Poék jeung Caang


Nu poék éta tetep poék,
Hamo katempo najan soék,
Loba nu kadar jadi golék,
Ngan tetep kudu ditalék,

Poék mongkléng buta rajin,
Lolobana tetep tigin,
Nyekel pageuh tanpa idin,
Hirupna lir keur ulin,

Nu caang éta tetep caang,
Jelas nyacas mun ngaringkang,
Lalakon teu wudu ringrang,
Geus jelas kamana mulang,

Caang padang narawangan,
Masih papada néangan,
Iraha rék beubeunangan,
Hirup téh keur makalangan,

Poék caang moal ngahiji,
Éta geus jadi jangji,
Bakal nyata na hiji wanci,
Éta téh geus pasti,

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=443877226893)

Nepi Ka Tungtung


Tungtung jugjugeun urang nangtung
Tungtung ayeuna bakal manggih ujung
Ujung anu tara mere lalangkung
Ujung ayeuna bakal aya panyambung

Di dieu lain ngan ukur kakurung
Nganti-nganti nu haat mulung
Sugan aya anu ngagaduhan sintung
Nu nyaangan dina waktu keur suwung

Jalma-jalma pating kurunyung
Aya anu cenghar, aya anu nguyung
Malah aya anu diharudung ku sarung
Kabehanana seja lumampah, manggung

Tamplokeun kabisa nepikeun ka jucung
Kahayang cita-cita kudu diberung
Tembongkeun wawanen nu siga ruyung
Nepikeun ka raga dihalangan ku padung

Mun teu kahontal ulah nguyung
Komo lamun sagala dilangkung
Hirup lain ngan ukur saguluntung
Kudu aya mangpaat, darajat anu ngapung

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=413249961893)

Bral


Mapag kahayang, ngajomantara ka jana pria
Geus jauh tina rame-rame dikaria
Mangsana hirup kudu bener, kudu daria
Sagala hal, sagala dodoja, kudu siap sadia

Nete akar ngeumbing jangkar, entong bangkar
Hirup kudu pinuh ku sumanget nu motekar
Komo lamun hirup diri jadi tambelar
Sanajan jalan hirup ngan saukur jadi pakacar

Ngambah sagara kahidupan nu teu datar
Loba pilihan lalakon, nu jelas reujeung samar
Tangtukeun pilihan, teu meunang langsung kaluar
Supaya pikiran, ingetan jadi janglar

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/group.php?gid=38027927709#!/notes/amid-abdul-malik-imanuddin/bral/410250516893)

Jalan Henteu Ngabulungbung


Dikangkarung, diharudung ku sarung
Ingetan jeung raga, ku matak nguyung
Sagala dicaram, teu bisa ngaberung
Saliksik heula saacanna ilubiung

Kituna awak teu bisa pundung
Awak anu ngan ukur satangtung
Seja bumela nepikeun ka tungtung
Nepikeun ka waktu tunggang gunung

Saacan tujuan harepan jadi jucung
Patekadan kudu teuas, ibarat ruyung
Teu renghas harepan, tetep digulung
Sanajan sisi gigir pada ngalung-ngalung

Ambahan lain ngan ukur dina bangbarung
Bukakeun, tembreskeun nepikeun ka hurung
Sanajan diri kasengker kakurung
Yakin, nu neruskeun lir ibarat sirung

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/profile.php?id=100000481028151#!/note.php?note_id=407129771893)