Rayagung jeung Hajat Panganténan


Naon pakaitna antara Bulan Rayagung jeung Bébésanan atawa Hajat Panganténan?

Pikeun urang Sunda hususna, duanana aya pakaitna. Kakait anu kacida raketna jeung deukeutna. Loba kolot anu milih ngalaksanakeun hajat panganténan budakna dina ieu bulan. Jadi, pakaitna mah nya dina bulan ieu téh jadi bulan maréma anu hajat panganténan.

Loba jalma (kolot) ngabogaan anggapan ngeunaan alusna jeung agungna bulan ieu. Dina bulan ieu aya poéan anu agung nyaéta poéan ‘Idul Adha, Ibadah Qurban jeung Ibadah Haji. Kusabab kitu teu saeutik kolot anu milih ieu bulan pikeun ngayakeun hajat  panganténan atawa bébésanan. Tujuanana mah supaya meunang barokah dina ieu bulan.

Hajat Pangantenan
Aya anu boga rarancang pikeun ngayakeun hajat panganténan atawa bébésanan? Wilujeng siap-siap waé milih waktu anu alus di bulan Rayagung anu sakeudeung deui bakal kasorang.

Rayagung, Bulan Raya anu Agung


Nilik kana ngaranna ieu bulan, bulan ieu téh nyirikeun jadi bulan anu agung. Malahan mah Rayagung téh mangrupakeun gabungan antara kecap ‘Raya’ jeung ‘Agung’. Jadi nilik kana ngaranna mah, bulan ayeuna téh  mangrupakeun bulan raya anu agung, geus mah bulan raya ditambah deui ku agung. Ngaran Rayagung ieu téh bisa jadi teu leupas tina kaayaan bulan anu dijerona aya Ibadah Haji jeung Ibadah Qurban.

Bener ogé, dina bulan ieu, umat Islam sakuliah dunya anu ngabogaan kamampuhan jeung kakuatan ngarumpul di dayeuh Mekkah pikeun ngalaksanakeun Ibadah Haji. Jalma anu mampuh pikeun ngaluarkeun ongkos jeung kuat di jalanna, bisa indit pikeun ibadah haji atawa munggah haji ka dayeuh Mekkah.

Salian ti ibadah haji ogé aya deui ibadah anu teu bisa leupas tina ibadah haji, nyaéta meuncit sato sabangsaning domba jeung sapi. Ibadah ieu disebut Ibadah Qurban. Jalma anu mampuh pikeun meuncit sato kurban disaréatkeun pikeun meuncit kurban.

Ku ayana dua pagawéan ibadah ieu, bisa jadi mangrupakeun hiji tanda yén bener bulan ieu téh bulan raya anu agung.

Nabi Ibrohim Ngorbankeun Ismail


Lamun nengetan dina sajarahna, salian ti jaman Nabi Adam, saréat Ibadah Qurban téh mimiti nérékél naék atawa jadi saréat di jamanna Nabi Ibrohim. Sakumaha anu dipikanyaho ku umat Islam (hususna), Nabi Ibrohim dititah ngorbankeun anakna. Nabi Ibrohim meunang paréntah pikeun meuncit Ismail. Lamun nurut kana hawa napsu mah, saha anu daék jeung kongang pikeun ngorbankeun anak sorangan ku jalan dipeuncit. Komo deui Ismail mah mangrupakeun hiji anak anu kacida dipikahayangna, sanggeus Nabi Ibrohim teu boga waé turunan. Sanggeus nyampak atawa geus boga turunan, pék téh dititah ngorbankeun éta budak. Atuh saha anu teu arék nolak. Ngan, Ibrohim jeung Ismail sadar kana paréntahan ti Gusti Alloh éta. Kalawan sadar jeung sadrah, Nabi Ibrohim ngorbankeun Ismail. Dina prak-prakanana, saacanna Ismail dipeuncit, Gusti Alloh ngagentian éta Ismail ku domba. Anu ahirna mah anu dikorbankeun téh lain Ismail tapi domba. Sanajan kitu, hakékatna mah éta téh sarua jeung ngorbankeun Ismail. Nya ti dinya, saréat Ibadah Qurban téh jadi hiji saréat pikeun umat Islam anu mampuh pikeun ngalaksanakeun Ibadah Qurban.