Hasil Pasanggiri Mojang Jajaka Jawa Barat 2013


Nurutkeun inpo anu disumebarkeun ku akun twitter @MokaJabar, pasanggiri Mojang Jajaka Jawa Barat 2013 geus dilumangsungkeun dina peuting tadi. Kalayan diluuhan katut dibuka ku Wakil Gupernur Jawa Barat, Déddy Mizwar pasanggiri Mojang Jajaka Jawa Barat entragan taun 2013 dilumangsungkeun di Gedong Sasana Budaya Ganésha Bandung.

Saméméh acara poko dipidangkeun, acara diselang heula rupa-rupa hiburan saperti ibing bubuka (Opening Dance) ti Er-Ethnic Dancer, ibing Layeutan Suara jeung Sekar Catur yasana Mang Koko, angklung Séréd yasana Bapa Udjo Ngalagena ditambah ku ibing Nang Néng Nong yasana Nano S. Ditambah ogé ku ayana bobodoran Sunda anu midangkeun Oni SOS jeung Ceu Popon.

Mojang Jajaka Pinilih dina Pasanggiri Mojang Jajaka Jawa Barat 2013
Mojang Jajaka Pinilih dina Pasanggiri Mojang Jajaka Jawa Barat 2013

Acara puncerna, nangtukeun Mojang jeung Jajaka pinilih dina taun 2013. Anu kapilih jadi pinilihna nyaéta Jajaka Andi Permana Sidik salaku utusan ti Kabupatén Bandung sedengkeun Mojangna nyaéta Citra Lestari Oktavia ti Kabupatén Kuningan. Mojang Jajaka pinilih katagori séjénna bisa ditengetan dina daptar di handap ieu.

No  Mojang/Jajaka Ngaran Asal
1 Mojang Jajaka Pinilih
a Jajaka Andi Permana Sidik Kabupatén Bandung
b Mojang Citra Lestari Oktavia Kabupatén Kuningan
2 Mojang Jajaka Wakil Kahiji
a Jajaka Lutfi Eka Permana Kabupatén Cirebon
b Mojang Shenna Dea A. P. Kota Bandung
3 Mojang Jajaka Wakil Kadua
a Jajaka Raden Sugiri Kabupatén Bandung Barat
b Mojang Fety Nur Fitri Kabupatén Bekasi
4 Mojang Jajaka Harepan Kahiji
a Jajaka Kamaludin Zafar Kabupatén Subang
b Mojang Annisa Darmawati Kabupatén Bogor
5 Mojang Jajaka Harepan Kadua
a Jajaka Luthfi Aprilianto Kabupatén Bekasi
b Mojang Salsabila Kabupatén Karawang
6 Mojang Jajaka Harepan Katilu
a Jajaka Tan Sil Kota Bogor
b Mojang Putri Thalitha Wasantari Kabupatén Garut
7 Mojang Jajaka Motekar
a Jajaka Bayu Prajunika Supradi Kabupatén Purwakarta
b Mojang Sarrah Syarifatualiyah Kabupatén Ciamis
8 Mojang Jajaka Taat Pajak
a Jajaka Aprilianto Budi Nugroho Kota Bekasi
b Mojang Debi Permata Kota Cimahi
9 Mojang Jajaka PHBS (Perilaku Hidup Bersih dan Sehat)
a Jajaka Rommy Perdana Putra Kabupatén Bogor
b Mojang Syntia Fitriyani Kabupatén Bandung
10 Mojang Jajaka Cinta Andini
a Jajaka Faisal Kevin Lengkong Kota Cimahi
b Mojang Raisha Nurul Ichsati Kota Sukabumi
11 Mojang Jajaka Kameumeut
a Jajaka Aditia Syaeful Bahri Kabupatén Pangandaran
b Mojang Citra Lestari Oktavia Kabupatén Kuningan
12 Mojang Jajaka Intelegensia
a Jajaka Roy Prima Rizky Kabupatén Sumedang
b Mojang Putri Thalitha Wasantari Kabupatén Garut
13 Mojang Jajaka Gendes/Kewes
a Jajaka Tan Sil Kota Bogor
b Mojang Salsabila Kabupatén Karawang
14 Mojang Jajaka Lingkungan Hidup
a Jajaka Tegar Aji Kota Bandung
b Mojang Mila Amelia M. H. Kabupatén Majalengka
15 Mojang Jajaka Mimitran
a Jajaka Andra Muri Kabupatén Ciamis
b Mojang Ernawati Kota Banjar

(Potret meunang nginjeum ti @MoKaJabar)

Bébéné jeung Beubeureuh


Bébéné jeung beubeureuh téh ampir sarua. Duanana miboga harti anu ampir sarua. Duanana sarua nuduhkeun kana kabogoh. Ngan béda dina nerapkeunana. Anu ngaranna kabogoh atawa calon pasangan téh aya dua rupa, lalaki jeung awéwé. Lamun saurang lalaki atawa jajaka jeung awéwé atawa nyi mojang bobogohan atawa geus miboga tatali arék laki rabi, disebutna téh apanan kabogoh. Jajaka jadi kabogoh éta mojang, jeung sabalikna.

Jajaka jeung mojang keur bobogohan

Anu ngabédakeunana mah nyaéta dina nerapkeunana. Kecap bébéné dipaké pikeun sesebutan kabogoh ti jajaka ka nyi mojang. Saurang jajaka anu miboga kabogoh ka hiji mojang, jajaka éta nyebutna ka kabogohna téh nyaéta bébéné. Sedengkeun ari beubeureuh mah sesebutan ti hiji mojang ka kabogoh jajakana atawa calon pisalakieun.

Kecap anu dua ieu kadang osok pahili dina nerapkeunana. Kadang anu kuduna disebut bébéné kalahka disebut beubeureuh. Pon kitu deui sabalikna.

Papacangan


Tali panyangcang papacangan geus ditalikeun. Kabiasaan ngalamar geus dilakonan. Hiji jajaka jeung hiji mojang geus ngaitkeun tatali yén moal incah balilahan deui, moal ngolémbar ka mamana deui. Duanana geus katalian pikeun nungguan waktuna jatuk rami, nungguan waktu pikeun jucung ka kabé nyungcung. Duanana miboga landian atawa nyanding panelah bébéné jeung beubeureuh. Si wanoja jadi bébéné (calon pamajikan) pikeun si jajaka, sedengkeun si jajaka jadi beubeureuh (calon pisalakieun) pikeun si wanoja.

Ngalamar

Ngan sanajan kakait jeung dikaitkeun, panyangcang geus disambungkeun, lain hartina geus halal sagala-galana. Da panyangcang anu kakait ieu mah ngan ukur tanda yén ulah/moal néangan deui anu lian pikeun dijadikeun pisalakieun atawa pipamajikaneun. Dina ieu kaayaan mah masih kénéh diwawatesanan, sanajan geus jadi bébéné jeung beubeureuh, tapi masih kénéh batur tacan katalian ku tali panganténan (tacan disahkeun ku lebé).

Anu aya mah nya siap-siap waé pikeun nyanghareupan prungna walimahan panganténan anu mangsa nyieun panyangcang dirempugkeun wakktu dilaksanakeunana. Jadi, anu alus mah nyayagakeun diri katut sagalana pikeun nyanghareupan poéan dirapalan (disahkeun ku bapa lebé).

(Gambar meunang nginjeum ti pesbuk)

Baca oge:

  1. Nanyaan

Nanyaan


Nanyaan diteruskeun kana ngalamar bisa jadi pantona pikeun neruskeun léngkah kana léngkah saterusna dina jujutan panganténan jeung rumah tangga. Lamun hiji jajaka jeung hiji mojang geus deukeut layeut anu teu katalian ku duduluran anu deukeut, biasana mah osok aya maksud. Deukeut layeutna téh lain ngan ukur babaturan wungkul, tapi aya maksud anu tangtu. Ku ayana maksud anu husus jeung tangtu ieu, éta layeut deukeutna téh disebut ku ngaran bobogohan. Lamun ieu kaayaan katohiyan ku kolotna mojang, tangtuna jadi hiji hal anu matak bungah pikeun kolotna éta mojang. Ngan salian ti bungah ogé aya anu matak salempangna. Bungah kusabab budakna geus aya anu nagdeukeutan, atuh salempangna bisi kumaonam.

Jajaka jeung mojang keur paduduaan

Kusabab kitu, kolot anu mikanyaah ka anakna (ka si mojang), tangtuna bakal buru-buru nalék ka éta jajaka anu ngadeukeutan budakna. Naha arék bener-bener atawa ngan ukur heureuy sahariateun wungkul. Lamun bener-bener miboga maksud anu jelas, nya gera datangan atuh imah kolotna éta mojang. Ulah dilila-lila deui bisi kaburu ku batur mantén. Sedengkeun lamun euweuh pamaksudan anu bener-bener, leuwih hadé tong diteruskeun. Komo lamun ngan ukur heureuy wungkul mah.

Dina nepungan atawa ngadatangan kolotna si mojang, aya alusna dibarengan ku kolotna pikeun mastikeun bener-benerna kahayang jajaka téa ka si mojang. Pamaksudan si jajaka ditembrakeun di hareupeun kolotna si mojang, naha arék diwakilan ku kolotna di jajaka atawa anu dipikolotna atawa ku manéhna langsung (si jajaka). Ku jalan ditembrakeunana pamaksudan si jajaka ka si mojang di hareupeun kolotna si mojang, bakal jelas atra kumaha pakaitna antara si jajaka reujeung si mojang. Hubungan anu jelas lain ngan ukur bobogohan wungkul. Da bobogohan mah sakumaha ngaranna, teu miboga harti anu bener atawa nyaan. Bobogohan mah hartina bogoh bobohongan. Jadi bobogohan mah bogohna téh henteu nyaan.

Dina nepungan kolot si mojang, aya basa nanya ti pihak si jajaka, naha si mojang téh saacanna pernah katalian ku jajaka séjén atawa acan. Lamun acan, kakara nembrakeun pamaksudan nepungan kolot si mojang. Pamaksudan pikeun nembrakeun kahayang pikeun nalian si mojang pikeun jadi calon istri si jajaka. Tangtuna di dieu bakal aya dua kaayaan, naha ditarima atawa ditolak. Lamun ditarima (ditarima ku kolotna si mojang atawa ku si mojangna sorangan) ieu pamaksudan, bakal jadi hiji patali jangji pasini yén si mojang moal narima pamaksudan anu sarupa ti jajaka séjén. Duanana katalian ku tali papacangan.

Sanggeus jelas ieu hubungan, tinggal nungguan prungna walimahan panganténan.

(Gambar meunang nginjeum ti internet)