Golodog


Imah panggung anu jangkung mah biasana matak susah lamun arék asup ka imah. Arék unggah ka imah, atawa turun ti imah téh osok susah. Komo deui pikeun budak anu leutik kénéh, dalah kolot ogé osok susah. Ku hal ieu, imah panggung biasana mah osok diterapan golodog. Di hareupeun lawang panto téh osok diterapan palang pikeun tétécéan saméméh lawang panto. Jangkungna sahandapeun lawang panto. Sedengkeun ari legana bisana mah nepikeun ka panyawéran atawa satengah anggangna lawang ka panyawéran. Panjangna, sahanteuna sapanjang lawang panto.

Golodog di hareupeun panto hareup
Golodog di hareupeun panto hareup

Golodog bisa dijieun tina leunjeuran awi atawa tatangkalan. Bisa ogé dijieun tina papan kai. Handapna diterapan tihang pikeun nyeundak papan golodogna. Tihangan di opat juruna supaya weweg, henteu gampang rugrug. Wangunan golodog kudu weweg supaya bisa nahan beurat jalma anu cicing dina golodog. Golodog biasana dijieun di unggal panto kaluar ti imah anu sakirana lawang pantona jangkung. Nya sahanteuna di panto hareup.

Salian dipaké pikeun tétécéan jalma anu arék unggah ka imah atawa turun ti imah, golodog ogé osok dipaké ngadaweung. Kadang osok dipaké pikeun teuteundeunan barang saméméh diteundeun di jero imah atawa atawa sabalikna, bisa ogé pikeun teuteundeunan sendal.

Ségog, Rohangan Tambahan dina Wangunan Imah


Ka béh dieunakeun wangunan imah téh henteu ngan ukur masagi atawa manjang wungkul. Aya ogé imah anu osok ditambahan ku rohangan anu aya di gigireun imah ngan rada ka tukang. Atuh wangunanana téh jadi saperti aksara L. Dina wangunan ieu imah, sakumaha imah ilaharna, rohangan-rohangan anu osok biasa aya mah angger aya dina wangunan poko, henteu dipindahkeun ka rohangan tambahan anu aya di gigireun imah. Sanajan disebutna rohangan tambahan, ari wangunanana mah ngahiji reujeung wangunan poko.

Rohangan tambahan ieu biasana osok dipaké pikeun tempat teuteundeunan barang-barang anu osok dipaké pikeun digawé kayaning dingkul, pacul, nyiru. Atawa dijadikeun tempat neundeun hasil tatanén kayaning paré, cikur jeung sajabana. Ieu rohangan miboga lawang pikeun ka luar (luareun imah) reujeung pikeun ka jero wangunan poko. Ngeunaan ukuranana, biasana mah lumayan gedé jeung lega. Ampir sarua reujeung rohangan tengah imah atawa sahandapeunana saeutik.

Imah anu dilengkepa ku rohangan segog
Imah anu dilengkepan ku rohangan segog

Rohangan ieu téh biasana mah disebutna segog.

Sosompang jeung Sorondoy


Sakurilingeun imah téh biasana mah osok aya panyawéran. Tempat anu aya di handapeun hateup luareun imah saméméh ontob. Tempat lamun dina nalika kaayaan hujan téh osok bisa dipaké ngiuhan. Lamun kaayaan hujan, jalma anu kahujanan osok ngadon ngiuhan di panyawéran. Pon kitu deui ingu-inguna kayaning hayam, meri osok ngilu ngiuhan di panyawéran. Lumayan bisa ngahalangan hujan henteu ninggang kana awak. Ngan nalika hujan gedé katut dibarung ku angin, panyawéran téh henteu salawasna bisa dipaké pikeun ngiuhan. Da osok kasawéran ku cai hujan anu katebak ku angin.

Sosompang
Sosompang

Ieu panyawéran téh osok aya anu dipanjangan supaya tempat anu uihna leuwih lega. Panyawéran téh ditumbu hateupna kalawan maké usuk, eréng katut ditutupan hateup (kenténg). Pikeun nahan beungbeurat tumbu hateup ieu biasana mah dilengkepan ku tihang. Lamun geus ditumbu mah hateupna, jadi aya lolongkrang pikeun ngiuhan anu leuwih lega. Ieu hateup tambahan atawa tumbu téh biasana mah disebutna sosompang. Di wewengkon séjén mah aya anu nyebut ku kecap sorondoy.

Sosompang biasana mah dijieunna di gigir atawa tukangeun imah. Tara aya anu ngadon nyieun sosompang di hareupeun imah. Sosompang téh loba pisan mangpaatna pikeun anu boga imah. Salian ti bisa dipaké pikeun ngiuhan, ogé bisa dijadikeun tempat teuteundeunan kayaning suluh meunang ngala ti kebon/leuweung; neundeun paparabotan jeung wawadahan kayaning dingkul, nyiru jeung pacul; pikeun neunden popoéan nalika hujan; nyieun tempat ngasakan kadaharan (hawu); atawa tempat digawé nalika hujan; pikeun teuteundeunan hasil tatanén; jeung pikeun teuteundeunan anu séjénna.

Ciri sosompang mah biasana ngan ukur aya iuh-iuhan wungkul (hateup). Ari gigirna mah euweuh kikidingan. Sosompang mah diantepkeun sina ngageblong katempo ti luareun imah. Handapna ogé biasana mah diantepkeun sina diamparan taneuh, henteu dialasan maké amparan nanaon. Atuh saha waé jeung naon waé bisa gampang pikeun cicing di sosompang pikeun ngadon ngiuhan.

Kuriak


“Mon, kolot manéh keur ka marana?” Si Acim nanya ka si Omon basa manéhna unggah ka golodog imahna di Omon. Pédah waé nanya kituna téh ku manéhna katempo imahna si Omon mani jarempling, taya sasaha.

Anu ditanya henteu langsung ngajawab. Manéhna langsung asup ka jero imah. Teu lila, ngelol deui ti lawang panto, bari ngajawab pananya si Acim, “Keur ka imah si Duyéh.”

“Aya naon kitu…?” Si Acim neuteup bari panasaran.

“Manéh teu apal kitu?” Si Omon malik nanya. Manéhna gék diuk dina golodog luareun tepas, dituturkeun ku si Acim anu ngadon ngilu diuk di sagedengeun si Omon.

Anu ditanya teu ngajawab.

“Apanan kolotna si Duyéh téh keur kuriak.” Si Omon ngajelaskeun.

“Kuriak? Pindah ka mana kitu imahna…?” Si Acim nanya deui.

“Heueuh.” Si Omon unggeuk. “Ari tempatna mah angger di dinya kénéh.”

“Sugan téh pindah tempatna ogé.”

“Angger di dinya. Ngan wangunan imahna ganti. Hayang jadi imah gedong cenah mah.” Si Omon ngajelaskeun deui.

“Wah lila atuh ngawangun imahna lamun jadi imah gedong mah.”

“Nya pasti éta mah atuh.” Témbal si Omon. “Ari kolot manéh mantuan teu?”

“Teu apal atuh. Da tadi mah basa kuring indit ka dieu mah aya kénéh di imah.” Témbal si Acim.

“Piraku waé teu mantuan ari apaleun mah. Kajaba lamun teu apaleun.”

“Heueuh sigana mah.”

Jalma-jalma eukeur nyieun imah

“Sigana kumaha…?” Si Omon neuteup ka si Acim.

Anu diteuteup ukur mésem, “Sigana mah mantuan….”

“Urang ka ditu atuh….” Si Omon ngajak ka si Acim.

“Ka mana…?”

“Urang ka imahna si Duyéh.”

“Nanaonan kitu ka ditu….”

“Nya urang nempo waé atuh. Susuganan aya pagawéan anu babari, urang mantuan.” Ceuk si Omon.

“Pagawaéan naon nya…?” Si Acim ngahuleng.

“Nya pokona mah ka ditu waé heula.” Si Omon ngajak deui. “Geus ka ditu mah, najan arék ngadon dahar wungkul ogé moal nanaon meureunan.”

“Ngadon dahar…?” Si Acim rada curinghak.

“Heueuh atuh…, ari teu éra mah….” Si Omon bari nyengir.

Huhujanan


Anu ngaranna budak mah geus biasa lamun resep kana cai. Komo ngaheureuykeun cai mah, kacida pisan resepna. Bakating ku resepna, najan diulah-ulah ogé angger waé tara daék dihulag. Najan disingsieunan bisi gering ogé, angger waé teu beunang disingsieunan. Ku rasa resep mah éléh kasieun gering téh.

Barudak anu keur huhujanan

Dina mangsana hujan atawa usum hujan, barudak mah kacida pisan raresepna. Nyaéta téa, ngadon huhujanan. Najan keur aya dinu iuh atawa keur di imah ogé, ngadon ngabrit ka luareun imah ngadon huhujanan bari dibubuligir. Lamun kolot mah bélaan ngiuhan dina mangsana kahujanan téh, atawa maké tiung payung tina daun cau dina sakalina kahujanan keur balik ti kebon atawa balik iiditan, barudak mah henteu kahujanan ogé maksa hayang huhujanan. Komo deui lamun kahujanan mah beuki resep waé huhujanan. Pikeun kolot, teu bisa kumaha, da anu geus jadi pangaresep mah susah dihulagna. Nya paling ogé nalingakeun jeung ngelingan. Nalingakeun ulah kamalinaan, ngelingan ulah lila teuing. Lamun geus lila mah gera ampih ka imah, gera mandi beberesih, tuluy disimbut bisi katirisan.

Da lamun lila teuing huhujanan mah bisi kabulusan. Ditambah deui lamun hujanna gedé mah apanan osok aya gelap atawa guludug ngageleger, matak pikasieuneun. Lamun hujanna gedé pisan mah da barudak ogé biasana mah sieuneun komo lamun kudu lila-lila huhujanan mah.

Kunaon Undur-undur Bet Mundur


Saha atuh anu teu apal kana sato anu ngaranna undur-undur. Anu resep ngupuk mah, pasti apal ka satu anu ieu. Sato anu osok nyieun imah dina taneuh bari anu wangunana legok. Imahna anu legok téh ampir sarua reujeung aseupan, buleud jeung mancung ka handap. Sedengkeun undur-undurna mah tara katempo di  tempat anu ngalegokna, da osok nyumput dinu taneuh di deukeuteun tempat anu legokna.

Undur-undur osok dipaké hareureuy ku barudak mah. Heureuyna téh nyaéta dijadikeun eupan pikeun ngala undur-undur anu lianna. Lamun meunang hiji undur-undur, osok ditalian pas belah beuheungna make tali anu leutik. Terus éta undur-undur téh diteundeun dina imah undur-undur anu tacan diala undur-undurna. Teu lila biasana mah éta undur-undur nu ditalian téh osok mundur asup kana jero imah undur-undur anu acan diala téa. Diantepkeun sina ka jero taneuh. Saterusna kakara tali éta undur-undur téh ditarik. Lamun keur alus mah, undur-undur anu jadi eupan téh osok maunangkeun undur-undur anu imahna diasupan ku éta undur-undur.

Liang atawa imah undur-undur
Aya hiji hal anu tetep jadi kahémeng ngeunaan undur-undur ieu. Anu jadi pananya téh nyaéta kunaon undur-undur bet mundur. Dina ‘leumpangna’, undur-undur mah lain maju ka hareup, tapi kalahka mundur ka tukang. Naha nya…? Waktu keur sakola mah, pernah maca buku anu nalungtik ngeunaan undur-undur ieu. Ngan teu pernah dibaca nepikeun kan tuntasna. Da kaburu dijadikeun gogoncangan reujeung babaturan. Jadi tatarucingan, Naha undur-undur majuna mundur? Padahal apanan euweuh anu majuna mundur. Aya ogé anu mundurna mundur, atawa majuna maju.

Jadi, ngeunaan ieu masih kénéh jadi kapanasaran….

Mangga Ka Lebet


Geus jadi kabudayan, anu ngaranna sémah mah osok diangkir ka jero imah. Piraku waé aya sémah diantepkeun di buruan atawa di golodog mah. Pikeun ngaragangan jeung ngajénan sémah, anu mimiti diucapkeun téh apanan kekecapan “Mangga ka lebet.”

Sanajan teu kabéh sémah osok daékeun ka jero imah, tetep waé da ka sémah mah kudu soméah atawa daréhréh. Naha arék daékeun diangkir ka jero imah atawa henteu (nungguan di buruan ku sabab perluna ngan ukur sakeudeung).

Dina hal nganggir sémah ku kecap Mangga ka lebet, pikeun anu resep heureuy mah embungeun di titah ka lebet téh. Babasaanana téh cenah, embung ah loba reungit di Lebet mah.

Aya benerna ogé, di Lebet mah loba reungit.

Rungkun awi di Lebet

Lebet téh lain ngan ukur miboga harti jero imah. Di lembur mah anu ngaranna lebet téh salian ti ngaran jero imah, ogé mangrupakeun ngaran tempat anu perenahna di sisi leuweung. Éta patempatan téh dipinuhan ku tutuwuhan kayaning rungkun awi jeung tatangkalan séjénna. Ngan lolobana mah rungkun awi, hususna awi tali.

Jadi lamun dititah ka lebet téh kudu jelas heula, lebet anu mana. Lamun lebetna téh jero imah mah, nya tangtuna ogé daékeun. Tapi lamun dititah ka lebetna téh ka leuweung awi, kudu mikir heula. Sanajan euweuh sato ganggas, tapi da anu ngaranna reungit leuweung mah tangtuna ogé bakal napuk kana awak.