Sukabumi X Deres = ?


Teu ngahaja, mangsa jalan-jalan ka dayeuh Jakarta, keur macétna jalan papanggih reujeung beus gedé. Dina kaca éta beus téh aya tulisan Sukabumi X Deres. Dibacana téh sigana mah Sukabumi Kali Deres atawa Sukabumi Dikali Deres?

Sukabumi x Deres

Panasaran sugan apal, nanya ka supir anu keur nyupiran mobil nu keur dicicingan. Ari Sukabumi Kali Deres sabaraha? Cekéng téh. Jawabna téh paling ogé sapuluh rébuan.

Oh…. Hartina Sukabumi X Deres = 10.000.

Ari Sukabumi Di( )kali Deres sabaraha…? Cekéng téh nanya deui.

Jawabna téh, palid kitu mah.

Naha béda…? Apanan nurutkeun itung-itungan dina matématika di sakola mah, aksara mah susah atawa teu bisa lamun kudu diitung téh. Angka wungkul anu bisa diitung téh. Tapi geningan kanyataanana mah bisa diitung. Contona anu tadi téa, Sukabumi Kali Deres téh hasilna 10.000.

(Gambar meunang nginjeum ti http://static.inilah.com/)

Panambah: Ngaran Itung-itungan jeung Lilana Waktu


Ieu mangrupakeun tulisan panambah ti Kang Riki Ramli M. anu aya pakaitna reujeung ngaran itung-itungan.

  • Sapasi, satengahna tinu sasiki ngan barangna buleud atawa jangkep.
  • Sabeulah, barang hiji dibagi dua nurutkeun kana uratna.
  • Sapotong, barang hiji dibagi dua neukteuk urat.
  • Sajodo, sarua jeung sapasang dilarapkeun jang ka jalma atawa sato.
  • Sarakit, sarua jeung sapasang dilarapkeun jang ka munding.
Cau saturuy dina tangkalna

Sigana upami diteraskeun jadi kana itung-itungan nu teu tangtu (kaluar tina ontek teu kang) kayaning :

  • Samanggar,
  • Saturuy,
  • Sasikat,
  • Sapapan,
  • Sapendul
  • Jst.

Ngaran Lilana Waktu

  • Sakerejep, nuduhkeun waktu saré nu sakeudueng/ saliliran.
  • Sajogjogan, nuduhkeun waktu diukur datangna jalma tiburuan nepi ka imah (nepi/anjog).
  • Salikur/lilikuran, nuduhkeun waktu 21 hiji poé nepi ka poé ka 29.
  • Sapamiangan, sabalikna ti sajogjogan, nuduhkeun waktu rada lila ti sajojogan diitung ti jalma indit nepi ka teu katingali pundukna atawa geus méngkol.

Nuhun pisan ka Kang Riki Ramli M. anu parantos kersa nambihan kana seratan dina ieu blog.

Ngaran Itung-itungan


Baheula mah dina ngitung teh rada aneh oge. Lain aneh-aneh teuing, tapi beda. Enya beda jeung ayeuna. Aya istilah-istilah anu beda jeung kaayeunakeun mah tara teuing dipake. Paling anu masih keneh dipake teh dina bulan puasa, jalma-jalma teh dina poe lilikuran mah loba anu ari’tikaf di masigit. Naon atuh anu disebut lilikuran teh…?

Dina itung-itungan atawa milang aya istilah-istilah anu osok dipake, diantarana wae:

  1. Sasiki, nuduhkeun jumlah anu ngan aya hiji.
  2. Salayan, nuduhkeun kana jumlahna aya dua, anu dijadikeun papasangan.
  3. Sapasang, sarua jeung salayan.
  4. Salosin, nuduhkeun jumlah 12 (dua welas).
  5. Sakodi, nuduhkeun jumlah 20 (dua puluh).
  6. Salikur, nuduhkeun jumlah atawa itungan 21 (dua puluh hiji).
  7. Dua Likur, nuduhkeun jumlah atawa itungan 22 (dua puluh dua).
  8. Tilu Likur, nuduhkeun jumlah atawa itungan 23 (dua puluh tilu).
  9. Opat Likur, nuduhkeun jumlah atawa itungan 24 (dua puluh opat).
  10. Lima Likur, nuduhkeun jumlah atawa itungan 25 (dua puluh lima).
  11. Salawe, nuduhkeun jumlah atawa itungan 25 (dua puluh lima).
  12. Genep Likur, nuduhkeun jumlah atawa itungan 26 (dua puluh genep).
  13. Tujuh Likur, nuduhkeun jumlah atawa itungan 27 (dua puluh tujuh).
  14. Dalapan Likur, nuduhkeun jumlah atawa itungan 28 (dua puluh dalapan).
  15. Salapan Likur, nuduhkeun jumlah atawa itungan 29 (dua puluh salapan).
  16. Saraju, nuduhkeun jumlahna 40 (opat puluh).
  17. Sawidak, nuduhkeun jumlahna 60 (genep puluh).
  18. Sagros, nuduhkeun jumlahna 144 (saratus opat puluh opat).
  19. Salaksa, nuduhkeun jumlahna 10000 (sapuluh rébu).