Wilujeng Boboran Siam 1436 H


Wilujeng boboran siam 1 Syawwal 1436 H
Wilujeng boboran siam 1 Syawwal 1436 H

Lebaran di Lembur


Poéan anu dianti-anti, ahirna mah datang ogé. Sanggeus salila sabulan campleng ngalakonan puasa, ditumbu ku takbiran sapeuting jeput, poé lebaran téh kasampeur. Poé anu agung, poé anu dianti-anti ku sakabéh jalma anu puasa, poé anu jadi tanda beresihna jalma anu puasa tina sagala kokotor dosa.

Isuk-isuk kénéh jalma-jalma geus sariap sadia, marandi diteruskeun ku sarapan jeung dangdan maraké pakéan anu pangalusna (naha pakéan anu anyar atawa pakéan urut anu pangalusna). Sanggeus siap sadia, terus indit ka lapangan di hareupeun masigit, tempat di mana dilaksanakeunana solat ‘Id. Teu leupas diiringan ku sora Takbir anu ngaaweuhan tina Toa, jalma-jalma ngarumpul di lapang. Sanggeus nincak haneut moyan, acara Lebaran dimimitian. Di mimitian ku sambutan ti Bapa Ketua DKM jeung Bapa Kepala Dusun, diteruskeun kana ngalaksanakeun solat ‘Idul Fitri. Sanggeus solat, diteruskeun kana Hutbah ‘Id.

Sasalam beres solat 'Id

Réngsé kabéhanana, diteruskeun kana sasalaman diantara jalma-jalma anu hadir. Nguriling ti hareup nepikeun ka tukang, sasalaman. Sasalaman anu jadi tanda silih lubarkeunana dosa diantara papada jalma. Dosa-dosa anu dihaja katut anu teu dihaja, antara budak reujeung kolot, antara salaki reujeung pamajikan, antara tatangga reujeung tatangga, dilubarkeun ku jalan sasalaman. Aya anu ngadon ceurik, rembeng cimata, aya ogé anu ngadon heureuy.

Bubar tina sasalaman, langsung baralik disambung ku silaturahmi ka tatangga anu teu bisa hadir ka lapang tempat solat ‘Id.

Hapit, Bulan Diantara Dua Bulan Anu Agung


Mundur heula ka tukang, Kabeneran ayeuna téh acan nincak kana bulan Rayagung. Bulan naon atuh ayeuna téh…?

Pikeun jalma anu apal kana ngaran-ngaran bulan dina basa Sunda mah, ngaran bulan ayeuna téh nyaéta bulan Hapit.

Bulan Hapit…?

Naha bet disebut bulan Hapit?

Ceuk béja ti kolot mah cenah, sababna dingaranan bulan Hapit téh kusabab ieu bulan téh aya dina antara dua bulan anu agung, nyaéta bulan Sawal jeung bulan Rayagung. Jadi Hapit téh bisa jadi nuduhkeun kana bulan anu kacapit, kacapit ku dua bulan anu agung. Sakumaha anu dipikanyaho ku urang, dina bulan Sawal (bulan saméméh Hapit) aya poéan ‘Idul Fitri sedengkeun dina bulan Rayagung (bulan satutasna Hapit) aya poéan ‘Idul Adha.

Kalender Bulan Hapit

Jadi, éta sababna bulan ayeuna disebut bulan Hapit téh.

Wilujeng Boboran Shiam


Wilujeng Boboran Shiam 1 Syawwal 1431 H

Sabulan campleng urang manteng,
Anu gawe atawa ngadon ngedeng,
Ngambah sagara lain na impleng,
Dibarung ku rasa keyeng,

Jog anjog ka pajaratan,
Seja mungkas bakal lekasan,
Ninggalkeun sagara pangbuian,
Ngambah hirup nu anyaran,

Tungtung nu ditunggu-tunggu,
Ayeuna geus henteu di ditu,
Isukan mangsa nu tangtu,
Bakal manggih poe anu kembu,

Teuteup bareubeu bungah sedih,
Ngahiji na dada ngalindih,
Sakeudeung deui bakal patebih,
Jeung lalakon beberesih,

Rasa bungah sugan jadi tanda,
Lubarna sagala dosa,
Pungkasna beresih tanpa ceda,
Mapag poe kalawan sampurna,

Ngan hiji nu dianti-anti,
Rasa sedih lain sajadi-jadi,
Susuganan ngajadi ciri,
Taun hareup panggih deui,

Ceramah Subuh Poé Kaopat: Ganjaran Pikeun Jalma Anu Puasa


Singsaha jalma anu ngalaksanakeun puasa dina bulan Romadon anu didadasarnan ku iman jeung miharep Rido Allah, mangka éta jalma bakal dihampura sagala dosana anu geus kaliwat.

Éta téh mangrupakeun salasahiji hadis ti Nabi Muhammad anu ngajelaskeun ngeunaan kamulyaan puasa dina bulan Romadon. Nurutkeun éta hadis, jalma anu ngalaksanakeun puasa dina bulan Romadon téh bakal meunang panghampura tina sagala dosana anu geus kaliwat. Ngan saratna, éta jalma dina ngalaksanakeun puasana téh kudu didadasaranan ku dua hal, nyaéta karana iman jeung miharep rido Allah wungkul. Jadi dina ngalaksanakeun puasa dina bulan Romadon ieu téh, kudu lantaran bogana iman kalawan miharep rido Allah. Lamun dina ngalaksanakeun puasana téh kusabab ngabogaan dua hal éta, jalma anu ngalaksakeunana bakal meunang panghampura tina sagala dosa anu geus kaliwat. Nya ahirna, kaluar tina bulan Romadon téh, dina poéan ‘Idul Fitri, jalma anu ngalaksanakeun puasa téh lir ibarat orok anu kakara gubrag ka dunya, teu ngabogaan dosa saeutik-eutik acan.

Buku Amal Ramadhon

“Cim, manéh mah ringkesanana teh siga anu pabaliut kieu ningan?” Ceuk si Omon anu mukaan Buku Amal si Acim.

“Naon?” Si Acim nyampeurkeun.

“Ieu Buku Amal manéh.” Si Omon nempokeun Buku Amal si Acim anu keur diilikan ku manéhna.

“His, éta nanaonan.” Si Acim gancang ngarebut Buku Amal manéhna. “Ulah ditempoan atuh. Pamali!”

“Naha bet pamali sagala…?” Si Omon nyengir.

“Pokona mah pamali waé.” Témbal si Acim bari neundeun Buku Amal manéhna kana jero kantong manéhna.