Pantaran Jodo Kumaha Inyana


Sakumaha disebutkeun di tulisan anu geus tiheula, anu ngaranna jodo mah sapantaran. Aya kasaruaan tingkatan antara hiji jalma reujeung jodo atawa pasanganana, utamana anu aya pakaitna reujeung tingkatan iman reujeung takwana hiji jalma. Jalma anu sampurna imanna bakal meunangkeun jodo anu sarua miboga iman anu sarimbagan atawa satingkatan. Jalma anu imanna biasa-biasa waé bakal meunangkeun pasangan anu miboga iman anu sarua. Intina mah jodo hiji jalma téh kumaha jalmana.

Nikah

Lamun hiji jalma hayang miboga jodo anu soléh, carana taya deui kajaba manéhna sorangan kudu soléh heula. Lamun hiji jalma hayang miboga jodo anu imanna alus, taya deui carana salian ti kudu ningkatkeun iman manéhna. Nya, hartina lamun hayang miboga jodo anu biasa-biasa mah, nya teu kudu kumumaha, kari jadi jalma anu biasa-biasa waé. Hal ieu bisa kaharti ku akal atawa pikiran ogé. Lamun jalma anu dibéré pilihan ngeunaan jodona hayang atawa arék milih anu soléh atawa anu salah atawa anu biasa-biasa waé, tangtuna condong kénéh pikeun milih anu soléh.

Conto leuwih jentrena, lamun si Anu milih si Ina kusabab si Ina téh mangrupakeun jalma anu soléh, tangtuna ogé si Ina moal narima lamun si Anu-na henteu soléh. Jadi gampangna mah, lamun hayang meunangkeun jodo anu soléh, taya deui jalanna kudu jadi jalma anu soléh.

Anu Ngaranna Jodo mah Sapantaran


Saur pun guru mah, anu ngaranna jodo mah saurna aya istilah sapantaran antara lalaki jeung awéwé. Sapantaran dina harti tingkatan antara duana miboga tingkatan anu sarua. Ngan sapantaran ieu aya sababaraha rupa, aya sapantaran dina hal pakaya, katurunan jeung agama. Dina agama Islam mah diistilahkeunana téh nyaéta kufu’. Saurna, dina milih jodo atawa pasangan hirup téh kudu nempo kana tingkatan kufu’-na, naha sarua atawa henteu. Ngan dina lebah néangan anu sapantaran ieu, anu kudu jadi cekelan pangutamana mah nyaéta sapantaran dina hal agamana. Sarua pantaran agamana atawa henteu. Dina perkara pakaya jeung katurunan mah, bisa waé henteu sapantaran ogé.

Dina perkara néangan pasangan hirup anu sapantaran dina agamana, ieu lain ngan ukur papagon atawa tetengger anu kudu dicekel ku urang Islam, tapi ogé mangrupakeun katangtuan. Katangtuan ieu geus natrat sakumaha pidawuh Gusti Alloh dina Al-Quran surah An-Nur ayat ka-3, anu hartina kurang leuwih:

“Lalaki tukang jinah henteu kawin salian jeung awéwé tukang jinah deui atawa awéwé musrik, jeung awéwé tukang jinah henteu dikawin salian ti ku lalaki anu tukang jinah atawa lalaki musrik, anu kitu téh diharamkeun pikeun jalma-jalma mu’min.”

Nurutkeun ieu ayat, saurna, geus jadi katangtuan yén lalaki tukang jinah bakal nikah reujeung awéwé tukang jinah deui. Saterusna, lalaki anu iman bakal meunangkeun awéwé anu iman ogé. Kitu deui lalaki anu Islam bakal meunangkeun awéwé anu Islam deui. Ieu téh mangrupakeun katangtuan ti Gusti Alloh.

Nikah

Kumaha atuh lamun aya lalaki anu ngaku miboga Iman tapi nikah reujeung awéwé anu teu miboga Iman atawa tukang jinah? Ngeunaan ieu hal, kaimanan lalaki ieu teu bisa jadi cekelan. Naha bener iman atawa ngan ukur ngaku-ngaku. Da lamun bener-bener ngaku Iman mah moal baha kana katangtuan ti Gusti Alloh.

(Gambar meunang nginjeum ti http://wahidunana.files.wordpress.com/2010/04/nikah.jpg)

Ceramah Subuh Poé Kaopat: Ganjaran Pikeun Jalma Anu Puasa


Singsaha jalma anu ngalaksanakeun puasa dina bulan Romadon anu didadasarnan ku iman jeung miharep Rido Allah, mangka éta jalma bakal dihampura sagala dosana anu geus kaliwat.

Éta téh mangrupakeun salasahiji hadis ti Nabi Muhammad anu ngajelaskeun ngeunaan kamulyaan puasa dina bulan Romadon. Nurutkeun éta hadis, jalma anu ngalaksanakeun puasa dina bulan Romadon téh bakal meunang panghampura tina sagala dosana anu geus kaliwat. Ngan saratna, éta jalma dina ngalaksanakeun puasana téh kudu didadasaranan ku dua hal, nyaéta karana iman jeung miharep rido Allah wungkul. Jadi dina ngalaksanakeun puasa dina bulan Romadon ieu téh, kudu lantaran bogana iman kalawan miharep rido Allah. Lamun dina ngalaksanakeun puasana téh kusabab ngabogaan dua hal éta, jalma anu ngalaksakeunana bakal meunang panghampura tina sagala dosa anu geus kaliwat. Nya ahirna, kaluar tina bulan Romadon téh, dina poéan ‘Idul Fitri, jalma anu ngalaksanakeun puasa téh lir ibarat orok anu kakara gubrag ka dunya, teu ngabogaan dosa saeutik-eutik acan.

Buku Amal Ramadhon

“Cim, manéh mah ringkesanana teh siga anu pabaliut kieu ningan?” Ceuk si Omon anu mukaan Buku Amal si Acim.

“Naon?” Si Acim nyampeurkeun.

“Ieu Buku Amal manéh.” Si Omon nempokeun Buku Amal si Acim anu keur diilikan ku manéhna.

“His, éta nanaonan.” Si Acim gancang ngarebut Buku Amal manéhna. “Ulah ditempoan atuh. Pamali!”

“Naha bet pamali sagala…?” Si Omon nyengir.

“Pokona mah pamali waé.” Témbal si Acim bari neundeun Buku Amal manéhna kana jero kantong manéhna.