Mulung Limus


Rebun-rebun kénéh geus saget muru ka tampian anu perenahna di sisi lembur. Lamun teu kitu, bakal kabeurangan. Da tampianana biasa mah ti subuh kénéh geus pinuh ku urang lembur anu ngadon mandi jeung ngala cai. Indit ka cai ngan ukur mawa awak wungkul jeung anduk. Teu angkaribung barangbawa kawas anu séjén. Batur mah aya anu mawa wawadahan gérohaneun atawa komplang eusian, manéhna mah ngagandeuang waé. Ngan anu béda téh, leungeunna ngeukeuweuk kérésék.

Buah tangkal limus

Tayohna mah, isuk-isuk geus indit ka tampian téh lain ngan saukur hayang mandi wungkul. Aya pamaksudan séjén salian ti arék mandi.
Saméméh anjog ka tampian, manéhna nyimpang heula ka kebonn Mang Juha. Oh…, sigana mah arék barangpulung. Kabeneran apanan di kebonna Mang Juha téh keur usum bungbuahan utamana buah tangkal Limus. Limus téh keur meujeuhna karolot maju ka asak. Atuh ninggang dina buah (limus) anu asak, osok murag ku sorangan. Lamun bungbuahan anu geus murag tina tangkalna, biasana mah teu bisa diaku masih kénéh milik anu boga kebon atawa tangkal buahna. Buangbuahan anu geus murag mah biasana osok jadi milik anu manggihanana. Saha anu manggihan ti heula, nyaéta anu ngapimilikna. Hal ieu geus jadi kabiasaan jeung geus kamaphum. Anu boga tangkal atawa kebonna ogé teu bisa kukumaha deui. Paling carana téh kebonna dipageran atawa buahna dipupu keur kolotna kénéh atawa ditalian supaya ulah maruragan.

Najan kitu, sabenerna apanan anu ngapimilik mah tetep anu bogana. Teu meunang nyokot bogana batur lamun taya ijin tinu bogana….

(Gambar meunang nginjeum ti internet)