Tilu Kali Maén, Kakara Meunang Sakali


Persib Bandung ngelehkeun Bali United dina tatandang kamari
Persib Bandung ngelehkeun Bali United dina tatandang kamari

Teu karasa, Pérsib Bandung geus tilu minggu ngiluan Indonésia Soccer Championship (ISC) A taun 2016, anu hartina geus tilu kali ngalakonan tatandang ngalawan kleub séjén anu ngiluan ISC A. Tina tilu kali maén, Pérsib Bandung kakara bisa meunang sakali. Sedengkeun anu dua kalina deui mah imbang/séri.

Dina tatandang munggaran, Pérsib Bandung ditahan imbang ku kleub lawanna nyaéta Sriwijaya FC. Sanajan ieu tatandang dilumangsungkeun di Stadion Si Jalak Harupat, Sriwijaya FC bisa nahan Pérsib Bandung. Dina tatandang munggaran ieu, Pérsib Bandung kagulan ti heula ngaliwatan gul anu dicitak ku Beto Golcanves dina tungtung babak kahiji. Untung waé ditungtung babak kadua Pérsib Bandung bisa males ngaliwatan gul anu dicitak ku Tantan.

Dina tatandang kaduana, anu dilumangsungkeun di dayeuh Samarinda ngalawanan Pusamania Bornéo FC, Pérsib bisa naha imbang sanajan salaku kleub anu nyorog. Taya gul anu bisa dicitak dina ieu tatandang.

Tatandang anu katiluna, anu dilumangsungkeun di Stadion Si Jalak Harupat deui, Pérsib Bandung ahirna mah bisa ngéléhkeun lawanna. Dina tatandang anu dilaksanakeun dina poé saptu kamari, Pérsib bisa nyitak dua gul kalawan teu bisa dibales ku Bali United anu jadi lawanna. Gul Pérsib Bandung dicitak ku Vladimir Vujovic ngaliwatan tajongan pinalti dina menit ka-29 sanggeus saurang pamaén Bali United hén, bal keuna kana leungeunna. Gul kaduana dicitak ku David Laly anu najong bal ti juruk kotak pinalti dina menit ka-39.

Tina hasil dua kali imbanh jeung sakali meunang, Pérsib Bandung bisa meunangkeun réngking kaopat pikeun saheulaanan dina klasemén ISC A kalawan mibanda niléy 5.

(Potret meunang nginjeum ti AntaraFoto)

Pérsib Bandung Geus Ngawanohkeun Tim di ISC A


Pérsib Bandung geus ngawanohkeun tim anu baris ilu biung kana kajawaraan méngbal Indonésia Soccer Championship (ISC) A taun 2016. Timna geus diwanohkeun dina poé Saptu mangkukna, ping 23 April anu tempatna di Stadion Siliwangi. Dina raraga ngiluan ISC A, Pérsib Bandung dieusi ku 27 pamaén kaasup pamaén anyar reujeung anu geus maneuh ti mangsa ngiluan kajawaraan saméméhna.

Salian ti ngawanohkeun pamaén, dina ieu acara diwanohkeun ogé kaos tim salila ngiluan ISC A entragan 2016. Terus diwanohkeun ogé produk mobil édisi Pérsib anu dikaluarkeun ku Datsun anu jumlahna ngan ukur 80 siki.

Pérsib Bandung ngawanohkeun tim di ISC A
Pérsib Bandung ngawanohkeun tim di ISC A

27 urang pamaén anu ngeusi tim Pérsib Bandung pikeun kajawaraan ISC A nyaéta: I Made Wirawan, Muhammad Natshir Fadhil Mahbuby, Muhammad Ridwan (kiper); Jajang Sukmara, Tony Sucipto, Vladimir Vujovic, Hermawan, Purwaka Yudhi Pratomo, Dias Angga Putra, Rudolof Yanto Basna, Jujun Saepulloh, Muhammad Agung Pribadi (pamaén tukang/bek); Taufiq, Atep Rizal, Hariono, David Laly, Rachmad Hidayat, Kim Jeffrey Kurniawan, Febri Hariyadi, Gian Zola Nasrulloh, Robertino Pugliara (pamaén tengah); Tantan, Samsul Arif Munip, Yandi Sofyan Munawar, Rudiyana, Juan Carlos Rodriguez Belencoso, Zulham M. Zamrun (pamaén hareup). Sedengkeun anu ngalatihna tetep Dejan Antonic anu ngagantikeun Djadjang Nurdjaman anu keur keurseus ka nagri Itali.

(Potret meunang nginjeum ti RRI)